54
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
g. lantip hartina mariksa kalawan ati-ati, carana lemes h. éléh déét hartina kapaksa ngéléhan
i. balaka hartina terus terang saayana, teu disumput-sumput j. nyingkur hartina nyingkir ka tempat nu sepi, ngajauhan tempat
anu ramé k. wareg hartina seubeuh
l. geuwat hartina gancang, buru-buru m. kasampak hartina keur aya
3. Prakték langsung 4. Langsung kelompok
5. témajejer guguritanana kalakuan budak anu resep ngarempak
aturan sakola 6. Guru wilangan jeung guru laguna:
1. Ka-ca-tur-Ar-man-jeung-An-di 8-i 2. Bu-dak-sa-ko-la-ti-ko-ta 8-a
3. Di-ke-las-ngan-heu-reuy-ba-é 8-é 4. Di-a-jar-sa-ka-ha-yang-na 8-a
5. La-mun-di-pa-pa-tah-an 7-a 6. Ta-ra-i-euh-da-ék-nu-rut 8-u
7. Da-sar-a-dat-na-wang-ke-lang 8-a
3. Guguritan dina Pupuh Mijil
NO KAGIATAN
21. Sabada murid paham kana pupuh sinom, kinanti, jeung asmaradana,
ayeuna diajak niténan pupuh mijil. Saméméh der ngawanohkeun pupuh mijil, guru ngajak murid ngahaleuangkeun pupuh mijil anu
geus dipikawanoh ku balaréa. Upamana:
Mesat ngapung putra Sang Arimbi, Jeung méga geus awor.
Beuki lila beuki luhur baé, Larak-lirik ningali ka bumi,
Milari Kang Rayi, Pangéran
Bimanyu. Saméméh murid apal lagamna mah tuluy baé bulak-balik diajar
nembang. Lamun murid geus apal kana lagamna, engké bakal leuwih babari nembangkeun pupuh nu bakal diajarkeun, najan rumpakana
diganti.
55
Bab II
PITUDUH HUSUS
22. Sabada saréréa apal kana lagamna, tuluy murid diajak niténan rumpaka
guguritan Di Mekah Tepung Silaturahmi. Pancenna perkelompok, unggal kelompok anggotana masih anu tadi baé. Bari sakalian sina nyirian
kekecapan anu teu kaharti. Éta kekecapan anu kapanggih téh sina disalin kana buku tulis, tuluy téangan hartina dina kamus.
1. Katut hartina kabawa, jeungsareng
Larapna dina kalimah: a. Pa Lurah katut padamel kalurahan uleman ka Cisarua.
b. Pa Lurah sareng padamel kalurahan uleman ka Cisarua. 2. Patakon hartina anggeran, watesan
Larapna dina kalimah: a. Nyieun pupuh téh kudu luyu jeung patokanna.
b. Nyieun pupuh téh kudu luyu jeung watesanna. 3. Dedegan hartina potongan awak
Larapna dina kalimah: a. Pa Dadang téh anu dedeganna jangkung gedé.
b. Pa Dang téh anu potongan awakna jangkung gedé. 4. Kataji hartina katarik haté ku omongan manis atawa ku lulucon
Larapna dina kalimah: a. Cariosnanna éstuning matak kataji anu ngabandungan.
b. Cariosanna éstuning matak katarik haté nu ngabandungan. 5. Runtut raut hartina tara paséa, akur
Larapna dina kalimah: a. Jeung babaturan téh kudu runtut raut sauyunan.
b. Jeung babaturan téh kudu akur sauyunan. 6. Tanggoh hartina percaya kana kakuatan sorangan, wani gelut atawa
wani perang Larapna dina kalimah:
a. Muhamad Toha téh pajuang ti Jawa Barat anu tanggoh. b. Muhamad Toha téh pajuang ti Jawa Barat anu percaya kana
kakuatan sorangan. Unggal kelompok titah nunjuk wawakilna sina nyaritakeun eusi
guguritan Di Mekah Tepung Silaturahmi maké basa sorangan. Murid titah nyieun heula konsépna, sangkan basana ngaleunjeur jeung matak kaharti
ku saréréa maksudna. Eusi guguritan Di Mekah Tepung Sulaturahmi téh nyaritakeun kaayaan di tanah Mekah dina usum munggah haji. Jalma ti
rupa-rupa bangsa anu jadi umat Nabi kumpul kabéh di Mekah.
56
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
23. Parajamaah bisa nepungkeun tali silaturahmi, najan béda kulit béda rupa,
teu ieuh jadi halangan pikeun ngantengkeun tali duduluran da puguh tunggal dulur saagama. Jalma anu rupa, dedegan, kulit, jeung pakéan
téh bisa silitanya siliwanohkeun diri. Nu nulis ngarasa bagja jadi umat muslim lantaran loba dulur loba baraya, bisa sosonoan jeung sasama
muslim di sakolong langit saméméh mulang ka alam kubur maot.
24. Anu jadi jejertéma karanganna nyaéta karukunan umat muslim sadunya
dina waktu ngalaksanakeun ibadah haji di Mekah kaagamaan. 25.
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh mijil, titénan tabél di handap
Padalisan Pupuh Mijil
Guru wilangan
Guru lagu
1 Ja-ma-ah-téh-a-sal-bé-da-nag-ri
8 u
2 ti-wé-tan-ka-ku-lon
8 i
3 nag-ri-ki-dul-ka-tut-nag-ri-ka-lér
8 a
4 ru-pa-ru-pa-bang-sa-pa-da-ha-dir
8 i
5 mung-guh-u-mat-na-bi
8 a
6 ka-béh-gé-ka-sa-ur
8 i
26. Babandingan guguritan Budak Bangor jeung Di Mekah Tepung
Silaturahmi, titénan tabél di handap
Babandinganna Budak Bangor
asmarandana Di Mekah Tepung Silaturahmi
mijil
Eusi nyaritakeun kalakuan
budak sakola anu bangor jeung bedegong
bolos ti sakola tapi pamustunganana
kanyahoan ku guru nyaritakeun kajadian di
Mekah dina mangsa munggah haji, dina waktuna umat
muslim saalam dunya tepung dina beungkeutan silaturahmi.
Téma atikan kaagamaan
kecap anu dipakéna
Kecap anu digunakeunna anu biasa dipaké dina
paguneman sapopoé, sarta ngandung harti saujratna
sabenerna sarua, najan ditulisna
béda waktu tapi basa nu digunakeunana basa anu
biasa dipaké dina paguneman sapopoé.
27. Sabada unggal keompok ka hareup nyaritakeun hasil paniténna, guru ngajak
murid diskusi ngeunaan laporan kelompok tadi. Guru mingpin diskusi antar kelompok. Unggal kelompok didorong atawa dibéré kalalauasaan
nepikeun koméntarna ka kelompok séjén. Lantaran gedé kamungkinana dina nyurahan eusi guguritan téh unggal kelompok henteu sarua.
57
Bab II
PITUDUH HUSUS
D. Nulis Guguritan