Lead anu nyaritakeun Lead anu ieu mah dipikaresep ku tukang nulis fi ksi carpon atawa novel. Lead déskriptif Lead déskriptif bisa ngaréka gambaran dina pikiran anu maca ngeunaan Lead kutipan Kutipan omongan hiji tokoh atawa narasumber anu jero tur ringkes,

139 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR c. Dipahing pisan ngarasa nyaho kana sagalarupana. Unggal informasi kudu ditanyakeun deui bener henteuna, saméméh dijieun tulisan. Istilah populérna mah chek rechek. d. Lamun tulisan ngamuat hal-hal anu dianggap hésé, kudu yakin heula apal nu sabenerna. Komo anu aya patalina jeung istilah-istilah téhnis nu béda jeung kasang tukang paélmuan anu dipimilik ku wartawan. e. Mun dina tulisan ngagunakeun statistik atawa data-data matématis, wartawan kudu mariksa deui angka-angkana sarta tuluy diitung. Mun wartawan teu paham, tanyakeun heula ka anu leuwih paham. 2. Ejahan jeung ngagunakeun kecap-kecap kudu luyu jeung aturan. Kasalahan citak kudu dijauhan. Jadi tulisan kudu dipariksa sababaraha balikan, teu meunang ngandelkeun éditor. 3. Maké buku padoman. Gunana pikeun nyaragamkeun istilah-istilah sangkan katiténna konsistén dina nyieun tulisan. 4. Ngungkaban kasalahan Sajeroning ngetik, tangtu baé aya résiko salah ngetik kecap atawa maké éjahan. Kadé ulah ngabenerkeun kecap atawa mukaan kamus bari ngetik, lantaran bisa ngaganggu kalancaran nulis. Engké baé lamun geus bérés ngetik kakara dipariksa sakecap-sakecap. Kudu apik dipariksa nepi ka yakin taya anu salah. Dina warta, aya anu disebut lead. Anu disebut lead téh nyaéta paragraf mimiti. Aya dua tujuan dijieunna lead téh: 1. pikeun narik minat anu maca sangkan kataji pikeun nuluykeun macana 2. pikeun ngalancarkeun alur carita. Lead téh modal utama hiji tulisan sangkan éta tulisan dibaca nepi ka tamat. Lantaran, najan caritana hébat, ari lead-na teu matak kataji atawa teu ngahudang kapanasaran mah, éta tulisan bisa ditinggalkeun ku anu macana. Rupa-rupa lead dina tulisan: 1. Lead ringkesan. Eusina inti warta, anu parentingna wungkul. Biasana lead ieu mah dipaké lamun wartawan boga warta bener-bener matak panasaran, nepi otomatis anu maca hayang nuluykeun bacaanana. Lantaran lead ieu mah pangbabarina ditulis, remen dipaké ku wartawan anu keserempek waktu diudag deadline

2. Lead anu nyaritakeun Lead anu ieu mah dipikaresep ku tukang nulis fi ksi carpon atawa novel.

Biasana pikaresepeun anu maca. Téhnikna nyaéta wartawan nyiptakeun suasana sarta ngalibetkeun nu maca jadi tokoh utama. Milu asup kana carita. Hasilna, anu maca bakal terus kabeungkeut ku eusi tulisan. 140 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII

3. Lead déskriptif Lead déskriptif bisa ngaréka gambaran dina pikiran anu maca ngeunaan

tokoh jeung tempat kajadian. Lead modél kieu cocok pikeun nulis profi l pribadi.

4. Lead kutipan Kutipan omongan hiji tokoh atawa narasumber anu jero tur ringkes, bisa

ngeurad nu maca sangkan tuluy maca tulisan. Tapi omat, kutipanna ulah kaluar tina jalur tulisan.

5. Lead pertanyaan Lead ieu bisa épéktif lamun ngahudang rasa panasaran anu maca. Lead ieu

mah ngan saukur taktik, tapi hasilna teu salawasna alus. 6. Lead nunjuk langsung anu maca. Dina lead nu modél ieu mah nu maca langsung ditunjuk ku anu nulis. Biasana ngagunakeun kecap “anjeun”. Lead modél kieu langsung ngajak nu maca asup kana tulisan, nepi ka rasa panasaranana kahudang sarta hayang nuluykeun macana.

7. Lead anu ngagoda Lead anu ngagoda mah biasana pondok jeung énténg. Biasana sok dibarung

ku heureuy. Tujuanana sangkan anu maca ngarasa kataji sarta panasaran hayang nuluykeun bacaanana. 8. Lead nyéntrik Lead modél kieu matak kataji jeung informatif. Gayana has, béda ti nu séjén, sarta bakal ngajak anu maca nganggeuskeun bacaanana. Lead modél kieu mah teu kudu dina wangun kalimah waé tapi bisa ngan ukur sakecap. Upaman nuduhkeun sora.

9. Lead gabungan Loba koran atawa majalah anu ngagunakeun lead gabungan tina sababaraha