80
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
PANGAJARAN 6
BAHASAN BUDAYA SUNDA
PANGANTEUR
Guru nepikeun pangajaran anu bakal ditepikeun poé ayeuna nyaéta Saréngséna kaagiatan diajar ngajar, murid paham kana eusi bahasan jeung
mikawanoh rupa-rupa banda budaya Sunda. Lian ti éta, murid bisa nyaritakeun deui eusi bahasan anu dibacana sarta bisa nyieun bahasan anu basajan.
KAGIATAN DIAJAR
A. Maca Bahasan
NO KAGIATAN
1. Guru némbongkeun poto-poto nu patali jeung eusi bahasan dina layar
maké infocus. Upamana poto-poto Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar; modél imahna, saung lisungna, leuitna, bumi ageungna, jeung kaayaan
sabudeureun lemburna. Bisa ditambahan ku video ngeunaan upacara sérén taun anu biasa diayakeun di dinya. Jadi, saméméh maca wacana,
murid geus boga implengan ngeunaan kaayaan di éta lembur. 2.
Salila muter video atawa ningalian poto-poto, murid dibébaskeun nanyakeun naon baé anu patali jeung gambar anu keur dilalajoanana.
Diwangun suasana diskusi bébas pikeun nambahan pangaweruh murid.
3. Réngsé éta, murid mimiti maca bahasan ngeunaan Kampung Gedé
Kasepuhan Ciptagelar anu aya dina buku teks. Sangkan panitén murid museur, sabada kabéh murid maca jero haté, macana dibalikan deui
ku saurang ditarikkeun. Pilih anu sorana béntés jeung macana lancar. Lamun aya lentong jeung ngucapkeun kecap anu salah, geuwat
dibenerkeun sangkan murid apal kudu kumaha ngunikeun kecap atawa kalimah anu aya dina bacaan.
B. Medar Eusi Bahasan
NO KAGIATAN
4. Murid maca pedaran ngeunaan bahasan, anu medar perkara jenis tulisan,
wandawangun tulisan, jeung struktur bahasan. Salila murid maca, guru nuyun bari ngajéntrékeun maksud éta pedaran mun sakirana perlu.
81
Bab II
PITUDUH HUSUS
5. Satuluyna guru ngajéntrékeun cara ngaringkes bahasan. Kadé kudu
pertéla. Upamana, léngkah kahiji baca bahasan nepi ka tamat. Saméméh dicaritakeun dina wangun lancaran, tulis heula poin-poin anu pentingna,
atawa pikiran utama anu aya dina paragraf. Diruntuykeun dinomeran nepi ka panutup bahasan. Lamun geus bérés, kakara poko pikiran éta dihijikeun
jadi hiji tulisan anu ngaguluyur. Lolobana murid dina ngaringkes téh mindahkeun kalimah anu aya diteks sawaréh-sawaréh, bacaan ukur
dipondokkeun, lain dicaritakeun deui maké basa sorangan.
6. Murid migawé latihan kahiji. Jawaban pikeun latihan kahiji nyaéta:
1. Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar perenahna di Kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.
2. Lantaran masih mageuhan tali paranti adat karuhun baheula. 3. Wangunan imah anu aya di Kampung Ciptagelar potongan imah
panggung anu aya kolongan tina bilik kénéh. jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Handapeun panto aya golodog. Wangun suhunanna
lolobana segi panjang jeung juré. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Lanténa tina palupuh.
4. Bahan-bahan matrialna tina awi, kai, batu, jeung eurihinjukdaun tepus.
5. Babagian imahna: tengah imah paranti ngumpulna kulawarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paranti
neundeun béas, jeung dapur paranti masak. 6. Bumi ageung paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu
kudu dibadamikeun. 7. Wangunan paranti ngayakeun hubungan sosial masarakat nyaéta
saung lisung. 8. Upacara nu patali jeung kahirupan hiji jalma: ngandung, ngalahirkeun,
ngubur bali, méré ngaran, nyunatan keur budak lalaki, ngawinkeun, nepi ka maotna.
9. Upacara nu patali jeung tatanén: muka huma ngabaladah, ngaseuk mimiti melak binih, mipit saméméh panén gedé
dimimitain, nganyaran mimiti ngadahar hasil panén, ngadiukkeun ngampihkeun paré ka leuit, jeung ngahudangkeun mun rék
ngagunakeun paré anu geus diampihkeun.
10. Upacara sérén taun. 11. Saméméh ngaseuk biasana sesepuh girang jeung réngrénganana
sok jarah heula ka makam karuhun lembur anu aya di wewengkon Bogor Kidul jeung Banten Kidul, pikeun ngagalantangkeun do’a
amit rék ngamimitian ngabaladah.
12. Ngagotong paré jeung ngagondang
82
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
7. Dina bagéan Ngalarapkeun Kecap kana Kalimah, murid sina niténan
kecap-kecap anu dicondongkeun sarta kumaha larapna dina kalimah. Maksudna mah snagkan murid leuwih paham kana harti kecapna. Bisa
ogé murid titah latihan nambahan nyieun kalimah. Itung-tung latihan nyusun kalimah waé.
8. Sabada maca larapna kecap dina kalimah, murid titah migawé pancén
ngalarapkeun kecap-kecap séjén kana kalimah. Jawaban latihanna: 1. Basa, hartina aya dua: 1.waktusabot, 2.omongan sapopoé tiap-tiap
bangsa. Dina kalimah anu ieu mah ngandung harti waktusabot.
Larapna dina kalimah: a.
Basa kuring keur saré, manéhna nyampeur latihan karinding. b. Kuring keur di pasar kénéh waktu hujan ngagebrét téh.
2. wangunan hartina wujud imah, gedong, saung, candi, kuil, jsb. Larapna dina kalimah:
a. Wangunan Candi Borobudur béda jeung wangunan Candi Prambanan.
b. Bumi Pa Lurah mah anu wangunanna dua lanté. 3. unggah, hartina hanjat, kecap pagawéan nincak ti handap ka nu
leuwih luhur, nété ka tempat nu leuwih luhur Larapna dina kalimah:
a. Dur bedug lohor nu keur ngala lauk di balong unggah ka darat. b.
Bapa unggah ka para rék menerkeun kenténg anu ngolosod.
- Golodog Larapna dina kalimah:
a. Golodog téh mani kotor ku taneuh beureum, pantesna tina
sendal narapel.
b. Soré-soré bari nungguan bedug magrib téh sok ngadaweung dina
golodog. 4. Dijejeran, asal kecapna jejer, hartina kokolot nu dipercaya, jelema
nu jadi pamuntangan saréréa. Dijejeran hartina dicontoan ku kokolot.
Larapna dina kalimah: a. Lamun nganteurkeun pangantén biasana dijejeran ku tukang
nyérénkeun. b. Narima tamu téh dijejeran ku Pa Lurah.
5. Tatanén, hartina molah taneuh, tukang molah taneuh, migawé kebon atawa sawah, sok disebut ogé patani, tukang tani
Larapna dina kalimah: a. Usum hujan biasana alus mun ngamimitian tatanén.
b. Tatanén usum ayeuna mah béak ku hama.
83
Bab II
PITUDUH HUSUS
C. Nulis Bahasan