PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
10
1 KD
1
kaparigelan, atawa pangaweruh; jeung 3 tingkat pangaweruh naon nu rék dipeunteunna: naha nalar, mémori, atawa prosés.
Aya sababaraha jenis asésmen oténtik: 1 peniléyan kinerja, 2 peniléyan proyék, 3 peniléyan portofolio, jeung 4 peniléyan tinulis.
a. Peniléyan Kinerja
Asésmen oténtik ngalibetkeun parsisipasi aktip siswa, hususna dina prosés jeung aspék nu dipeunteun. Saméméhna guru nanya ka siswa
ngeunaan unsur proyék atawa pancén nu rék dipaké ku siswa pikeun nangtukeun kritéria réngsé henteuna éta proyék. Satuluyna, guru nyieun
laporan naratif atawa laporan kelas pikeun ngayakeun feedback. Aya sababaraha cara pikeun ngarekam hasil peniléyan berbasis kinerja:
1 Daftar cék checklist
Digunakan pikeun mikanyaho muncul henteuna unsur-unsur tina indikator atawa subindikator tina hiji peristiwa atawa tindakan.
2 Catetan anékdotnarasi anecdotalnarative records
Digunakeun ku cara guru nulis laporan narasi ngeunaan naon-naon anu dilakukeun ku unggal siswa sawaktu migawé éta proyék. Tina éta
laporan, guru bisa nangtukeun kualitas siswa dina nyumponan kritéria anu geus ditangtukeun.
3 Skala peniléyan rating scale
Biasana digunakan skala numerik jeung prédikatna. Misilna: 5 = hadé pisan, 4 = hadé, 3 = cukup, 2 = kurang, 1 = kurang pisan.
4 Mémori atawa ingetan memory approach
Digunakeun ku guru ku cara niténan waktu migawé hiji hal, tapi lain nyatet. Guru ngan ngagunakan informasi dina mémorina pikeun
nangtukeun hasil henteuna siswa dina ngahontal tujuan éta proyék. Ieu cara téh kurang pati dirojong, sabab loba kahéngkéranana, kajaba
pikeun guru anu telik tur panjang ingetanana.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina ngalaksanakeun peniléyan kinerja.
1 Léngkah-léngkah gawé anu kudu dilakukeun ku siswa pikeun
némbongkeun karya nyatana dina ngahontal hiji kompeténsi.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
11
2 Merenah jeung lengkepna aspék gawé anu bakal dipeunteun. 3 Kamampuh-kamampuh husus anu diperlukeun ku siswa pikeun
ngaréngsékeun tugas-tugas pangajaran. 4 Fokus utama tina gawé anu rék dipeunteun, hususna indikator anu rék dititénan.
5 Runtuyan kamampuh atawa kaparigelan siswa anu rék dititenan.
Guru kudu gemet niténan kontéks gawé siswa pikeun nangtukeun Kahontalna kamampuh siswa kana hiji proyék. Upamana, pikeun ngajén kamahéran
siswa pikeun meunteun kaparigelan basa peserta didik, tina aspék kaparigelan nyarita ngagunakeun basa Sunda guru bisa niténan sababaraha
kontéks, saperti kamampuh siswa dina keur pidato, sawala, nyarita, ngadongéng, atawa ngawawancara. Tina sababaraha kontéks ieu bakal
kapanggih kamahéran nyarita anu gembleng. Supaya imeut dina niténanan éta kamampuh, guru bisa ngagunakeun instrumén, saperti instrumén
peniléyan sikap, observasi paripolah, pananya langsung atawa pribadi.
Peniléyan diri self assessment kaasup bagian tina peniléyan kinerja. Peniléyan diri mangrupa hiji téhnik peniléyan anu dilakukeun ku cara
siswa meunteun dirina sorangan ngeunaan status, prosés, jeung tingkat kahontalna kompeténsi anu diulikna dina hiji mata pelajaran. Téhnik
peniléyan diri bisa digunakeun pikeun ngukur kompeténsi kognitif, aféktif jeung psikomotor.
Téhnik peniléyan diri boga sababaraha mangpaat positif, nyaéta 1 Numuwuhkeun rasa percaya diri siswa; 2 Siswa jadi sadar kana
kakuatan dan kahéngkéran dirina; 3 Ngarojong, ngabiasakeun, jeung ngalatih siswa jujur; sarta 4 Numuwuhkeun sumanget pikeun maju
sacara personal.
b. Peniléyan Proyék