Mekarkeun Kisi-kisi Peniléyan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 55 4. Indikator jeung Alat Peniléyan Kahontal henteuna indicator téh diukurna ku alat peniléyan. Alat peniléyan boh dina wangun tés boh dina wangun non-tés digunakeun pikeun ngukur indikator. Indikator ranah kognitif ngawengku sababara tingkat saperti ieu di handap. a Tingkat Ingetan Soal tingkat ingetan digunakeun pikeun ngukur kamampuh ingetan ngeunaan hiji hal atawa fakta anu sipatna nyata. b Tingkat Pamahaman Soal tingkat pamahaman digunakeun pikeun ngukur pamahaman siswa ngeunaan ayana hubungan nu basajan di antara fakta-fakta atawa konsép. c Tingkat Aplikasi Soal tingkat aplikasi digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina milih jeung ngagunakeun hiji ‗abstraksi‘ nu tangtu nu tangtu dina hiji situasi nu anyar. d Tingkat Analisis Soal tingkat analisis digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nganalisis hiji hal, hubungan nu tangtu ku jalan ngagunakeun konsép- konsép dasar nu tangtu. é Tingkat Sintésis Soal tingkat sintésis digunakeun pikeun ngahubungkeun antara sawatara hal, nyusun deui hal-hal nu tangtu jadi struktur nu anyar, atawa ngaliwatan generalisasi. f Tingkat Évaluasi Soal tingkat évaluasi digunakeun pikeun meunteun kana hiji hal, kasus, atawa situasi anu disanghareupanana ku diri sorangan kana konsép atawa acuan nu tangtu.

5. Mekarkeun Kisi-kisi Peniléyan

Dina nyusun alat peniléyan kudu dumasar kana tujuan, supaya mibanda fungsi sakumaha mistina. Alat peniléyan disebut alus saupama _ndi ngukur ―keluaran belajar anu konsistén jeung tujuan‖. Tujuan nangtukeun tingkah laku guru jeung siswa dina wangun kaluaran diajar nu _ndi diukur. 5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 56 Tingkatan peniléyan utamana dihubungkeun jeung aspék kognitif saperti tingkatan ingetan, pamahaman, penerapan, analisis, sintésis, jeung évaluasi. Dina milih wangun alat peniléyan kudu disaluyukeun jeung tingkah laku keluaran diajar nu ditunjuk ku tujuan, nu aya hubunganana jeung kamampuh kognitif, tingkah laku nu éféktif, sarta psikomotor. Wangun pénileyan mungkin waé mangrupa lisan atawa tulisan, observasi, wawancara, jeung paripolah. Patalina _ndicator jeung alat peniléyan ilaharna dipidangkeun dina kisi-kisi peiléyan. Ari kisi-kisi téh mangrupa tabél matriks anu eusina spesifikasi soal- soal nu disusun. Matriks kisi-kisi soal ngawengku lajur kolom jeung baris. Lajur kolom eusina tujuan pangajaran atawa kompetensi dasar, _ndicator, matéri poko, jumlah soal, nomer soal, jeung wangun soal. Lajur baris eusina mangrupa wawaran anu dituduhkeun dina lajur kolom. Aya sababaraha léngkah dina mekarkeun kisi-kisi peniléyan, nyaéta 1 nuliskeun standar kompeténsi kompeténsi inti, 2 nangtukeun tujuan pangajaran atawa kompeténsi dasar, 3 nyusun daptar matéri poko, 4 nangtukeun pilihan pangalaman diajar, 5 nangtukeun _ndicator, 6 nangtukeun warna tagihan, 7 nangtukeun wangun, instrumén, jeung conto instrumén pikeun tiap matéri ajar. Tabel 5. 5 Conto matriks kisi-kisi Peniléyan Seméster Mata Pelajaran : Basa jeung Sastra Sunda KelasSeméster : II3 Waktu : 90 menit Standar Kompeténsi Kompeténsi Inti : Kompetensi Dasar Indikator Matéri Poko Peniléyan Warna Tagihan Wangun Instrumen Conto PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 57 Tabel 5. 6 Conto Kisi-kisi Peniléyan Kaweruh Indikator Hontalan Kompeténsi Téhnik Peniléyan Wangun Peniléyan Instrumén 1. Memahami struktur isi téks memadu acara Tés Tertulis Tés Uraian 1. Sebutkeun struktur eusi téks memandu acara 2. Mengindentifikasi kaidah téks memandu acara Tés Tertulis Tés Uraian 2. Jéntrékeun mana anu kaasup ragam basa lulugu lulugu dina téks memandu acara 3. Mengidentifikasi ciri- ciri bahasa dalam teks memandu acara. Tés Tertulis Tés Uraian 3. Jéntrékeun ciri-ciri bahasa dina téks memandu acara 4. Memahami langkah- langkah menyusun teks memandu acara Tés Tertulis Portofolio Tés Uraian 4. Sebutkeun lengkah-léngkah nyusun téks memandu acara 5. Mendeskripsikan téks memandu acara dengan cara membuat teks memandu acara Tés Tertulis Portofolio Tés Uraian 5. Jieun téks memandu acara anu témana: a. Acara pinton seni agustusan b. Acara halal bihalal 6. Menyajikan téks memandu acara secara lisan Tés Lisan Observasi Unjuk kerja 6. Ragakeun téks memandu acara anu geus disusun ku hidep 7. Menginterpretasi teks memandu acara Tés Lisan Observasi Unjuk kerja 7. Interprétasikeun kumaha nurutkeun hidep cara pidangan babaturan hidep

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran Matéri ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran Matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung Tingkesan Matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélkeun sakur pananya atawa paréntah ieu di handap 1. Ku Sadérék bédakeun antara wangun tés jeung nontés sarta béré masing- masing contona