74
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
5. Murid anu séjénna ngabandungan anu biantara. Saméméhna dibéjaan
kudu bari nyirian kekecapan anu teu kaharti. Kecap-kecap anu teu kahartina ulah dicirian dina buku teks, tapi disalin kana buku tulis.
6. Mun anu tadi maju murid lalaki, ayeuna giliran murid awéwé. Mun
anu mimiti murid awéwé, anu kadua giliran murid lalaki. Maksudna sangkan katitén bédana gaya nyarita budak lalaki jeung budak awéwé,
najan nepikeun naskah bianatara anu sarua. 7.
Bérés midang dua urang, guru ngajak murid ngadiskusikeun biantara anu tadi. Dipedar naon kakuranganana, naon kaunggulanana, jeung
naon bédana antara biantara murid lalaki jeung murid awéwé.
B. Nyangkem Eusi Biantara
NO KAGIATAN
8. Murid maca pedaran ngeunaan Nyangkem Eusi Biantara. Guru
marengan ngajéntrékeun naon-naon anu dimaksud dian éta katerangan. Kudu jéntré, sangkan murid paham kana maksudna. Pangpangna dina
mikawanoh struktur atawa babagian biantara. Omat ulah diantep murid sina maca sorangan, lantaran sok tara maksimal hasilna.
9. Dina waktu ngajéntrékeun metodeu biantara anu opat, aya hadéna mun
murid sina nyebutkeun gaya biantara pembina dina waktu upacara bendéra. Mana anu kaasup impromtu ngadadak, mana anu ngapalkeun,
mana anu maké naskah, jeung mana anu ékstémporan. Tujuanna sangkan murid bisa langsung niténan dina kanyataan anu kapanggih ku
maranéhna. Tangtu murid mah unggal upacara poé Senén ngabandungan pembina
upacara biantara. Ka hareupna, murid bisa langsung milah-milah metodeu atawa cara pembina upacara nepikeun biantarana.
10. Réngsé niténan naskah biantara nepi ka murid bisa milah-milah
babagianana, guru méré pedaran ngeunaan padika caratatapakan dina waktu biantara langsung hareupeun jalma réa. Ieu padika téh disingget
jadi T-A-G-O-G, nyaéta Teteg sikepna, Alus eusina, Gerak awakna merenah, Omonganna merenah, jeung Gaya nyaritana. Hadéna guru
ngajéntrkeun bari dibarengan ku gerak awak, sangkan murid leuwih paham kana maksudna.
75
Bab II
PITUDUH HUSUS
C. Niténan Biantara
NO KAGIATAN
11. Biantara Mingpin Rapat.
Murid titah maca naskah biantara mingpin rapat anu aya dina buku teks kalawan gemet. Saméméhna béjaan naon baé anu kudu ditéangan
ku murid, salila maca éta naskah. Mun réngsé macana, murid dituyun pikeun migawé pancén.
12. Nyebutkeun babagian biantara. Sangkan leuwih jéntré titénan tabél di
handap
Eusi Biantara Babagianna
Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh Salam bubuka
Bapa Pembina OSIS anu ku sim kuring dipihormat, BapaIbu Guru anu ku sim kuring dipihormat,
Saderek sadaya réngréngan pangurus OSIS anu ku sim kuring dipikacinta.
Pangbagéa kata sapaan
Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedal- keun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung
mungpulung di ieu tempat kalayan séhat wal’afi at. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka
jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Bubuka biantara
Hadirin anu sami linggih, Pangbagéa randegan
Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ku kasumpingan
sadérék sadaya kana rapat OSIS dinten ieu. Peryogi kauninga ku sadayana, pangna urang
ngariung téh nyaéta badé ngabadantenkeun perkawis rarancang kagiatan dina raraga miéling tepung taun
kemerdékaan Indonésia. Sok sanaos ari kana derna acara puncak mah masih kénéh lami, nanging ari
tatahar mah kedah ti ayeuna kénéh. Hadirin anu sami linggih
Acara miéling tepung taun kamerdékaan nagara urang téh saleresna parantos janten agénda rutin di
sakola urang. Unggal taun tangtos baé diayakeun rupi-rupi kagiatan kanggo ngareuah-reuah atanapi
ngaramékeunana. Sapertos taun pengker, urang ngayakeun balap karung, balap bakiak, neda kurupuk,
ngagebug cai, nyandak kaléci dina séndok nu digégél, dugi ka olahraga nu kalebet daria sapertos putsal
sareng maén poli ogé diayakeun. Sanaos teu dipaparin hadiah ogé geuning pamilon atanapi peserta mah
sakitu seueurna. Méh waé teu kalombakeun sadayana, da kasengker ku waktos téa.
76
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
Ku kituna, dina ieu kempelan hayu urang badantenkeun sing asak, kagiatan naon baé nu
bakal dilaksanakeun dina miéling kamerdékaan taun ieu. Naha badé olagraga wungkul atanapi
ditambihan ku kasenian ongkoh. Upamina, dina olahraga, méh resep kumaha upami guru-guru
diajak ngiring janten pamilon, diabenkeun sareng murid. Jigana bakal nambihan ramé. Atuh bilih
badé aya kasenian, tiasa waé dina panungtungna dipungkas ku jaipongan, dance, atanapi karaoké
kawih Sunda. Panginten bakal resep, saparantosna capé ngiringan lomba, dihibur ku kasenian.
Tapi éta mah sakadar ideu, panginten nu pastina mah kin urang badantenkeun langkung paos, méh
sadayana sapuk sarta mupakat.
Eusi Biantara
Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang merenah
kadanguna. Panutup Biantara
Billahi taufi k walhidayah, wassalamu’alaikum
wr.wb. Salam Panutup
Nyaritakeun Eusi Biantara Biantara di luhur téh ditepikeun ku pupuhu OSIS dina rapat OSIS.
Anu hadir dina éta rapat Pembina OSIS, wawakil IbuBapa Guru, jeung réngréngan pangurus OSIS. Dina pamapagna pupuhu OSIS maksudna
ngondang anu hadir kana éta riungan, nyaéta rék ngajak badami pikeun nangtukeun kagiatan naon baé anu bakal diayakeun dina raraga miéling
poé kamerdékaan bangsa Indonésia. Pupuhu OSIS ogé ngusulkeun sababaraha lomba anu bisa diayakeun, ngeunteung kana kajadian
saméméhna. Aya kagiatan anu jenisna olahraga, aya anu kasenian.
13. Tapi pupuhu OSIS gé nandeskeun sakabéh anu ditepikeunanangan
skadar ideu, ari sagala rupa kagiatan anu bakal diayakeun mah kumaha hasil putusan rapat baé.
14. Rakitan Basa dina Biantara
a. Langkung ti payun murwakanti dina sora u b. riung mungpulung murwakanti dina sora u
c. réwu nuhun laksa keti kabingahan murwakanti dina sora u jeung a d. hadirin anu sami linggih murwakanti dina sora i
77
Bab II
PITUDUH HUSUS
15. Murid dibéré pancén migawéna bawaeun ka imah. Pancénna