Harti jeung Tujuan Peniléyan Hasil Belajar

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 27 KAGIATAN DIAJAR 3 PENILÉYAN HASIL DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 3, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan 1 harti peniléyan hasil diajar; 2 tujuan peniléyan hasil diajar; 3 wanda tés hasil diajar; jeung 4 peniléyan kompeténsi ngagunakeun basa Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar

Indikator kahontalna kompeténsi tina ieu kagiatan diajar, nyaéta bisa ngajéntrékeun 1 harti peniléyan hasil diajar; 2 tujuan peniléyan hasil diajar; 3 wanda tés hasil diajar; jeung 4 peniléyan kompeténsi dasar ngagunakeun basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

1. Harti jeung Tujuan Peniléyan Hasil Belajar

Peniléyan hasil diajar mangrupa salah sahiji kagiatan anu penting dina dunya atikan. Sabab, nya ku peniléyan hasil diajar pisan bakal kapanggih kamajuan, kakurangan, kaonjoyan diajar siswa jeung posisi siswa dina kelompokna. Lian ti éta, peniléyan hasil diajar bakal jadi feed back pikeun guru dina ngaévaluasi hasil henteuna prosés diajar ngajar Kuswari, 2010:14. Sarua jeung pamadegan Kuswari, Nurgiyantoro 1995:19 ngébréhkeun yén peniléyan hakékatna mangrupa alat ukur pikeun mikanyaho kahontal henteuna tujuan-tujuan pangajaran anu geus ditangtukeun ku siswa sanggeus manéhna diajar. Tujuan peniléyan bakal jadi pedoman anu jelas jeung pasti. Aya opat tujuan peniléyan prosés, nyaéta: 1 keeping track, pikeun ngalacak prosés diajar siswa diluyukeun jeung rarancang anu geus ditangtukeun. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 28 3 2 cheching-up, pikeun ngecék kahontal henteuna kamampuh siswa jeung kakurangan siswa salila prosés pangajaran. 3 finding out, pikeun manggihan kakurangan, kasalahan, kahéngkéran siswa dina prosés pangajaran nepi ka guru gancang néangan solusina. 4 summing-up, pikeun nyindekkeun tingkat hontalan siswa kana kompeténsi anu geus ditangtukeun. Ari tujuan peniléyan hasil diajar téh pikeun mikanyaho sababaraha hal, nyaéta: a. tingkat pamahaman siswa kana matéri anu geus diajarkeun; b. kamahéran, motivasi, bakat, minat, jeung sikep siswa kana program pangajaran; c. tingkat kamajuan jeung kasaluyuan antara hasil diajar siswa jeung standar kahontalna kompeténsi; d. kaonjoyan jeung kahéngkéran siswa dina prosés diajar; é. cara milih siswa anu luyu jeung salah sahiji jenis atikan nu tangtu; f. cara nangtukeun kanaékan kelas; jeung g. cara nempatkeun siswa luyu jeung posisina. Sacara idiéal, peniléyan kudu maké dua hal: 1 prosédur anu standar jeung 2 instrumén anu standar. Prosédur standar nyaéta peniléyan anu dilakukeun kudu maké léngkah-léngkah nu tangtu jeung boga sikep anu adil sarta tinimbangan ka siswa diluyukeun jeung situasi, waktu, tempat, jeung rupa-rupana kamampuhna. Ari instrumén standar nyaéta instrumén anu disusun maké instrumén anu baku jeung bisa dipertanggungjawabkeun, boh tingkat validitas boh réliabilitasna.

2. Wanda jeung Wangun Tés Hasil Diajar