Ciri-ciri Carita Pondok Kamekaran Carita Pondok

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 116 10

2. Ciri-ciri Carita Pondok

Unggal carita miboga ciri anu mandiri anu ngabédakeun jeung karya lianna. Carita pondok ngabogaan ciri-cirina nu mandiri. Sumardjo 1980 nyebutkeun yen carita pondok teh wangun fiksina pondok, sifat caritana naratif, lain argumentatif, carita fiksi tapi kudu réalistis mangrupa hiji kajadian. Tarigan 1994:177-178 nyebutkeun sapuluh ciri carita pondok, nyaéta 1 wangun fiksina pondok; 2 sifat caritana naratif; 3 mangrupa karangan fiksi; 4 eusi carita umumna réalistis; 5 mangrupa hiji kajadian; 6 basana singget tapi munel, seukeut, sugestif jeung ngirut; 7 eusina kudu numuwuhkeun efek ka nu maca; 8 caritana ngandung harti interpretasi pangarang kana hiji kajadian; 9 caritana ngalalakonkeun tokoh utama; jeung 10 jumlah kecapna kawatesanan.

3. Kamekaran Carita Pondok

Carita pondok mimiti aya dina pajemuhan sastra Sunda dina majalah Parahiangan, ahir taun 1920-an. Ari kumpulan carita pondok anu munggaran dina basa Sunda nya éta Dog-dog Pangréwong karangan G.S. anu medal taun 1930. Jadi leuwih ti heula genep taun, upama dibandingkeun jeung buku carita pondok munggaran dina sastra Indonésia, Téman Duduk karangan M. Kasim, anu terbit taun 1936. Ceuyahna carita pondok dina sastra Sunda pangpangna sabada merdéka. Sumebarna umumna ngaliwatan majalah-majalah jeung suratkabar Sunda. Nepi ka kiwari henteu robah, umumna carita pondok mah sumebar ngaliwatan majalah jeung suratkabar. Upama aya buku kumpulan carita pondok anu medal, méh saratus persén carita pondokna téh kungsi dimuat dina salasahiji majalah atawa suratkabar. Aya sawatara buku kumpulan carita pondok katut pangarangna atawa nu ngumpulkeunana, nyaéta: 1 Aam Amilia: Panggung Wayang; 2 Abdullah Mustappa: Nu Teu Kungsi Kalisankeun; 3 Ahmad Bakri: Ki Mérébot, Ayatrohaédi: Hujan Munggaran; 4 Caraka sandiasma Wiranta: Néangan; 5 Éddy D. Iskandar: Tali Asih anu Nganteng, Lembur Singkur Panineungan; 6 Godi Suwarna: Murang-maring, Serat Sarwasatwa; 7 I. Asikin: Nu Tepung di Imah Dukun; 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 117 Iskandarwassid: Halimun Peuting; 9 Karna Yudibrata: Kanyaah Kolot; 10 Ki Umbara: Diwadalkeun ka Siluman; 11 Kis WS: Mirah Dalima; 12 Maman MS: Tamba Hanaang; 13 R.A.F. Rahmatullah Ading Affandi: 14 Carita Biasa, Dongéng Énténg ti Pasantrén; 15 Rusman Sutiasumarga: Papacangan; 16 Taufik Faturrohman: Kun Fayakun; 17 Tini Kartini: Nyi Karsih, Paséa, jeung Jurig; 18 Usép Romli HM: Jiad Ajéngan, Ceurik Santri; 19 Yus Rusyana: Di Luhureun Jukut Reumis, Jajatén Ninggang Papastén. Salian ti éta, aya antologi carita pondok, nya éta Kanjut Kundang dihijikeun jeung puisi katut sempalan novel beunang Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Duduh Durahman, Abdullah Mustappa, jeung Karno Kartadibrata, Guriang Tujuh , kumpulan karya parapangarang wanita ―patrem‖, Petingan, beunang Duduh Durahman, Salumar Sastra dihijikeun jeung puisi katut éséy, mangrupa kumpulan pinunjul ―Hadia Sastra LBSS‖.

4. Unsur Intrinsik Carita Pondok