Maca Surat Ondangan Hajat

105 Bab II PITUDUH HUSUS Pami Zahra kin liburan di Subang, urang ngumpul nya, urang ngaliwet bari meuleum lauk nila deui. Laaah meni tos ngaruy kieu hoyong geura am héhéhé..... Sakali-kalieun Néndén ameng atuh ka Bandung, urang shopping sasarengan. Di Bandung mah seueur geura mall téh, teu ngan ukur hiji jiga di Subang. 9. Bagian panutup: Néndén anu geulis anu bageur anu sagalana.......tos heula nya seratna dugi ka dieu heula. Sanés waktos disambung deui. Salam ka sadayana. Dadaaaaaah.... Salam panutup: Sonona, 10. basa anu digunakeun gumantung ka saha anu dikirim suratna. Mun ka babaturan basa loma, mun ka kolot, ka saluhureun, atawa anu dipihormat nya basa lemes. Alusna mah ulah maké basa kasar, najan ka sahandapeun ogé.

C. Maca Surat Ondangan Hajat

NO KAGIATAN 13. Ayeuna dituluykeun niténan conto surat ondangan hajat. Salila maca conto surat ondangan hajat, murid dibébaskeun nanya atawa ngoméntaran kana eusi surat ondangan. Bisa jadi murid geus loba maca surat ondangan hajat di imahna anu béda jeung conto dina buku. Tah kaweruh murid soal éta dipancing sina kaluar, bari itung-itung ngalatih murid wani nyarita jeung nepikeun pamanggihna. 14. Sabada niténan conto surat ondangan hajat nepi ka gemet, murid dituluykeun maca katerangan ngeunaan eusi, babagian suratna, jeung wanguntopografi na. 15. Salila niténan conto surat ondangan, murid sina nyieun catetan- catetan nuliskeun bédana surat resmidines, surat pribadi, jeung surat ondangan hajat. 16. Méméh pangajaran dituluykeun, hadéna aya sababaraha murid sina macakeun hasil catetan-catetanana. Hal ieu pikeun méré gambaran ka nu séjén ngeunaan hal-hal penting anu ngabédakeun éta tilu surat. 106 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 17. Murid séjénna sina ngoméntaran hasil panitén babaturanna tadi. Hadé pisan lamun sakabéh ngoméntaran bari nepikeun pamanggihna séwang-séwangan, nepi ka timbul suasana diskusi kelas. Guru jadi pasilitator salila diskusi lumangsung. 18. Murid migawé latihan anu patali jeung surat ondangan hajat. Jawaban latihanana: 1. surat ondangan hajat kaasup surat pribadi, lantaran eusina ngeunaan kapentingan pribadi anu ngondang. 2. pikeun ngondang dulur, tatangga, kawawuhan, jsb. ngahadiran kana acara hajatan . 3. ti kulawarga Bapa Drs. Suryadinata jeung Bapa Jayadi, SH. keur ka balaréa 4. Lantaran surat ondangan hajat mah ditujukeun ka balaréa, jadi wangunna kudu baku sarta informasina gampang katangkep ku anu dikirim. 5. salam bubuka: Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh 6. Eusi surat: Manawi aya widi ti Gusti Nu Maha Suci, Sim Kuring sakulawargi seja Sukuran Nikahkeun pun anak : Dudu Prawira Sumantri, S.Pd Ka Néndén Déwi Pramanik, S.Pd Dupi tempat sareng waktosna dina : dinten : Senén kaping : 15 Séptémber 2014 waktos : Tabuh 11.00 dugi ka 17.00 tempatna: Gedung Graha Shopia Jl. Otista no. 29 Subang 7. Bagian panutup: Ngaraos bingah nu taya papadana saupami Bapa, Ibu, miwah sadérék sadaya tiasa sumping rurumpaheun dina waktosna, ngadeudeul du’a ka pun anak nu badé ngambah sagara rumah tangga. Kana kaweningan galih salira, langkung ti payun timpah hatur réwu nuhun. Wassalamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh. 107 Bab II PITUDUH HUSUS 8. Basa anu dipaké dina surat ondangan hajat basa lemes 9. anu kudu aya dina surat ondangan hajat tapi dina conto di luhur teu disebutkeun: a. tujul surat b. turut mengundang c. acara hiburan

D. Medar Surat