17
Bab II
PITUDUH HUSUS
2. Kawih Sabilulungan
Pancén kelompok tilu jeung opat NO
KAGIATAN
19. Murid kelompok tilu jeung kelompok opat diperenahkeun pikeun
nalungtik mesék kawih Sabilulungan. Sarua ieu ogé diukna ulah padeukeut.
20. Guru nyontoan ngawih atawa nyetél kasét kawih sabilulungan sababaraha
balikan.
21. Murid anggota kelompok tilu jeung opat diajar ngawih kawih sabilulungan
nepi ka bisana.
22.
Murid néangan kecap-kecap anu teu kaharti dina kamus sarta dilarapkeun kana kalimah:
1. sabilulungan hartina sapapait-samamanis, silih tulungan dina pa reng
meunang kasusah, sahaté, satujuan, sauyun an, saka-suka saka- duka, babarengan dina keur suka-duka.
Larapna dina kalimah: a. Jeung babaturan téh kudu sabilulungan.
b. Masarakat Désa Ciasem sabilulungan dina ngalaksanakeun program pamaréntah.
2. genténg hartina tapak bedog nu dikadék-kadék keun kana kai nu teu diteruskeun atawa teu dianggeuskeun nepi ka palebah tapak bedog
dengkéngaya tapak ngageret urut meungkeut tarik teuing. Larapna dina kalimah:
a. Pigeulang leungeunna genténg urut karét geulang. b. Suku korsi genténg tapak ngadékan budak.
3. tohaga hartina dibasakeun kana wawangunan anu kuat pisan nepi ka umurna bisa lila pisan upamana sasak jambatan jeung gedong
a. Wangunan Candi Borobudur tohaga pisan. b. Jalan tol di tengah laut di Pulo Bali, kacida tohagana.
4. rohaka hartina pohara a.
Mani rohaka nyieun imah téh, lega-lega teuing.
b. Wangunan Stadion Siliwangi gedéna rohaka pisan. 5. teguh hartina kukuh, kuat, teteg haté
a. Sing teguh nyekel prinsip hirup, ulah babari kabawa ku sakaba- kaba.
b. Teguh nyekel pamadegan pikeun ngahontal maksud
18
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
6. tanggoh hartina tagen, wani jeung sanggup a. HéndrawanMohammad Aksan tim ganda bulutangkis
Indonésia anu pangtanggohna. b. Evan Dimas pamaén bola u-19 anu tanggoh.
7. perbawa hartina bawana hiji barang, boh mawa hadé atawa mawa goréng, sok disebut ogé pribawa at. prabawa.
a. Perbawa sial, datang ka sakola kalah kabeurangan.
b. Perbawa ucing bulu hiris téh cenah sok babari kana rejeki.
8. sajiwa asal kecapna jiwa, hartina lelembutan nu ngancik di badan jelema jeung sasatoan, nyawa nu hirup, lelembutan anu hirup
atawa roh. Sajiwa téh mun basa Inggrisna mah soulmate téa. a. Susi jeung Nani mah geus sajiwa, atuda sosobatan ti SD kénéh.
b. Nu geus sajiwa mah pasti satujuan dina miagwé pagawéan téh. 9. segut hartina dibasakeun ka jelema anu hadé dedeganna tur
dangdananna pantes sarta singset a. Budak téh mani segut pisan, komo mun maké jas jeung dasi.
b. Isuk-isuk geus segut, jiga rék indit ka tempat nu jauh waé. 10. singkil hartina dibasakeun kana papakéan jelema anu rék digawé
badag maké calana pokék, dibaju kaos atawa suku calana komprang jeung leungeun baju panjang disérélékkeun
a. Isuk-isuk Mang Didi geus singkil rék ka sawah. b. Poé Minggu masarakat Kampung Rancakandong singkil
gotong-royong ngaberesihan saluran cai. 11. pasalingsingan hartina kahiji pasalia karep atawa maksud, kadua
béda jalan nepi ka teu tepung di tengah jalan. a. Mun jeung batur loba pasalingsingan, bakal nambahan musuh.
b. Sakitu geus jangjian, teu tulus tepung da pasalingsingan di jalanna.
