PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
22
2
b.  Prak-prakanana ku Guru
Kumaha  waé  program  nu  geus  dilakukeun  ku  guru,  naha  nyanghareupan bangbaluh  atawa  henteu.  Kumaha  prak-prakan guru  dina  1  Ngondisikeun
kagiatan  diajar  siswa;  2  Nataharkeun  alat  jeung  sumber  diajar;  3 ngamangpaatkeun  alokasi  waktu;  4  Méré  apingan  ka  siswa;  5
Ngalaksanakeun kagiatan ngajar; jeung 6      Ngadumaniskeun hasil diajar nu geus dilakonan tur nangtukeun lajuning lacuna.
c.  Prak-prakan ku Siswa
Ditilik  nepi  ka  mana  siswa  ngalaksanakeun  kagiatan  diajar  luyu  program guru, naha siswa 1 Nyangkem jeung nuturkeun pituduh nu diberé ku guru;
2 enya-enya diajar; 3  ngaréngsékeun pancén luyu jeung alokasi waktu; 4 ngamangpaatkeun sumber diajar; jeung 5 nyangkem tujuan pangajaran.
d.  Motivasi diajar siswa
Hasil  henteuna  prosés  diajar-ngajar  bisa  katémbong  tina  motivasi  siswa nalika  ngalaksanakeun  kagiatan  diajar  saperti  1  Kahayang  jeung  panitén
siswa kana pangajaran; 2 Sumanget siswa; 3 Tanggung jawab siswa; 4 Réaksi nu katémbong di diri siswa sabada dibéré stimulus ku guru; jeung 5
Ngarasa bungah tur sugema migawé pancén.
é.    Aktif henteuna siswa dina kagiatan diajar
Peniléyan  prosés  diajar  ngajar  nyoko  kana  aktif  henteuna  siswa  waktu pangajaran  lumangsung. Aktip henteuna siswa bisa katémbong sababaraha
hal, nyaéta 1 aktif dina migawé pancén; 2 aktif dina ngungkulan masalah; 3  nanya  ka  babaturan;  4  néangan  informasi;  5  ngayakeun  diskusi
kelompok; 6 Meunteun kamampuh dirina sorangan; 7 Ngalatih diri; jeung 8 ngalarapkeun naon-naon nu geus diulikna.
f.    Interaksi guru jeung siswa
Interaksi  guru  jeung  siswa  mangrupa  kagiatan  silih  pangaruhan  saperti  1 tanya jawab antara guru jeung siswa atawa siswa jeung siswa; 2 apingan
guru ka siswa; 3 aya guru jeung siswa nu jadi sumber diajar; 4 guru jadi fasilitator  diajar  siswa;  5  guru  ngungkulan  masalah  siswa;  jeung  6  aya
hasil diajar siswa nu nyugemakeun.
g.   Kamampuh sarta kaparigelan guru waktu ngajar