47
Bab II
PITUDUH HUSUS
B. Mahamkeun Eusi Guguritan
1. Guguritan dina Pupuh Sinom NO KAGIATAN
6. Sangkan paham kana eusi guguritanna mah cukup ku maca pedarna
dina buku murid baé. Di dinya diwincik naon eusina. Kitu deui jejer téma guguritanna.
7. Satuluyna guru nuyun murid ngarucat patokan pupuh, néangan guru
lagu jeung guru wilanganana. Istilah pada jeung padalisan ogé kudu diwanohkeun. Luyu jeung eusi pedaran anu aya dina buku murid. Mun
dina buku murid anu dirucat téh pada kahiji, bisa ditambahan ku pada kadua. Bisa ogé genep padaanna anu aya dina pupuh sinom, dirucat
ku murid. Tujuanana mah sangkan murid diajar cara ngarucat kecap saengang-saengang. Contona:
Padalisan Pupuh sinom
Guru wilangan
Guru lagu
1. ku-ring-wa-war-tos-ka-ba-pa
8 a
2. teu-ki-at-ho-yong-ka-ca-i
8 i
3. sa-ur-ba-pa-ta-han-heu-la
8 a
4. sa-ke-dap-deu-i-gé-du-gi
8 i
5. di-pa-yun-téh-pom-béng-sin
7 i
6. di-d-nya-bi-sa-ta-ru-run
8 u
7. bi-sa-ba-ri-ja-jan-heu-la
7 a
8. nga-da-go-an-ngeu-si-béng-sin
8 i
9. mun-man-jing-mah-bi-sa-ba-ri-lo-hor-heu-la
12 a
Padalisan Pupuh sinom
Guru wilangan
Guru lagu
1. ja-lan-ma-cét-geus-ka-li-wat
8 a
2. Si-A-dé-geus-seu-ri-deu-i
8 i
3. Ma-mah-gé-ha-ha-ri-ring-an
8 a
4. teu-li-la-ne-pi-pom-béng-sin
8 i
5. geu-wat-ku-ring-ka-ca-i
7 i
6. lum-pat-ba-ri-ra-da-ru-suh
8 u
7. a-tu-da-tos-teu-ki-at
7 a
8. ho-yong-ka-ca-i-ti-ta-di
8 i
9. tos-bé-rés-mah-ra-ra-sa-an-ngem-plong-pi-san
12 a
48
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
Padalisan Pupuh sinom
Guru wilangan
Guru lagu
1. sing-get-na-i-eu-ca-ri-ta
8 a
2. ka-a-lun-a-lun-geus-ne-pi
8 i
3. geu-ning-lo-ba-té-tén-jo-an
8 a
4. ra-mé-na-ka-li-wat-sa-king
8 i
5. i-tu-a-ya-K-F-C
7 i
6. Si-A-dé_ma-ni-tu-tun-juk
8 u
7. ji-ga-na-la-par-pi-san
7 a
8. ku-ring-gé-nya-ki-tu-deu-i
8 i
9. nya-mu-pa-kat-sa-ré-ré-a-da-har-heu-la
12 a
Padalisan Pupuh sinom
Guru wilangan
Guru lagu
1. Tos-wa-reg-mah-ja-lan-ja-lan
8 a
2. a-sup-téh-ka-Ma-ta-ha-ri
8 i
3. ba-ju-ma-ni-lo-ba-pi-san
8 a
4. beu-reum-ko-néng-hé-jo-deu-i
8 i
5. és-tu-ning-war-na-war-ni
7 i
6. ma-tak-re-sep-ma-tak-u-ruy
8 u
7. ku-ring-ti-tah-mi-lih-an
7 a
8. ma-na-a-nu-cop-jeung-a-ti
8 i
9. ka-lu-ar-téh-meu-nang-sa-ké-ré-sék-é-wang
12 a
Padalisan Pupuh sinom
Guru wilangan
Guru lagu
1. Pa-so-so-ré-tu-luy-mu-lang
8 a
2. heug-ka-pe-gat-ma-cét-deu-i
8 i
3. ka-ci-da-ma-tak-a-ral-na
8 a
4. u-rut-bu-ngah-ke-sel-deu-i
8 i
5. ja-lan-heu-rin-ku-mo-bil
7 i
6. ma-tak-bi-ngung-nu-ti-lem-bur
8 u
7. bi-a-sa-ja-lan-la-le-ga
7 a
8. nga-lam-an-nu-heu-rin-u-sik
8 i
9. ma-tak-ka-pok-em-bung-nga-du-a-ka-li-an
12 a
49
Bab II
PITUDUH HUSUS
C. Nyangkem Guguritan