114
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
PANGAJARAN 8
CARITA PONDOK
PANGANTEUR
Guru nepikeun tujuan pangajaran poé ieu nyaéta sabada réngsé diajar ngeunaan carita pondok, dipiharep murid wanoh kana wangun-wangun carita
pondok sarta mikaweruh unsur-unsur intrinsikna téma, palaku, latar waktu jeung tempat, galur, jeung amanat. Lian ti éta, bisa macakeun jeung nulis carita
pondok sorangan.
KAGIATAN DIAJAR
A. Maca Carita Pondok
NO KAGIATAN
1. Guru mimiti ngajéntrékeun pangajaran anu bakal ditepikeun poé
ieu. Lantaran ayeuna pangajaran ngeunaan carita pondok, aya alusna guru ngayakeun apersépsi ku nyaritakeun sacara singget carpon-
carpon anu eusina aralus sarta kungsi meunang panglélér hadiah sastra. Pikeun néangan carpon modél kitu, guru bisa macaan buku-
buku kumpulan carpon atawa antologi, upamana KANAGAN 1, KANAGAN 2, PETINGAN, LIR CAHYA NYOROT EUNTEUNG,
buku kumpulan carpon Aam Amilia, Yus Rusyana, Cécép Burdansyah, Darpan, jsb. Tujuanna mah pikeun museurkeun panitén murid kana
bahan pangajaran anu bakal ditepikeun.
2. Satuluyna murid sina maca bedas carita pondok Duh Indung karangan
Tetti Hodijah. Lantaran carponna kaitung panjang, aya hadéna macana ku sababaraha urang, nyambung. Guru bisa nunjuk murid kalawan
diclékclok. Lamun maca nyambung, alusna salila saurang murid maca, guru nengetan sakumna murid anu teu merhatikeun kana bacaan atawa
heureuy waé. Tah murid anu heureuy ditunjuk pikeun nuluykeun bacaan. Ku cara kitu, murid nu resep heureuy bakal robah jadi daria.
Maca carpon bisa ku limaan atawa genepan nepi ka tamat téh.
115
Bab II
PITUDUH HUSUS
B. Medar Carita Pondok
NO KAGIATAN
3. Pikeun neuleuman eusi carita, sangkan murid bisa babari nyangkemna,
murid sina ngeusian soal latihan pilihan ganda anu aya dina buku cecekelanana. Tapi kudu diomat-omatan sangkan buku cecekelan mah
teu meunang dicurat-corét. Jadi jawabanana bisa ditulis dina buku tugas.
4. Jawaban pikeun nyarungsum eusi carpon:
1. D 2. B
3. A 4. D
5. C
5. Sabada murid ngeusian soal pilihan ganda, tuluy murid maca pedaran
ngeunaan eusi jeung unsur-unsur intrinsik dina carpon Duh Indung. Unsur intrinsik anu ditéangan nyaéta:
1. Galur carita runtuyan kajadian dina carita 2. Palaku utama jeung palaku panambah nyaéta anu ngalalakon dina
carita 3. Watek palaku nyaéta pasipatan palaku anu kagambar dina carita,
poh tina déskripsi paripolahna boh tina omong-omonganana.
4. Settinglatar waktu jeung tempat lumangsungna carita 5. Témajejer carita nyaéta pasualan poko nu jadi bahan caritaan
6. Amanat nyaéta papagah atawa naséhat keur anu maca éta carita
6. Dina bagian b sabada maca carpon, aya pedaran ngeunaan gaya basa
keur ngawangun suasana dina carpon, anu jumlahna ngan dua. Tah anu ieu oogé kudu dibaca ku murid. Guru ngajéntrékeun yén dina karya
sastra remen ngagunakeun gaya basa pikeun ngantebkeun suasana sangkan leuwih karasa ku nu maca. Contona anu dua tadi téa.
7. Réngsé maca nepi ka tamat, guru mancing murid tanya-jawab ngeunaan
eusi carpon jeung unsur-unsur carpon Duh Indung. Alusna mah tuluy mekar nepi ka jadi diskusi kelas.
116
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
C. Niténan Carita Pondok