Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 2

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 136 4. Léngkah-léngkah ngalaksanakeun peniléyan portofolio. a. Guru ngajéntrékeun sacara ringkes esensi peniléyan portofolio. b. Guru bisa babarengan jeung siswa nangtukeun jenis portofolio anu rék dijieun. c. Siswa nyusun portofolio pangajaran. d. Guru nunda, nyatet, jeung meunteun portofolio siswa. e. Guru ngajén portofolio siswa dumasar kana hiji kritéria. f. Guru babarengan jeung siswa medar dokumén portofolio anu geus dihasilkeun. g. Guru méré umpan balik ka siswa kana hasil peniléyan portofolio. 5. Tés tinulis wangun éséy biasana meredih dua jenis pola jawaban, nyaéta jawaban bébas extended-response atawa jawaban kawatesanan restricted- response. Ku cara tés tinulis éséy pola jawaban bebas, siswa dibéré lolongkrang pikeun ngajawab anu sabébas-bébasna; jawaban anu béda jeung babaturanana tapi tetep boga hak pikeun meunang peunteun anu sarua. Tina puseur implengan anu béda, tinangtu bakal ngahasilkeun jawaban anu béda-béda. Tapi tetep unggal jawaban bisa bener, asal analisisna ogé bener. Ieu jawaban téh gumantung kana bobot soal anu dibikeun ku guru. Ku kituna, tés éséy bisa méré lolongkrang ka guru pikeun ngukur hasil diajar siswa kana tingkatan anu leuwih luhur atawa leuwih kompléks.

B. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 2

1. Peniléyan prosés nyaéta prosés meunteun nu museurkeun sasaran kana tingkat éféktivitas diajar ngajar dina raraga ngahontal tujuan pangajaran. Peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung meunteun kagiatan guru, kagiatan siswa, pola interaksi antara guru jeung siswa sarta lumangsungna prosés diajar ngajar. 2. Tujuan peniléyan prosés nyaéta pikeun maluruh kagiatan diajar-ngajar, utamana éfésiénsi, kaéféktifan, sarta produktivitas pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Diménsi peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung komponén prosés pangajaran misalna tujuan pangajaran, métode, Matéri pangajaran, kagiatan diajar ngajar sarta peniléyan. 3. Komponén pangajaran minangka diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar. Komponén peniléyan prosés téh ngawengku sababaraha komponén nyaéta tujuan intruksional, Matéri pangajaran, siswa, guru, alat, sumber diajar jeung peniléyan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 137 4. Kritéria peniléyan prosés ngawengku tujuh aspék nyaéta: 1 konsisténsi kagiatan diajar ngajar maké kurikulum, 2 prak-prakan ku guru, 3 prak- prakanana ku siswa, 4 motivasi diajar siswa, 5 aktip henteuna siswa dina kagiatan diajar, 6 interaksi guru jeung siswa, 7 kamampuh sarta kaparigelan guru sawaktu ngajar, sarta 8 kualitas hasil diajar nu dicangkem ku siswa. 5. Aktip henteuna siswa bisa katémbong dina sababaraha hal saperti ieu di handap. a. Milu aktip dina ngalaksanakeun pancén diajarna. b. Milu aktip dina ngungkulan masalah. c. Nanya ka babaturan atawa guru nalika manggihan bangbaluh dina pangajaran. d. Néangan informasi pikeun ngungkulan hiji bangbaluh dina diajar. é. Ngalaksanakeun sawala kelompok saluyu jeung pituduh guru. f. Meunteun kamampuh dirina sorangan sarta hasil-hasil nu geus kahontal. g. Ngalatih diri dina ngungkulan soal nu sarupa dina pangajaran. h. Boga kasempetan pikeun ngaplikasikeun hal naon waé nu geus kacangkem pikeun ngungkulan masalah nu disanghareupanana.

C. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 3