83
Bab II
PITUDUH HUSUS
C. Nulis Bahasan
NO KAGIATAN
9. Murid niténa pedaran ngeunaan nulis bahasan anu maké rangkay
karangan. Kitu deui conto karanganana anu judulna Pentingna Ngamumulé Basa Indung, dibaca sing gemet. Guru ngajawab pananya
murid ngeunaan cara-cara nulis bahasan.
Murid dituyun migawé latihan ngalengkepan bahasan. Dina ngalengkepan téh omat kudu bari niténan rangkay karanganana sangkan
paham ka mana arah tulisan téh dibawana. Conto hasil ngalengkepan karangan anu judulna Pangajaran Basa Sunda di Sakola:
1. Basa Sunda di Jawa Barat, diajarkeun ti mimiti SD, SMP, nepi ka
SMA. Dina saminggu téh diajarkeun lilana dua jam pangajaran. Jadi, amprok jeung Guru Basa Sunda di kelas téh ngan sakali
dina saminggu. Béda jeung pangajaran basa Indonésia anu dina samingguna téh aya lima jam pangajaran.
2. Pangajaran Basa Sunda téh sabenerna pikaresepeun. Komo lamun guruna resep heureuy mah, di kelas téh suasana henteu tegang.
Pangresepna lamun diajar pupuh. Saréréa diajar nembangkeun pupuh. Di kelas sok ramé hahaleuangan, jadi tara nundutan. Rupa-
rupa pupuh anu sok diajarkeun téh, tapi anu pangbabarina apal mah pupuh kinanti jeung balakbak. Jigana mah pédah lagamna teu
loba paréasi, nu matak babari apal sotéh. Atawa lamun pangajaran ngadongéng. Sok resep lamun ngupingkeun guru ngadongéng téh.
Dongéngna raramé. Tapi teu resepna mun geus dititah ngadongéng saurang-saurang. Ih, sok geumpeur nangtungna ogé, komo mun
kudu jeung nyarita. Ngadégdég wé pokona mah.
3. Ngan hanjakal, pangajaran basa Sunda téh henteu dirojong ku buku-buku pangrojong pangajaran anu nykupan. Di perpustakaan,
buku, koran, jeung majalah basa Sunda téh saeutik pisan. Malah kétah koran mah teu aya samasakali. Mun majalah mah aya najan
saeutik bari jeung geus hareubeul ogé. Buku-buku ogé saeutik kétah, lamun sakelas dititah maca buku ka perpustakaan téh tara
kabagéan kabéh. Padahal buku basa Sunda téh henteu karandel nya, macana ogé tara lila. Meureun lamun teu karandel mah hargana
ogé marurah. Naha nya carang aya di perpustakaan? Piraku sakola atawa pamaréntah teu kabeulieun mah?
84
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
10. 4. Henteu sakabéh murid resep diajar basa Sunda, da cenah hésé
pisan, leuwih hésé batan basa Inggris. Komo da loba murid anu di imahna teu diajarkeun nyarita ku basa Sunda. Ku kituna, buku-
buku, koran jeung majalah pangrojong pangajaran téh kacida perluna. Lamun loba maca mah jigana diajar basa Sunda téh moal
hésé-hésé teuing.
5. Rupa-rupa tarékah anu dilaksanakeun, boh ku guru boh ku pamaréntah, sangkan barudak ayeuna daék maké basa Sunda. Di
anataran waé ku ngayakeun pasanggiri-pasanggiri nu patali jeung basa, upamana ngadongéng, maca carpon, maca sajak, maca warta,
biantara, jsb. Tapi pan éta mah ngan sakapeung-kapeugeun. Anu penting mah pangrojong anu deukeut jeung bisa dipaké sapopoé.
Contona nya tadi téa, nyadiakeun bacaan anu saloba-lobana anu bisa dibaca iraha baé.
6. Loba anu teu apal, naon mangpaatna diajar basa Sunda téh. Padahal kacida lobana. Lantaran lamun diajar basa Sunda, urang
bisa tuluy miara harta warisan budaya anu jadi idéntitas sélér Sunda. Urang moal éra ngaku urang Sunda lamun bisa basa Sunda mah.
Masarakat Sunda bakal leuwih kuat, moal kaéléhkeun ku sélér séjén anu ngumbara di tanah Sunda, lamun saréréa maraké basa
sunda mah. atuh engkéna, bisa ngawariskeun deui ka turunan nu bakal datang.
D. Nyarungsum Eusi Bahasan