Sisindiran Baduy Jero Sisindiran baduy Luar Sisindiran Bratakoesoema Sisindiran Gondang

159 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR dijieun dina jaman munding masih jadi lambang status hiji jalma. Lian ti éta, aya deui sisindiran anu nuduhkeun waktu dijieunna, nyaéta: Melak jarak jeung kaliki, diatur di sisi jalan, keur harak sagala beuki, paré batur dikunjalan. Jéntré pisan ieu sisindiran dijieun dina jaman Jepang, jaman masarakat urang dipaksa melak jarak jeung kaliki. Jaman harita gé paré hasil tatanén patani téh diakutan kabéh, nepi ka rayat katalangsara kurang dahareun. Kecap keur harak sagala beuki, ngagambarkeun watek penjajah Jepang harita. Mun niténan kana sisindiran anu dicutat di luhur, bisa dicindekkeun, sisindiran téh lain ngan sakadar omong kosong, tapi ngandung makna anu tangtu. Dina nulisna, lain ngan saukur nyaimbangkeun cangkang jeung eusi tina jihad padeukeutna sora wungkul, tapi ogé tina jihad kasaimbangan suasana anu digambarkeun dina cangkang jeung eusi. Wangun sisindiran kacida dipikaresepna ku masarakat Pasundan. Lain ngan wungkul hirup di sakabéh wewengkon nu aya di tatar Pasundan, kaasup di Baduy, tapi ogé dipaké dina rupaning jenis kasenian. Upamana dina wayang golék, réog, calung, kliningan, tembang, jsb. anu ditepikeun dina rupa-rupa lagu. Malah ku Caraka Sundanologi mah dipidangkeunna henteu bari dikawihkeun. Pikeun ppangeuyeub-euyeub matéri, dipidangkeun sababaraha conto sisindiran:

1. Sisindiran Baduy Jero

Hook teuing kebon kangkung, baréto ngalémbok héjo, kiwari ngaléang baé, hook teuing ka nu jangkung, baréto harémpoy émok, kiwari ngolémbar baé. Tikukur turun ku ribut, pegat talina ti leumpang, catang ceuri nutug leuwi, sapupur satiyung simbut, megat-megat kami leumpang, ceurik nuturkeun pandeuri. Panjang tanjakan ka Sajra, bungbulang parumpung peusing, kembang séréh hanjeroan, 160 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII nu nganjang kahaja-haja, mun dék pulang meungpeung peuting, bisi téréh kanyahoan. Na karinding kaung hideung, kalapah kaung saéran, pucuk pulus dilulunan, kasungka tali manjangan, kasungka pamali jagat, awi wuwung pirakiteun, ngirim tineung ka nu hideung, talatah ka nu saurang, sugan tulus lalamunan, teu suka teu dianjangan, lamun suka dijajaga, lamun burung pisakiteun.

2. Sisindiran baduy Luar

Bulinggis Gunung Palénjo, Gunung Karang panindihan, nu geulis teu bisa ngéjo, kéjo wadang digigihan. Ingkut-ingkut tujuh li, carang-carang lima belas, isuk-isuk nungkup tuur, mikiran nya mahal béas. Susukan jalan cileuncang, dipéngkong dikakolongkeun, isukan urang rék leumpang, pacuan ulah ngomongkeun.

3. Sisindiran Bratakoesoema

Mihapé sisir jeung minyak, kadé kaancloman leungeun, mihapé pikir jeung niat, kadé kaangsonan deungeun. Koléang kalakay pandan, amismata di susukan, soréang lain teu hayang, cimata geura susutan. 161 Bab IV BAHAN PANGJEMBAR Cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa, lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa. Peupeujeuh ari ka dayeuh, meuli kupat jeung goréngan, peupeujeuh ari geus euweuh, ulah gupat kagoréngan.

4. Sisindiran Gondang

Jeruk paséh pipir balé, ulam peueut iwung bitung, nu kasép calik di balé, baeu disaur ka lisung. Ngala supa di Jumaah, ditalian ku sampora, neda suka neda maap, kuring arék amit nyora. Juragan nu ngajul jeruk, kuring anu ngadéngdéngan, juragan ulah rék giruk, kuring anu ngagandéngan. Merak rambay di Pakuan, tutunggangan widadari, munding tilu hirup deui, midangdam henteu karuhan, rék ceurik ka teu-teu ari, seubeuh hirup nimu deui. Ngala supa di Jumaah, diwadahan na téténong, neda suka neda maap, urut kuring loba omong.

5. Sisindiran Kiai Kurdi