12. sauyunan hartina babarengan bari saniat. a. Hirup mah kudu sauyunan jeung batur, ulah sok aing-aingan.
b. Geura bakal karasa nikmatna mun bisa hirup sauyunan mah. 13. silihpikahéman hartina silikarunya, silipikanyaah
a. Jeung batur sakelas téh kudu silihpikahéman, méh asa loba dulur.
b. Ari jeung dulur kudu akur, silipikanyaah silihpikahéman, ulah sok paséa waé.
14. tulung-tinulungan hartina silihtulungan a. Ulah sok bedegong, jeung batur kudu daék tulung-tinulungan.
b. Komo jeung tatangga mah, kudu daék tulung-tinulungan, sasat batur pangdeukeutna.
19
Bab II
PITUDUH HUSUS
15. kukuh hartina katetepan haté a. Agus mah mun geus milih hiji barang téh mani kukuh, teu
beunang disisilihan. b.
Tékadna kukuh pisan hayang lulus ujian nasional.
16. samakta hartina lengkep, teu aya kurangna a. Pulisi geus samakta pakarangna.
b. Nu rék ka sawah mani samakta mawa pacul, koréd, bedog, jeung arit.
17. teuneung hartina sikep ludeung teu aya karisi, wanian, sok disebut ogé tegér
a. Ari ngarasa bener mah kudu teuneung nyanghareupan masalah naon baé ogé.
b. Anu rék biantara téh kaciri tina léngkahna teuneung pisan. 18. saihwan hartina harti sabenerna: dulur; jelema nu sapaham, satujuan,
sarua karep, sobat, batur ulin. a. Hésé néangan sobat anu saihwan téh.
b. Jeung nu saihwan mah urang téh bisa silibélaan. 19. nanjung hartina darajat atawa milik atawa bagja anu gedé tur
mayeng, jaya. a. Usaha dagang colénakna nanjung pisan.
b. Keur nanjung mah ku batur ogé diajénan. 23.
Téma kawih di luhur nyaéta pentingna hirup sabilulungan
24.
kecap-kecap anu murwakanti dina kawih Sabilulungan nyaéta: 1. gotong-royong murwakanti dina sora ong. Dina sapada kahiji
murwakanti dina sora ong. 2. tohaga, rohaka murwakanti dina sora a
3. perbawa sabilulungan murwakanti dina sora a 4. sadia, sajiwa murwakanti dina sora a
5. singkil ngabasmi pasalingsingan murwakanti dina sora i 6. sabilulungan, sauyunan murwakanti dina sora an
7. sabilulungan silihpikahéman murwakanti dina sora an 8. sabilulungan tulung tinulungan murwakanti dina sora u jeung an
9. sabilulungan kukuh persatuan murwakanti dina sora u jeung an
20
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
25. Eusi kawih Sabilulungan.
a. Pada kahiji: Kawih sabilulungan ngajak ka masarakat Sunda sangkan hirup
sabilulungan, gotong-royong jeung silihrojong keur némbongkeun beungkeutan persatuan. Ku hirup sabilulungan kakuatan rayat
téh bakal leuwih kuat jeung rongkah. Kitu deui mun geus sajiwa, moal aya pacogrégan antara rayat jeung rayat.
b. Pada kadua: Ngajak hirup sauyunan, silihpikahéman, jeung silihtulungan sangkan
beungkeutan persatuan beuki kuat. Rayat bakal raharja sarta samakta samagréng ku pakarang mawa kana sikep teuneung
ludeung enggoning nanjeurkeun kawibawaan.
26. Sabada réngsé, kelompok tilu jeung kelompok opat, giliran ka hareup,
ngawihkeun jeung macakeun hasil paniténna kana kawih Sabilulungan. Kagiatan anu ieu ogé ditungtungan ku diskusi kelas.
27. Kelompok dua jeung kelompok tilu babarengan nyindekkeun hasil
diskusi.
3. Kawih Ka Bulan