Maca Warta Medar Warta

36 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII PANGAJARAN 2 WARTA PANGANTEUR Warta téh jaman kiwari mah geus jadi lalab sapopoé. Komo sanggeus média éléktronik jeung internét nyebar ka suklakna-ka siklukna mah. Hiji kajadian di tempat anu jauh, bisa harita kénéh kanyahoan ku anu séjén ngaliwatan média éléktronik jeung internét. Ku kituna, kaparigelan nulis warta sangkan teu nimbulkeun balukar anu negatif, kacida perluna. Dipiharep murid bisa nulis warta anu proporsional, informatif, nyumponan padika-padika nulis warta anu bisa ngahudang minat anu maca, sarta méré pangaruh hadé ka balaréa. KAGIATAN DIAJAR

A. Maca Warta

NO KAGIATAN 1. Sanggeus panitén murid museur ka guru, kakara guru nepikeun tujuan pangajaran ayeuna. Dina pangajaran dua, murid bakal diajar mikawanoh warta. Sanggeus diajar ngeunaan warta dipiharep murid bisa mikawanoh wangunna, mahamkeun eusina, néangan rumusanna, nepi ka nulis wartana. Keur warta anu dina televisi mah dipiharep murid bisa macakeunana kalawan hadé. 2. Pikeun ngahudang karesep murid kana ieu pangajaran, aya hadéna guru macakeun sababaraha warta pondok anu dimuat dina koran atawa majalah poé éta. Lian ti éta, tambahan ku nyaritakeun eusi warta anu isuk-isuk ditepikeun ku televisi swasta kasohor anu husus ngalaporkeun warta. Pilihan anu ramé, pikaresepeun, ngahudang rasa sosial, sarta gedé mangpaatna pikeun nambahan pangaweruh murid. 3. Sangkan murid milu aktip, guru ogé bisa nitah murid macakeun salasahiji warta anu tadi dibawa téa. Cara nunjuk muridna bisa ku cara kieu: Ayeuna tanggal sabaraha? Upamana tanggal 20. Sok ayeuna ngitung dimimitian ti kénca, nu itunganna pas 20, luyu jeung tanggal poé ieu, ka hareup macakeun warta Engké deui bisa ku nanyakeun poé dibabarkeunna R.A. Kartini atawa Rd. Déwi Sartika, atawa tokoh-tokoh séjénna. Bisa ogé ku poé-poé penting anu sok dipiéling. Upamana, hari pahlawan, sumpah pemuda, hari ibu, hari guru, jsb. Ku cara kitu, bisa nambahan pangaweruh murid dina widang séjénna. Sanggeus dibaca, tuluy babarengan dikoméntaran eusina. Pangpangna kudu kanyahoan kumaha sikep murid kana eusi éta warta. 37 Bab II PITUDUH HUSUS 4. Sanggeus bérés, kakara guru ngajak murid muka buku pangajaran anu dicekel ku murid. Tuluy murid titah maca warta anu judulna Seni Unggulan Midang Di Bandung. Bari maca téh murid dituyun sina nyirian hal-hal penting anu kapanggih dina éta warta. 5. Bérés kabéh maca warta, diayakeun tanya-jawab ngeunaan hal-hal anu aya dina warta tadi. Teu kudu waka nyosok jero, hal-hal anu énténg baé pikeun nganyahokeun naha murid daria henteu maca wartana.

B. Medar Warta

NO KAGIATAN 6. Sabada katitén murid daria macana, guru medar perkara warta. Dijéntrékeun warta téh harti saujratna mah béja atawa iber. Ngan dina pangajaran ayeuna mah anu bakal dititénan téh warta anu disebut berita téa, anu biasa dimuat dina media massa atawa dibacakeun dina média éléktronik. Dina warta aya sababaraha unsur anu kapanggih, kahiji jejer atawa téma jeung kaduana rumusan warta anu ngawengku 5W+1H. Lian ti kitu, dijéntrékeun ogé cara ngaringkes warta sangkan murid bisa nyirian anu parentingna. 7. Dina buku murid geus dipérélékeun hasil niténan warta anu dibaca tadi. Jadi murid tinggal nuluykeun waé maca nepi ka réngsé pedaran warta anu kahiji. Mun aya pananya ti murid, kakara guru ngajéntrékeun deui leuwih pérélé. 8. Satuluyna, murid sina maca conto warta dina televisi. Anu ieu mah macana sina dibulak-balik nepi ka apal. Geus kitu, tunjuk salasaurang murid anu macana alus sarta sorana béntés, macakeun éta warta hareupeun kelas. Pasang petana kudu jiga nu maca warta dina televisi. Geus bérés saurang, tawarkeun ka anu séjén saha waé anu deuk macakeun. Kitu jeung kitu baé, salila budak hayangeun midang di hareup mah sina maju baé, pangajaran ulah waka dituluykeun. Keun baé itung-itung latihan. Guru ngabebener lentong, cara ngucapkeun kecapna, riuk beungeut, jeung pasang peta awak waktu maca warta. 9. Bérés maraju, kakara murid dituyun deui maca pedaran ngeunaan eusi warta anu bieu dibacakeun. Kabéh aya dina buku anu dicekel ku murid. 38 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VIII 10. Jawaban pikeun latihan kahiji: 1. Kagiatan naon anu diayakeunna? Jawabanana: Pasanggiri drama tingkat SMPMts sa-Jawa Barat. 2. Saha anu ngayakeunana? Jawabanana: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat 3. Saha anu miluanana? Jawabanana: Murid SMPMts. Wawakil ti unggal kabuaténkota. 4. Di mana diayakeunana? Jawabanana: Gedong Kasenian Rumentang Siang Bandung 5. Iraha éta kagiatan dilaksanakeunana? Jawabanana: ti tanggal 5 nepi ka tanggal 15 Agustus 2013 6. Naha Gedong Kasenian Rumentang Siang ngadadak ramé? Jawabanana: Lantaran loba anu datang, boh anu miluan pasanggiri boh anu ngadon lalajo. 7. Naha panitia ngarasa reugreug? Jawabanana: Lantaran loba anu lalajo. 8. Kumaha tanggapan ti kabupaténkota? Jawabanana: Hadé pisan. Buktina unggal kabupaténkota ngirimkeun wawakilna, aya anu ngirimkeun hiji wawakil aya ogé anu nepi ka dua atawa tilu wawakil.

C. Nyarungsum Eusi Warta