Kawih Mojang Priangan Medar Eusi Kawih

22 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 35. Diskusi anu katilu, giliran kelompok lima jeung genep anu maju, ngawihkeun jeung macakeun hasil paniténna kana kawih Ka Bulan. Sarua kagiatan ieu ogé ditungtungan ku diskusi kelas. 36. Kelompok lima jeung kelompok genep babarengan nyindekkeun hasil diskusi.

4. Kawih Mojang Priangan

NO KAGIATAN 37. Murid kelompok tujuh jeung dalapan diperenahkeun pikeun nalungtik jeung medar kawih Mojang Priangan. Jiga kelompok séjénna, kelompok ieu ogé diukna ulah dideukeutkeun. 38. Guru nyontoan ngawihkeun atawa nyetél kasét kawih Mojang Priangan. 39. Murid kelompok tujuh jeung dalapan diajar kawih Mojang Priangan nepi ka bisana. 40. Murid néangan kecap-kecap anu teu kaharti dina kamus: 1. ngagandeuang hartina angkat gagah bari léng kahna rada panjang jeung beungeut rada tanggah. Larapna di kalimah: a. Itu Bapa Lurah mapahna mani ngagandeuang. b. Ibu geulis téh mapahna ngagandeuang matak resep nu ningali. 2. karingrang hartina risi, hariwang, salempang; karingrang. a. Resep ningali Polwan, mun leumpang téh bangun taya karingrang. b. Kudu loba sabar jeung sukur méh hirup taya karingrang. 3. larak-lirik hartina kecap pagawéan nénjo ka gigir ku jalan siki mata digilerkeun a. Abong nu geulis, larak-lirikna éstu matak deungdeuleueun. b. Naha jelema téh ti tadi ngan larak-lirik waé, wawuheun kitu? 4. nyari hartina ngarasa sarina, nga rasa sarian a. Karang dina pipina kalah nambahan nyari waé. b. Pasakanna karasa nyari, abong lulusan tataboga. 5. diraksukan hartina dibaju, maké baju a. Kulit bodas diraksukan pulas héjo, mani cahayaan. b. Raksukan batik téh has ti Indonésia. 23 Bab II PITUDUH HUSUS 40. 6. lenjang hartina potongan awéwé jangkung-leutik jeung badanna ngeusi; sok disebut ogé lampanyat, langsing a. Anu awakna lenjang mah dibaju naon waé ogé teu weléh pantes. b. Ibu kapala téh anu salirana lenjang. 7. dénok hartina ukuran geulis di pasisian a. Néng Idah téh Si Dénok ti lembur Pasirpiring. b. Abong nu dénok, matak resep nu ningali. 41. Téma kawihna nyaéta kageulisan mojang Priangan Sunda nu teu aya bandingna. 42. Purwakanti dina kawih nyaéta: a. angkat ngagandeuang murwakanti dina sora a b. taya karingrang murwakanti dina sora a c. sinjang dilamban murwakanti dina sora a d. mojang priangan murwakanti dina sora a e. imut lucu murwakanti dina sora u f. lirik nyari murwakanti dina sora i g. rarat keupat murwakanti dina sora a h. mojang priangan murwakanti dina sora a i. diraksukan kabaya murwakanti dina sora a j. nambihan cahayana murwakanti dina sora a k. dangdosan sederhana murwakanti dina sora a l. mun disanggul ayu murwakanti dina sora u m. disinjang lenjang murwakanti dina sora a n. dierok dénok murwakanti dina sora o 43. Eusi kawih Mojang Priangan téh nyaritakeun kumaha geulisna Mojang Sunda. Tina leumpang, tina imut nepi ka ngarérétna, éstuning taya kacawadna. Mun ceuk babasan mah geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Maké kabaya jeung disanggul, beuki bijil cahayana. Maké erok ogé beuki kaciri dénokna. Cindeknna mah dibaju kumaha baé teu weléh payus, matak resep nu ningalina. 44. Réngsé migawé pancénna, kelompok tujuh jeung dalapan ka hareup bagilir ngawihkeun jeung ngalaporkeun hasil paniténna kana kawih Mojang Priangan. Kagiatan anu ieu ogé sarua ditungtungan ku diskusi kelas. 24 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII

D. Pancén