Komponén Peniléyan Prosés

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 20 2 Lajuning laku tina peniléyan prosés pangajaran upamana meunangkeun hasil nu kurang hadé, mangka kudu diayakeun Penelitian Tindakan Kelas PTK. Hartina guru kudu ngadiagnosa bangbaluh nu disanghareupan ku siswa dina kagiatan diajar, nu antukna bakal manggihan hiji cara pikeun ngungkulan éta masalah. Béda deui jeung kagiatan ujian, lamun guru manggihan siswa nu teu nyumponan kritéria dina KKM Kritéria Ketuntasan Minimal, solusina nyaéta ngayakeun kagiatan rémédial pangajaran.

2. Tujuan Peniléyan Prosés

Dina enas-enasna, tujuan peniléyan prosés nyaéta pikeun maluruh kagiatan diajar-ngajar, utamana éfésiénsi, kaéféktipan, sarta produktivitas pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Diménsi peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung komponén prosés pangajaran misilna tujuan pangajaran, métodeu, Matéri pangajaran, kagiatan diajar ngajar sarta peniléyan. Peniléyan miboga sababaraha fungsi dina prosés pangajaran, nyaéta: a. Minangka alat pikeun maluruh naha siswa geus nyangkem élmu pangaweruh, niléy-niléy, norma-norma sarta kaparigelan nu geus dibikeun ku guru; b. Pikeun maluruh kahéngkéran siswa dina kagaiatan diajar; c. Maluruh tingkat ―ketercapaian‖ siswa dina kagiatan diajar; d. Minangka eunteung pikeun guru, nu sumberna ti siswa; e. Minangka alat pikeun maluruh kamekaran diajar siswa; jeung f. Minangka matéri utama laporan hasil diajar siswa ka kolotna.

3. Komponén Peniléyan Prosés

Diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar patali jeung komponén-komponén nu ngawangun prosés diajar ngajar, komponén pangajaran minangka diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar, ngawengku sababaraha komponén nyaéta tujuan intruksional, Matéri pangajaran, siswa, guru, alat, sumber diajar jeung peniléyan. a. Komponén tujuan instruksional ngawengku aspék-aspék tujuan, kapabilitas nu nyangkaruk di jerona, rumusan tujuan, saluyu heunteuna kamampuh siswa, jumlah jeung waktu nu aya pikeun ngahontal éta tujuan, saluyu henteuna jeung kur ikulum nu lumaku, sarta ―keterlaksanaan‖ dina pangajaran. b. Komponén Matéri pangajaran ngawengku matérina, saluyu henteuna jeung tujuan, tingkat bangbaluh Matéri, gampang henteuna maluruh éta Matéri, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 21 daya guna pikeun siswa, ―keterlaksanaan‖ saluyu jeung waktu nu disadiakeun, sumber-sumber pikeun maluruhna, cara maluruhna, ―kesinambungan‖ Matéri, rélévansi Matéri jeung kabutuh siswa, sarta prasyarat maluruh éta Matéri pangajaran. c. Komponén siswa ngawengku kamampuan prasyarat, minat jeung panitén, motivasi, sikep, cara diajar, hubungan sosialisasi jeung batur sakelas, bangbaluh diajar nu disanghareupan, karakteristik jeung kapribadian, kabutuhan kana diajar, idéntitas siswa jeung kulawargana nu raket patalina jeung atikan di sakola. d. Komponén guru ngawengku mata pelajaran nu kacangkem, kaparigelan ngajar, sikep kaguruan, pangalaman ngajar, cara ngajar, cara meunteun, karep pikeun mekarkeun profesina, kaparigelan nyarita, kapribadian, kamampuh jeung kahayang méré apingan ka siswa, hubungan jeung siswa katut babaturan guruna, cara maké raksukan, sarta kaparigelan séjén nu dibutuhkeun. e. Komponén alat jeung sumber diajar ngawengku jenis alat jeung jumlahna, daya guna, hésé henteu ngayakeunana, lengkep henteuna, mangpaatna pikeun siswa jeung guru, cara makéna. Alat jeung sumber diajar téh kaasup alat peraga, buku sumber, laboratorieum, sarta kalengkepan diajar nu lianna. f. Komponén peniléyan ngawengku jenis alat peniléyan nu digunakeun, eusi jeung rumusan pananya, mariksa jeung interpréstasina, sistem peniléyan nu digunakeunana, prak-prakan nganiléy, lajuning laku hasil peniléyan, administrasi peniléyan , tingkat ―kesukaran‖ soal, validitas jeung réliabelitas soal peniléyan, daya pembéda, frékuansi peniléyan jeung perencanaan peniléyan.

4. Kritéria Peniléyan Prosés