Sarana Sastra Puseur Sawangan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 120 10 b Muncul masalah konflik, anu nyoko kana masalah bisa timbul antara palaku utama jeung palaku kadua, jeung lingkunganana, atawa anu timbul ti diri si palaku utamana sorangan. c Masalah muncer klimaks, anu nyoko kana masalah mimiti ngarékahan, ngalobaan, atawa ngajeroan nepi ka muncerna. d Ngaréngsékeun masalah anti-klimaks, anu nyoko kana masalah nu aya mimiti diréngsékeun. Carana ogé bisa rupa-rupa, luyu jeung tungtutan carita. Upamana waé ku ngaleungitkeun hal anu jadi masalah téa. e Pungkasan carita denouement, anu nyoko kana pungkasan carita mangrupa tungtung kajadian carita. Rupaning rusiah geus kabuka, nu hianat geus katohyan, pacengkadan geus lubar, jeung kapanasaran geus dilakonan. Henteu salawasna galur carita téh ngaguluyur saperti kitu. Ku kituna, aya rupa-rupa galur carita, di antarana waé: 1 galur marélé, nyaéta galur carita anu ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan carita. 2 galur bobok tengah nyaéta galur carita anu teu ngagunakeun bubuka, tara ngawanohkeun heula anu ngalalakon, ujug-ujug dibawa ka tengah- tengah carita. Sakapeung pungkasan caritana ogé tara aya deuih, kudu dikira-kira ku nu maca. 3 galur mundur flashback nyaéta galur carita anu dimimitian ku bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun téa. 3 Latar Setting Cerita Aminuddin 2002:62 nétélakeun yén setting minangka latar kajadian dina karya fiksi boh mangrupa tempat, waktu boh kajadian, sarta mibanda fungsi fisikal jeung fungsi psikologis. Latar carita bisa tempat umum, waktu kasajarahan, jeung kabiasaan masarakat dina babagian carita.

c. Sarana Sastra Puseur Sawangan

Puseur implengan point of view mangrupa tempat sastrawan nyawang caritana. Tina éta tempat sastrawan nyaritakeun tokoh, kajadian, tempat, jeung waktu ku gayana sorangan Siswanto, 2008:181. Puseur sawangan aya bédana jeung puseur carita fokus pengisahan. Puseur sawangan nyaritakeun fungsi PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 121 pangarang pencerita dina hiji carita, ari puseur carita masualkeun tokoh mana anu dipentingkeun ku pangarang. Keraf 1992:192 ngabagi puseur sawangan jadi dua rupa, nyaéta puseur sawangan jalma kahiji kuring jeung puseur sawangan jalma katilu manéhna. Puseur sawangan jalma kahiji nyoko kana narator salaku tokoh utama, narator salaku panitén, jeung narator salaku panitén langsung. 5. Basa dina Carita Pondok Basa dina carita pondok mangrupa eunteung kaéndahan nu sipatna hayalan réfléksi artistik imajinatif pangarangna kana réalitas kehirupan. Harti saujratna dénotatif kekecapanana diimbangan ku harti injeuman konotatif pikeun nimbulkeun éfék jeung kesan imprési éndah tur pikatajieun. Unsur gaya basa dina carita nyoko kana dua maksud. Kahiji, raket patalina jeung basa injeuman saperti gaya basa rarahulan, rautan, ngupamakeun, ngasor, meupeuh lemes, jeung ocon dina ngarakit carita. Kadua, gaya kedaling pangarang dina caritana. Upamana waé, aya gaya Yus Rusyana, Karna Yudibrata, jeung Iskandarwassid. Judul Carita Judul atawa titél mangrupa étikét, labél, mérek, atawa ngaran anu dipaké ku karangan. Judul téh gedé gunana pikeun mikat kapanasaran nu maca kana pasualan nu keur dicaritakeun. Judul sipatna simbolis tur mangrupa slogan anu midangkeun topik dina wangun nu pikatajieun. Judul kudu saluyu tur ngawakilan sagemblengna eusi karangan. Dijieunna samémeh atawa sanggeus karangan réngsé Sudaryat, 2007:132. Pancén Baca carpon nu judulna ―Néng Yaya Gering Panas‖ karya Karna Yudibrata atawa carpon Sunda séjénna, tuluy jawab pananya ieu di handap 1. Naon téma jeung amanatna éta carpon téh? 2. Saha palaku dina éta carpon téh? Kumaha watekna? 3. Di mana, iraha, jeung kumaha suasana kajadian dina éta carpon? 4. Puseur sawangan naon nu dipaké ku pangarang dina éta carpon? 5. Kumaha galur caritana éta carpon téh? PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 122 10

6. Ngarang Carita Pondok