Peniléyan Proyék Peniléyan Portofolio

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 11 2 Merenah jeung lengkepna aspék gawé anu bakal dipeunteun. 3 Kamampuh-kamampuh husus anu diperlukeun ku siswa pikeun ngaréngsékeun tugas-tugas pangajaran. 4 Fokus utama tina gawé anu rék dipeunteun, hususna indikator anu rék dititénan. 5 Runtuyan kamampuh atawa kaparigelan siswa anu rék dititenan. Guru kudu gemet niténan kontéks gawé siswa pikeun nangtukeun Kahontalna kamampuh siswa kana hiji proyék. Upamana, pikeun ngajén kamahéran siswa pikeun meunteun kaparigelan basa peserta didik, tina aspék kaparigelan nyarita ngagunakeun basa Sunda guru bisa niténan sababaraha kontéks, saperti kamampuh siswa dina keur pidato, sawala, nyarita, ngadongéng, atawa ngawawancara. Tina sababaraha kontéks ieu bakal kapanggih kamahéran nyarita anu gembleng. Supaya imeut dina niténanan éta kamampuh, guru bisa ngagunakeun instrumén, saperti instrumén peniléyan sikap, observasi paripolah, pananya langsung atawa pribadi. Peniléyan diri self assessment kaasup bagian tina peniléyan kinerja. Peniléyan diri mangrupa hiji téhnik peniléyan anu dilakukeun ku cara siswa meunteun dirina sorangan ngeunaan status, prosés, jeung tingkat kahontalna kompeténsi anu diulikna dina hiji mata pelajaran. Téhnik peniléyan diri bisa digunakeun pikeun ngukur kompeténsi kognitif, aféktif jeung psikomotor. Téhnik peniléyan diri boga sababaraha mangpaat positif, nyaéta 1 Numuwuhkeun rasa percaya diri siswa; 2 Siswa jadi sadar kana kakuatan dan kahéngkéran dirina; 3 Ngarojong, ngabiasakeun, jeung ngalatih siswa jujur; sarta 4 Numuwuhkeun sumanget pikeun maju sacara personal.

b. Peniléyan Proyék

Peniléyan proyék project assessment mangrupa kagiatan peniléyan kana tugas anu kudu diréngsékeun ku siswa dina hiji periodeu. Siswa ngaréngsékeun éta tugas ku cara léngkah-léngkah: ngararancang, ngumpulkeun, milah-milah, ngolah, nganalisis, jeung nyodorkeun data. Peniléyan proyék raket pisan patalina jeung aspék pamahaman, prakték ngalarapkeun, jeung ngayakeun panalungtikan. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 1 KD 1 Waktu migawé hiji proyék, siswa boga lolongkrang pikeun ngalarapkeun sikep, kaparigelan, jeung pangaweruhna. Ku kituna, dina unggal peniléyan proyék, aya tilu hal anu kudu diperhatikeun ku guru. 1 Kaparigelan siswa dina milih topik, néangan, ngumpulkeun, ngolah, jeung nganalisis data, ngama ‘naan informasi jeung nulis laporanana. 2 Kasaluyuan atawa rélévansi Matéri pangajaran jeung kamekaran sikep, kaparigelan, jeung pangaweruh anu dibutuhkeun ku siswa. 3 Orijinalitas hiji proyék pangajaran anu dipigawé atawa dihasilkeun ku siswa. Peniléyan proyék museur kana rarancang, prosés gawé, jeung produk proyék. Ku sabab kitu, saméméhna guru kudu nyusun heula rarancang jeung instrumén peniléyan, nyiapkeun rarancang pikeun ngumpulkeun jeung nganalisis data, jeung pikeun nyusun laporan. Peniléyan proyék bisa ngagunakeun instrumén daptar cék, skala peniléyan, atawa narasi. Laporan peniléyan bisa diébréhkeun dina wangun poster atawa tinulis. Peniléyan produk bisa ngajén kamampuh siswa dina ngahasilkeun produk. Ari peniléyan sacara holistik museur kana aprésiasi atawa kesan anu gembleng kana produk anu dihasilkeun.

c. Peniléyan Portofolio

Peniléyan portofolio mangrupa peniléyan kana kumpulan artéfak anu ngagambarkeun kamajuan hasil gawé nyata siswa. Peniléyan portofolio bisa tina hasil gawé siswa sacara individual atawa diproduksi sacara kelompok. Hal ieu merlukeun prosés meunteun anu kudu dumasar kana sababaraha diménsi. Peniléyan portofolio sipatna sambung-sinambung dumasar kana kumpulan karya siswa sacara individu atawa kelompok dina hiji periodeu pangajaran. Éta informasi téh bisa mangrupa karya siswa, hasil tés lain peunteun, atawa informasi séjén anu rélévan jeung kompetésina. Bisa dilakukeun ku guru bisa ku siswana sorangan. Ku ayana peniléyan portofolio guru bakal mikanyaho kamekaran atawa kamajuan diajar siswa. Tina hasil portofolio, gurusiswa bisa ngoméan kakurangan luyu jeung udagan nu hayang dihontalna. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 13 Léngkah-léngkah ngalaksanakeun peniléyan portofolio. 1 Guru ngajéntrékeun sacara ringkes ésénsi peniléyan portofolio. 2 Guru bisa babarengan jeung siswa nangtukeun jenis portofolio anu rék dijieun. 3 Siswa sacara mandiri atawa diaping ku guru nyusun portofolio pangajaran. 4 Guru ngagundukkeun jeung nunda portofolio bari nyatetan tanggalna. 5 Guru ngajén portofolio siswa dumasar kana hiji kritéria. 6 Guru babarengan jeung siswa medar dokumén portofolio anu geus dihasilkeun. 7 Guru méré umpan balik ka siswa kana hasil peniléyan portofolio.

d. Peniléyan Tinulis