Peniléyan Acuan Patokan PAP Peniléyan Acuan Norma PAN

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 68 Rumus Skor: ∑XB ∑B Keterangan: TK = tingkat kesukaran X = skor tiap soal B = bobot luyu jeung tingkat kesukaran soal ∑XB= jumlah hasil perkalian X jeung B Jadi, skor siswa 12012 = 10

6. Ngolah Data Hasil Tés: PAP jeung PAN

Sanggeus kapanggih skor tiap siswa, guru ulah rurusuhan nangtukeun préstasi diajar nilai siswa anu dasarna angka hasil ngabagi skor jeung jumlah soal, sabab ieu cara dianggap kurang proporsional. Misilna, saurang siswa meunang skor 60, ari skala anu digunakeun pikeun ngeusian buku rapor nyaéta skala 0 – 10 atawa skala 0 – 5, mangka éta skor kudu dikonvérsikan heula jadi skor standar saméméh ditetepkan jadi nilai akhir.

a. Peniléyan Acuan Patokan PAP

Pamarekan ieu museur kana naon anu bisa dilakukeun ku siswa. Peniléyan anu museur kana kamampuh-kamampuh naon wae anu geus kahontal ku siswa sanggeus ngaréngsékeun sabagian atawa sakabeh program. PAP naliti naon waé anu bisa dipigawé ku siswa lain ngabandingkesun hiji siswa jeung siswa sejenna. Tapi, ku kriteria atawa patokan anu spesifik. Kriteriana mangrupa pangalaman diajar dipiharep bisa kahontal sanggeus réngsé kagiatan diajar, atawa sajumlah kompeténsi dasar anu geus ditangtukeun saméméhn. Misalna, kriteria Kahontalna kompeténsi ngagunakeun 75 atawa 80. Siswa anu kamapuhna sahandapeun kriteria dianggap acan hasil jeung kudu diremédial.

b. Peniléyan Acuan Norma PAN

Dina peniléyan acuan norma, ma ‘na angka skor saurang siswa ditéangan ku cara ngabandingkan hasil diajarna jeung hasil diajar siswa séjénna dina hiji kelompok atawa kelas. Siswa dikelompokkeun dumasar kana jenjang hasil diajar nepi ka kapanggih kalungguhan relatif saurang siswa lamun dibandingkeun jeung babaturan sakelasna. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 69 Tujuan peniléyan acuan norma nyaéta pikeun ngabédakeun siswa tina kelompok-kelompok tingkat kamampuhna, mimiti ti nu panghéngkérna nepi ka nu pangunggulna. Sacara idéal, distribusi tingkat kamampuh dina hiji kelompok ngagambarkeun hiji kurva anu normal. Umumna, peniléyan acuan norma digunakeun pikeun seléksi. Soal tés dina ieu pamarekan dimekarkeun tina bagian Matéri anu dianggap penting. Guru boga wewenang pikeun nangtukeun bagian mana anu leuwih urgen. Ku kituna, guru kudu ngawatésanan jumlah soal anu diperlukeun, sabab henteu sakabeh materi anu ditepikeun ka siswa muncul dina soal-soal. Soal-soal kudu dijieun kalawan merhatikeun tingkat kesukaran anu variatif, ti mimiti soal nu gampang ka nu hésé nepi ka siswa bisa méré jawaban anu variatif deuih. Soal-soal ogé kudu bisa méré jawaban anu variatif, sumebar, jeung bisa ngabandingkeun kamampuh di antara para siswa.

D. Kagiatan Diajar