120
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
E. Nulis Carita Pondok
NO KAGIATAN
16. Dina bagian nulis carita pondok, murid sina maca heula pedaran
ngeunaan cara-cara nulisna. Guru nambahan ngajéntrékeun lamun aya nu teu kaharti ku murid.
17. Guru nuyun murid salila diajar nulis carpon. Pangpangna kudu hantem
ngingetan yén carpon mah béda jeung dongéng najan unsur-unsur intrinsikna mah sarua. Kudu dijéntrékeun yén dina dongéng mah sok
aya unsur nu pamohalan teu asup akal. Upamana, sato bisa ngomong, jelema bisa hiber, bisa ngobrol jeung bulan, jsb.
18. Unsur-unsur intrinsik anu kudu aya:
1. téma 2. amanat
3. palaku utama jeung panambah 4. watek palaku utama jeung panambah
5. latarsetting waktu jeung tempat 6. galur carita runtuyan kajadian
19. Murid maca gemet ngeunaan rangkay karangan, sarta niténan kumaha
carana tina rangkay karangan ditulis jadi kalimah anu lobana saalinéa.
20. Murid latihan nulis carita pondok dumasar kana rangkay karangan anu
geus disadiakeun. Guru nuyun salila murid migawé latihanna.
21. Murid macakeun hasil pagawéanana saurang-saurang ka hareup. Guru
ngondisikeun sangkan sabadana maca téh lumangsung kagiatan diskusi kelas. Unggal murid dirojong sangkan aktip ngoméntaran carpon
beunang nulis babaturanana.
F. Pancén
NO KAGIATAN
22. Murid dibéré pancén néangan carita pondok tina majalah, koran,
atawa internét. Sabada murid manggihan carpon anu dipikaresepna, tuluy sina dibaca, sarta dipigawé latihanna luyu jeung anu aya dina
buku cecekelan murid.
23. Réngsé migawé pancén, murid macakeun hasil pagawéanana saurang-
saurang ka hareup. Murid séjénna meunang ngoméntaran kana hasil laporan babaturanana, sangkan lumangsung diskusi kelas.
121
Bab II
PITUDUH HUSUS
24. Sabada ngawincikngaanalisis carpon karangan batur, ayeuna giliran
murid nulis carpon sorangan. Guru méré pangrojong sangkan murid nulis luyu jeung struktur intrinsik carpon.
25. Lian ti méré katerangan perkara cara nulis carpon, guru ogé bisa
nuduhkeun téma-téma anu alus mun dijieun carpon. Upamana, tina lakawihan, tina catetan poéan, atawa kajadian sapopoé anu kaalaman,
boh ku dirina, ku babaturanna, atawa ku kulawargana.
26. Guru kudu jadi fasilitator murid salila nulis carpon, pangpangna dina
ngahartikeun kecap-kecap anu dianggap hésé ku murid.
27. Lamun tempatna lalega sarta ariuh mah, hadéna salila nulis carpon
murid teu kudu aya di ruangan kelas baé, tapi dibébaskeun bari diuk luareun kelas, naha handapeun tatangkalan anu ariuh, atawa di tempat
anu téténjoanna laluasa, pikeun ngarangsang ideu dina dirina.
28. Lamun teu anggeus harita salila dua jam pangajaran, teu nanaon
pancénna dibawa ka imah. Minimal murid geus meunang judul jeung jejer caritana. Tapi kudu diomat-omatan teu meunang niron tina
carpon anu geus aya atawa dipangnyieunkeun ku batur. Guru kudu bisa ngabédakeun carpon beunang nulis murid jeung carpon beunang
nulis batur.
29. Minggu hareupna guru nagih pancén nulis carpon téa. Unggal murid
sina macakeun carpon karanganana hareupeun kelas. Anu dipeunteun cara macana heula. Lentongna, ngucapkeun kecapna, sorana béntés
henteuna, jeung réngkak polahna salila macakeun carpon téa.
30. Murid séjénna dirojong sangkan ngoméntaran cara maca babaturanna.
Bisa dituluykeun jadi diskusi kelas.
31. Carpon anu geus dibacakeun, dikumpulkeun, pariksaeun guru. Kadé
guru kudu daék ngoméntaran kana karangan murid téa hiji-hiji, sangkan murid bisa kamotivasi nulis leuwih hadé deui.
122
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
PANUTUP
Guru jeung murid ngadiskusikeun hasil kagiatan anu geus dipigawé poé ieu. Guru ngaévaluasi pancén-pancén murid anu geus dipigawé di imah. Kudu
dipedar sing jéntré, pangpangna sok aya murid anu teu nyieun karangan sorangan tapi sok dipangnyieunkeun atawa mawa carpon karangan batur anu geus dimuat
dina média massa. Palebah dieu guru kudu telik. Guru jeung murid babarengan nyindekkeun matéri anu geus ditepikeun.
123
Bab III Bab III
Pituduh
Meunteun
124
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal KKM