Struktur Guguritan Téma ngeunaan ngeunaan hakékat hirup manusa di alam dunya anu Rasa: Pangarang ngawanti-wanti pisan kana masalah umur, da beuki dieu téh

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 129 Guguritan kauger ku aturan pupuh. Atuh eusi carita dina guguritan gé saluyu jeung eusi pupuh nu dipilihna. Rusyana 2002 nyieun papasingan guguritan jadi lima rupa, nyaéta: a. Piwulang, upamana waé Wulang Krama, Wulang Murid, Wulang Guru karangan R. Haji Muhamad Musa. Asmarandana Lahir Batin karangan R.A. Bratawijaya; b. Pangalaman kabatinan, contona guguritan karangan Haji Hasan Mustapa; c. Kawaasan alam, contona Dangdanggula Laut Kidul karangan Kalipan Apo; d. Kajadian, contona Kiamat Leutik karangan Tubagus Jayadila e. Surat, biantara, jeung buka pintu. Guguritan anu eusina surat jeung biantara, upamana anu dikumpulkeun ku R. Danureja dina buku Serat-sinerat Jaman Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa. Guguritan buka pintu sok dihaleuangkeun dina upacara buka pintu di nu kawinan.

7. Struktur Guguritan

Guguritan diwangun ku opat unsur intrinsik, nyaéta téma, rasa, nada, jeung amanat.  Téma nyaéta ―pokok pikiran‖ atawa dadasar carita dina puisi.  Rasa atawa ―citraan‖ dina karya sastra nyaéta cara ngawangun rasa atawa gambaran hiji hal; gambaran visual anu ditimbulkeun ku hiji kecap, frasa, atawa kalimah sarta mangrupa unsur dasar anu has dina karya prosa jeung puisi.  Nada nyaéta tarik halonna sora. Nurutkeun Sudaryat dina Ulikan Semantik nada nyaéta sikep panyaturpangarang ka pamiarsa atawa ka nu maca.  Amanat dina karya sastra nyaéta gagasan anu jadi dadasar hiji karya sastra; naon anu baris ditepikeun ku panulis atawa pangarang ka pamaca. Conto Analisis Struktur dina Guguritan NGITUNG UMUR Anteng ngitung sésa umur dina ruas geter éling dijeungkalan gurat kadar diwengku angkeuhan takdir kadarna banda sorangan takdirna milik nu kuring Sésa umur digugulung inggis kajongjonan ngimpi keur bétah nataran dunya ngahening leunjeuran lahir 11 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 130 isukan saha nu terang palias diangkir mulih . Digugulung sugan nimu pangjurung bawaéun balik ngurud tariking cilaka nyaeur babanda ning asih sina punjul bekel amal lugina teu ngaligincing Nimu wanci dina waktu di dinya lalakon ngancik nyulam bener reujeung salah reureundahan piligenti timbangan beurat ka mana hancengan urang nu milih Tina ―Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan‖ Karya Dian Hendrayana, 2014: 4

1. Téma ngeunaan ngeunaan hakékat hirup manusa di alam dunya anu

diwatesanan ku waktuumur. Anu beuki dieu téh umurna beuki ngurangan.

2. Rasa: Pangarang ngawanti-wanti pisan kana masalah umur, da beuki dieu téh

umur beuki ngurangan jeung moal aya anu apal, boa ayeuna boa isuk boa pagéto urang diangkir pikeun mulang ka alam kalanggengan. Lalakon hirup di dunya nu bakal aya pertanggungjawabanana, dina hiji wanci amal-amalan urang bakal ditimbang naha leuwih beurat amal hadéna atawa leuwih beurat amal goréngna gumantung kana lalakon urang nalika hirup di alam dunya. Hirup téh tong kajongjonan tong bétah teuing nataran dunya sabab urang bakal diangkir mulih ka alam kalanggengan.

3. Nada: Pangarang nyaritakeun gagasana ka nu maca sacara togmol langsung