Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 4

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 138 pertanyaan anu ngandung permasalahan tur merlukan pedaran dina ngajawabna. Ciri tés uraian méré kabébasan ka siswa pikeun nyusun jawaban soal uraian dumasar kana puseur implenganana séwang-séwanan. Tés wangun obyéktif umumna jawabanana geus disadiakeun ku nu nyieun soal. Siswa teu kudu mikir jero tapi ngan milih atawa ngajawab singget jeung ngalengkepan luyu jeung jawaban anu dipiharep tina soal obyéktif anu wangunna rupa-rupa, nyaéta: wangun BS; PG; ngajodokeun; eusian singgetngalengkepan. 4. Peniléyan kompeténsi kamahéran ngagunakeun basa ngawengku tés kamampuh ngaregepkeun, tés kamampuh nyarita, tés kamampuh maca, jeung tés kamampuh nulis. Tés ngaregepkeun mangrupa tés kamampuh pikeun nyangkem basa anu digunakeun sacara lisan komprehénsif lisan. Matéri tés ngaregepkeun kudu ditepikeun sacara lisan pikeu ngukur aspék jeung kaédah ngagunakeun basa. Tés kamampuh maca pikeun ngukur tingkat kamampuh dina nyangkem eusi bacaan. Tés kamampuh nulis dipaké pikeun ngukur kamampuh ngawasa unsur basa jeung luar basa dina karangan.

D. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 4

1. Prosédur peniléyan atawa padika meunteun téh mangrupa cara-cara jeung léngkah-léngkah dina meunteun, boh meunteun hasil diajar boh meunteun prosés pangajaran. Peniléyan bisa dilaksanakeun ku dua rupa téhnik, nyaéta téhnik tés jeung téhnik nontés. Tiap-tiap téhnik tés mibanda prosédur jeung cara séwang-séwangan. 2. Prosédur peniléyan mibanda sababaraha komponén, nyaéta a sasaran peniléyan, anu ngawengku widang kognitif, aféktif, jeung psikomotor kalawan saimbang; b alat peniléyan, anu ngawengku tés jeung non-tés; 3 kritéria peniléyan, anu ngawengku peniléyan acuan patokan PAP jeung peniléyan acuan norma PAN; jeung 4 prosédur prakna tés, anu ngawengku tés formatif jeung tés sumatif UTS, UAS. 3. Tés kamampuh ngaregepkeun jeung tés nyarita aya sasaruaanana jeung aya bédana. Sasaruanana nyaéta pada-pada ngukur kamampuh pamilon atikan tina médium basa lisan. Ari bédana, tés kamampuh ngaregepkeun diukur maké téhnik tés réspon kauger, tés réspon pilihan ganda, jeung tés PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 139 komunikasi jembar; ari tés kamampuh nyarita diukur maké tés réspon kauger, tés gumulung, jeung tés wawancara. 4. Peniléyan kamampuh maca jeung kamampuh nulis mibanda sasaruaan, nyaéta pada-pada ngukur kamampuh pamilon atikan tina médium tulis. Ari bédana, tés kamampuh maca ngukur pamahaman kalimah jeung pamahaman wacana ku cara tés pilihan ganda, tés eusian copong, jeung tés pedaran; sedengkeun tés kamampuh nulis diukur maké tés pratulis, tés nulis gumulung, jeung tés nulis bébas. 5. Tés kamampuh nulis bébas ngawengku lima komponén, nyaéta eusi nangtukeun gagasan, organisasi gagasan, tatabasa, kandaga kecap, jeung unsur mékanik éjahan jeung téhnik nulis. Tiap unsur dipeunteun ku jumlah skor anu béda-béda. Skor nangtukeun gagasan jeung organisasi gagasan kagolong luhur, skor tatabasa jeung kandaga kecap kagolong sedeng, ari skor unsur mékanik kagolong handap.

E. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 5