Aksara Swara Aksara Ngalagena Angka

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 98 9 abad ka-20 Maséhi, kira-kira tilu abad; Aksara Cacarakan abad ka-19 nepi ka pertengahan abad ka-20 Maséhi, kira-kira dua abad; jeung Aksara Latén ahir abad ke-19 nepi ka ayeuna. 3. Wangun Aksara Sunda Aksara Sunda kagolong kana aksara silabis lantaran saaksara ngalambangkeun saengang. Tangtu waé ieu aksara téh béda jeung aksara Latén anu sipatna fonétis lantaran tiap aksara ngalambangkeun sasora atawa aksara Cina nu sipatna logosilabis lantaran tiap aksara ngalambangkeun sakecap. Aksara Sunda aya opat wangun, nyaéta a aksara swara, b aksara ngalagena, c aksara angka, jeung 4 rarangkén tanda vokalisasi.

a. Aksara Swara

Aksara swara nyaéta aksara anu kalawan silabis mibanda harokat sora vokal anu dina sistem aksara Sunda buhun jumlahna aya lima siki. Cara nulis aksara swara bisa diilikan tina gurat beureum dina wangun aksara. Wangun aksara Sunda kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara 45°-75°. Babandingan ukuran wangun aksara dasar nu mangrupa aksara swara ‗vokal‘ umumna ditulis 4:4. Ukuran wangun aksara swara ébréh dina kotak-kotak ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 99

b. Aksara Ngalagena

Aksara ngalagena nyaéta lambang sora anu disawang minangka foném konsonan anu kalawan silabis ngandung sora vokal a. Jumlah aksara Sunda ngalagena aya dalapan welas aksara, anu susunanana diluyukeun kana kalungguhan alat-alat ucap artikulasi-artikulator. Runtuyanana ka ga nga ca ja nya ta da na pa ba ma ya ra la wa sa ha. Cara nulis aksara ngalagena bisa diilikan tina gurat beureum anu aya dina luhureun wangun aksarana ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 100 9 Wangun aksara Sunda kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara 45°-75°. Babandingan ukuran wangun aksara dasar aksara ngalagena umumna ditulis 4:4, iwal ti aksara ngalagena ra nya éta 4:3, pikeun sya nya éta 4:5, pikeun ba, kha, jeung nya nya éta 4:6; sarta pikeun aksara sora i nya éta 4:3. Ukuran wangun aksara ngalagena ébréh dina kota-kotak ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 101 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 102 9 Pancén Eusian kolom nu dikosongkeun ku bacaan jeung tulisan Latén anu bener PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 103 Eusian kolom nu dikosongkeun ku aksara Sunda anu bener Aksara Latén Aksara Sunda Aksara Latén Aksara Sunda aba bao ésa bau éva baeu iga cai ika cau ica kai ita jaé mata waé mawa saga maha saka yana sada yasa saha raka haja raga hapa raca hama raja ana rata apa rada ama rama aya PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 104 9

c. Angka

Angka nyaéta lambang bilangan. Nuliskeun lambang angka puluhan, ratusan, jeung satulunna ditulis ngaruntuy ti ―kénca ka katuhu‖. Angka ditulis di antara dua gurat tegak | ... |. Cara nuliskeun angka ku aksara Sunda ébréh ieu di handap. Wangun aksara Sunda kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara 45°-75°. Babandingan ukuran wujud wilangan dasar dina umumna ditulis 4:4, iwal ti pikeun wilangan atawa angka 4 jeung angka 5 nya éta 4:3. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 105

d. Tanda Vokalisasi Rarangkén