Tatapakan Formal Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

4 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfl eksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun. 16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa. 17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian BPBDK, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah Kurda. Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, 5 Bab I PITUDUH UMUM terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan gradasina henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna panjang-pondokna, basajan-kompleksna kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina gampang-henteuna.

E. Standar Kompetensi Lulusan SKL