49
Bab II
PITUDUH HUSUS
C. Nyangkem Guguritan
1. Guguritan dina Pupuh Kinanti
NO KAGIATAN
8. Saméméh mahamkeun guguritan dina pupuh kinanti anu judulna
Bandung Ayeuna , guru nyontoan heula ngahaleuang pupuh kinanti anu geus dipikawanoh ku saréréa. Mun murid geus arapaleun mah
kana pupuhna, sakalian bari diajak nembang babarengan. Upamana: Budak leutik bisa ngapung,
Babaku ngapungna peuting, Kalayang
kakalayangan, Néangan nu amis-amis,
Sarupaning bungbuahan,
Naon baé nu kapanggih. Atawa anu hiji deui:
Kembang ros ku matak lucu Nya alus rupa nya seungit,
Henteu aya papadana, Ratuning kembang sajati,
Papaés di patamanan, Seungit manis ngadalingding.
9. Murid sina maca kalawan gemet guguritan dina pupuh kinanti anu
judulna Bandung Ayeuna. Geus kitu, diajar nembangkeunana. Saréréa kudu nepi ka apal. Salila can apaleun mah tuluy waé bulak-balik
nembangkeun pupuhna. Bisi capé nyontoan, bisa ngagunakeun VCD CD. Malah alusna mah disetél ogé conto pupuh raéhan hasil kréasi
panganyarna, sangkan murid beuki resep diajarna. 10.
Anu jadi jejertéma dina guguritan di luhur nyaéta kaayaan Kota Bandung nu geus jadi salin jinis jadi kota balanja kahirupan sosial.
50
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
11. Sabada arapaleun, murid dibéré pancén pikeun néangan guru lagu
jeung guru wilangan dina pupuh kinanti. Titénan ieu di handap
Padalisan Pupuh Kinanti
Guru wilangan
Guru lagu
1 To-ko-to-ko-pa-ra-ri-nuh
8 u
2 tro-to-ar-heu-rin-ku-par-kir
8 i
3 pa-beu-lit-jeung-nu-ba-lan-ja
8 a
4 pa-hi-but-nu-ba-rang-beu-li
8 i
5 a-du-ta-war-ra-mé-pi-san
8 a
6 ka-sa-wur-ku-so-ra-mo-bil
8 i
Padalisan Pupuh Kinanti
Guru wilangan
Guru lagu
1 So-ra-na-pa-ting-ga-re-rung
8 u
2 ang-kot-pa-beu-lit-jeung-tak-si
8 i
3 ri-weuh-né-ang-an-pa-num-pang
8 a
4 pa-da-pa-da-em-bung-ru-gi
8 i
5 pu-guh-di-u-dag-se-tor-an
8 a
6 ba-lik-ku-du-meu-nang-ba-ti
8 i
Padalisan Pupuh Kinanti
Guru wilangan
Guru lagu
1 Ka-ki-li-ma-eng-geus-pu-guh
8 u
2 wu-wuh-nam-bah-heu-rin-u-sik
8 i
3 mé-mang-ra-os-nu-ba-lan-ja
8 a
4 ta-pi-heu-rin-ka-nu-u-lin
8 i
5 Ban-dung-ko-ta-keur-ba-lan-ja
8 a
6 Ko-ta- Kem-bang-sa-lin-ji-nis
8 i
2. Guguritan dina Pupuh Asmarandana