Mahamkeun Eusi Kawih BUKU GURU SUNDA KLS 8 2014

11 Bab II PITUDUH HUSUS Turutut tut tut, mobil majuna ngidul Mogok di jalan, radiatorna ngebul Kenékna turun, nyiuk cai di solokan Mobilna nginum, kawas kebo dimandian. 3 Réngsé ngahaleuang babarengan, guru ngajéntrékeun yén ayeuna rék diajar kawih Sunda anu rupa-rupa témana. Tah pikeun kawih anu munggaran, anu bakal disétél téh kawih anu témana kapahlawanan. Tuluy guru nataharkeun alat pikeun nyetél kawih, bisa VCD jeung TV, atawa laptop jeung infokus. Tapi lamun can sadia alat éléktronik, nya wayahna guru kudu nyontoan ngahaleuang kawih “Pahlawan Toha.” Murid sina ngabandungan sing saregep. 4 Lamun murid can apaleun kawihna, pangajaran ulah waka dituluykeun. Terus baé bulak-balik diajar ngawih babarengan. Mimitina sakelas babarengan. Mun murid geus rada apaleun, tuluy dua baris dua baris. Geus kitu tuluy sabaris-sabaris. Ku cara kitu, murid bakal téréh apalna.

B. Mahamkeun Eusi Kawih

NO KAGIATAN 5. Mun murid geus apal kana kawih Muhamad Toha, kakara guru nerangkeun perkara kawih. Teu kudu panjang lébar nu penting murid apal naon ari kawih téh jeung naon baé conto-contona. 6. Sabada murid bisa ngawihkeun kawih Muhamad Toha sarta paham kana naon anu disebut kawih, tuluy sina nengetan teks kawih Muhamad Toha anu aya dina buku teks. Sabada maca gemet, murid titah nyaritakeun eusi kawihna. Teu kudu unggal murid, cukup ditunjuk sababaraha urang pikeun ngawakilanana. 7. Sabada sababaraha urang nyaritakeun eusi kawih, murid migawé latihan hiji. Guru ngaping murid migawé latihanana. 8. Jawaban latihan 1: 1. Kawih anu témana kadaharan: Peuyeum Bandung, Es Lilin, Borondong Garing, Colénak, Kacang Asin, jsb. 2. Kawih anu témana kaéndahan alam: Cinta Nusa, Lemah Cai, Lingkung Lembur, Tanah Sunda, Bandung Lembang, jsb. 12 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 8. 3. Kawih anu témana cinta: Mawar Bodas, Kabogoh Jauh, Kalangkang, Papatong, Teungteuingeun, Kembang Impian, Maribaya, jsb. 4. Kawih anu témana kapahlawanan: Déwi sartika, Karatagan Pahlawan, 17 Agustus 45, Handaru Juang, Invalid Satria Sajati, Bulan Langlayangan Peuting, jsb. 5. Pahlawan Toha téh pahlawan ti Bandung Kidul. Anjeunna ngorbankeun nyawa basa ngahuru gudang mesiu pikeun nyegah éta gudang ragrag ka pihak musuh. 6. Ku gedé-gédéna jasana dina mangsa perjoangan. 7. Lantaran maotna dina keur ngabéla bangsa jeung nagara 8. Sedih, kagagas, reueus aya pamuda anu teuneung ludeung jiga Muhamad Toha 9. Pikeun pangéling-éling kana jasana Muhamad Toha 10. Radén Déwi Sartika 9. Dina latihan dua, guru nitah murid nyirian kecap-kecap anu carang dipaké dina paguneman sapopoé atawa anu teu kaharti ku murid. Bari jeung sakalian titah diajar ngalarapkeun kana kalimah anu béda. Upamana: a. Harti kecap jeung larapna dina kalimah Dina kawih Pahlawan Toha aya sababaraha kecap anu tara pati dipaké dina paguneman sapopoé. Geura urang cutat sababaraha kecap, tuluy urang larapkeun dina kalimah séjén sangkan leuwih paham kana hartina. PAHLAWAN TOHA Getih suci nyiram bumi tulang sétra mulang lemah babakti sungkem pertiwi cikal bugang putra bangsa Nyatana Muhamad Toha pahlawan Bandung Selatan patriot ti Dayeuh Kolot tugu diwangun ngajadi ciri taraté nu mangkak ligar di émpang jadi bukti gugurna pahlawan bangsa 13 Bab II PITUDUH HUSUS 1. sétra hartina beresih , suci, tempat suci, daérah médan perang Larapna dina kalimah: a. Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah. b. Lamun hayang hirup tengtrem kudu sétra pipikiran. 2. Lemah hartina taneuh tempat dijurukeun atawa nagara asal Larapna dina kalimah: a. Indonésia lemah cai kuring. b. Bandung lemah kadeudeuh. 3. cikal bugang hartina cikal nu hiruplanceukna nu pangheulana dijurukeun, maot. Dina kawih mah ngandung harti konotatif. Muhamad Toha dianggap cikal bugang, lantaran pangorbananana ngahuru sumanget pajuang Jawa Barat séjénna pikeun tandang ngalawan nu ngajajah. Larapna dina kalimah: a. Bung Karno téh cikal bugangna bangsa Indonésia. b. Pa Harto cikal bugangna pangawangunan di Indonésia. 4. Patriot hartina... 5. mangkak hartina kembang nu tadina kocop mekarmuka. Larapna dina kalimah: a. Leuh kembang eros beureum keur meumeujeuhna mangkak, mani éndah pisan. b. Kembang samoja mangkak luhur kuburan 6. ligar hartina kembang nu geus muka, nepi ka kekebulna, kukumisanana gagang kekebul di jero témbong; sawaréh kembang ligar sok seungit jeung sok digembrong ku kukupu atawa seungseureudan Larapna dina kalimah: a. Kembang sedep malem mun ligar téh kacida seungitna. b. Samoja keur meujeuhna ligar, kacida éndahna. 7. émpang hartina balong atawa kulah anu gedélega Larapna dina kalimah: a. Wa Haji kamari ngabedahkeun émpangna. b. Empang téh pinuh ku lauk guramé, mani tinggudibeg atak resep nu ningali. 14 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII

C. Medar Eusi Kawih