101
Bab II
PITUDUH HUSUS
PANGAJARAN 7
SURAT
PANGANTEUR
Guru nepikeun tujuan pangajaran poé ayeuna nyaéta sabada réngsé kagiatan diajar ngajar, murid bisa mikawanoh wangun surat resmi, surat ondangan hajat,
jeung surat pribadi, ti mimiti struktur suratna, eusina, kagunaanna, nepi ka bisa nyieun suratna.
KAGIATAN DIAJAR
A. Maca Surat Dines
NO KAGIATAN
1. Sabada ngabsén, guru ngayakeun apersépsi nu patali jeung pangajaran
nu bakal ditepikeun poé ayeuna. Lantaran poé ieu mah anu bakal diajarkeun téh perkara surat, guru mawa conto sababaraha surat resmi,
surat ondangan hajat, jeung surat pribadi. Anu bakal matak kataji murid mah tangtu rupa-rupa surat ondangan, lantaran surat ondangan
mah tina wangun nepi ka warna, sok rupa-rupa. Ti nu mahal nepi ka anu murah ogé aya. Jadi guru bisa museurkeun panitén murid kana
pangajaran anu bakal ditepikeun. Bakal leuwih matak kataji deui lamun conto-conto surat téh ditayangkeun dina infocus.
2. Sabada murid niténan rupa-rupa conto surat anu dibawa ku guru, kakara
guru ngajak murid muka buku pangajaran cecekelanana. Dituduhkeun langsung kana pangajaran tujuh ngeunaan surat.
3. Murid dibéré pancén maca surat anu aya dina buku cecekelanna. Nu
kahiji nyaéta surat resmi atawa dines. Sabada murid niténan conto surat, guru ngayakeun tanya-jawab ngeunaan surat anu geus dibacana.
Pangpangna tina wangun, eusi, jeung topografi nulisna. Hal ieu penting pikeun nataran nepi ka mana tingkat pangaweruh murid ngeunaan
surat resmidines.
4. Réngsé tanya-jawab, murid nuluykeun maca kana katerangan ngeunaan
surat. Naon eusina jeung naon babagianna strukturna. Ngaran babagian surat jeung topografi nulisna ogé sina dititénan kalawan
gemet.
102
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
5. Murid migawé latihan anu patali jeung surat dines.
Jawabanana: 1. Surat nyaéta alat komunikasi dina basa tinulis. Surat téh mangrupa
sarana pikeun nepikeun informasi atawa wawaran béja anu ditulis biasana dina keretas ka pihak séjén, boh minangka wawakil
diri boh wawakil organisasi. Informasi atawa wawaran téh bisa mangrupa katerangan, laporan, paménta, gagasan, atawa pikiran
anu rék ditepikeun ka pihak séjén.2. kagunaanna pikeun méré béja ngeunaan hal-hal anu kudu dipikanyaho ku anu dikirimna. Mun
ondangan ngabéjaan waktu jeung tempat nu kudu didatangan.
3. Disebut surat dines lantaran anu ngaluarkeunana hiji organisasi, ditujukeun ka anggota organisasi, sarta eusina ngan wungkul
urusan dines éta organisasi. 4. Titimangsa nyaéta tempat, tanggal, bulan, jeung taun dijieunna éta
surat. 5. Kop surat:
ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH SMP NEGERI Ba
Jalan D. Karatawigenda nomer 31 Bandung 6. Tujul surat:
Kahatur Réngréngan Pangurus OSIS
di Bandung 7. Salam bubuka: Kairing hormat,
Alinéa bubuka: Hatur uninga, dina raraga mayunan acara Pekan Kreativitas Siswa sasih
Séptémber nu bakal dongkap, peryogi dibadantenkeun kagiatan naon waé nu bakal dilaksanakeun.
8. Bagian eusi: Ku margi kitu, sim kuring ngulem sadérék supados hadir dina
gempungan nu badé dilaksanakeun, dinten
: Saptu,
ping : 6 Juli 2014,
waktos : tabuh 12.00 WIB dugi ka réngsé,
tempatna di sekretariat OSIS SMPN Bandung.
103
Bab II
PITUDUH HUSUS
9. Bagian panutup: Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina waktosna.
Hatur nuhun kana perhatosanana. Salam panutup: Kairing salam
10. Lantaran organisasi atawa instansi mah lain bogana sorangan, tapi babarengan jeung réngréngan pangurus. Atuh saluhuruen pangurus,
aya deui anu jadi pangapingpembina, nu tanggung jawab kana sakabéh urusan organisasiinstansi.
B. Maca Surat Pribadi