Maca Biantara BUKU GURU SUNDA KLS 8 2014

73 Bab II PITUDUH HUSUS PANGAJARAN 5 BIANTARA PANGANTEUR Saméméh diajar, perlu ditepikeun naon baé anu bakal diajarkeun ayeuna, sarta kamampuh naon anu dipiharep bakal kacangkem ku murid. Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid paham kana babagian teks biantara, pilihan kecap anu biasa dipaké, mamanis basa dina biantara, bisa nulis naskah biantara, nepi ka prakna biantara hareupeun kelas. KAGIATAN DIAJAR

A. Maca Biantara

NO KAGIATAN 1. Pikeun museurkeun panitén murid kana pangajaran anu rék ditepikeun, guru nyetél VCD atawa laptop nu disambungkeun kana infocus midangkeun anu keur biantara. Hadéna mah rékaman biantara tokoh- tokoh anu geus sohor. Malah mun aya mah rékaman biantara Bung Karno. Barudak diajak ngoméntaran gaya nyarita unggal tokoh anu aya dina rékaman. 2. Mun geus tamat ngalalajoan conto biantara paratokoh, ayeuna setél rékaman biantara barudak SMP dina waktu pasanggiri, boh tingkat kabupatén boh tingkat provinsi. Hal ieu kacida pentingna, sangkan murid bisa ngabédakeun gaya nyarita kolot jeung barudak saumurna. Salila lalajo, guru ngajak murid ngoméntaran rékaman biantarana. 3. Saméméh kana pangajaran poko, diskusikeun heula hasil panitén kana rékaman tadi. Murid dibébaskeun nanya naon waé anu patali jeung rékaman. 4. Réngsé diskusi, murid sina niténan naskah biantara paturay tineung anu aya dina buku teks. Mimitina sina dibaca jero haté. Mun geus tamat maca jero haté, ayeuna ditunjuk saurang murid sina macakeun biantara ieu hareupeun kelas. Bisi patuduh-tuduh, cara nitahna ku nanyakeun tanggal penting. Upamana, miéling poé pahlawan tanggal sabaraha? Jawabanna tanggal sapuluh november. Murid sina ngitung, boh ti hareup heula, ti tengah heula, boh ti tukang heula. Meneran nu ngitung nomer sapuluh sina maju, macakeun naskah biantara. Nu maca dituyun sina nurtan gaya nyarita anu tadi dilalajoan dina rékaman téa. 74 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 5. Murid anu séjénna ngabandungan anu biantara. Saméméhna dibéjaan kudu bari nyirian kekecapan anu teu kaharti. Kecap-kecap anu teu kahartina ulah dicirian dina buku teks, tapi disalin kana buku tulis. 6. Mun anu tadi maju murid lalaki, ayeuna giliran murid awéwé. Mun anu mimiti murid awéwé, anu kadua giliran murid lalaki. Maksudna sangkan katitén bédana gaya nyarita budak lalaki jeung budak awéwé, najan nepikeun naskah bianatara anu sarua. 7. Bérés midang dua urang, guru ngajak murid ngadiskusikeun biantara anu tadi. Dipedar naon kakuranganana, naon kaunggulanana, jeung naon bédana antara biantara murid lalaki jeung murid awéwé.

B. Nyangkem Eusi Biantara