Kasang Tukang Modul BS H edit irma 03 Mei 2016

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Évaluasi pangajaran téh kaasup salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran. Lima komponén séjénna nyaéta tujuan pangajaran, kurikulum jeung Matéri ajar, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, sarta média jeung sumber diajar. Évaluasi pangajaran mangrupa salasahiji komponén tina trisula atikan, dua komponén trisula atikan séjénna nyaéta ngararancang jeung pelaksanaan atikan. Minangka salasahiji komponén pangajaran, peniléyan pangajaran ditujulkeun pikeun meunteun jeung ngukur tahap kahontalna tujuan pangajaran anu geus ditarékahan ngaliwatan prosés pangajaran. Tina évaluasi atawa peniléyan dipiharep bisa meunang wawaran anu bisa dipercaya ngeunaan hasil pangajaran, utamana mah tahap ngawasa jeung kamampuh pamilon atikan siswa dina widang nu diulikna. Ku jalan museurkeun kana tahap hasil diajar siswa dina wangun peunteun niléy nu dicangking ku pamilon atikan, komponén évaluasi pangajaran bisa méré wawaran ngeunaan segi séjén saperti kasaluyuan tujuan pangajaran, kualitas lumangsungna pangajaran, kasaluyuan Matéri nu diajarkeun, jeung kualitas instrumén nu dipaké pikeun ngayakeun évaluasi pangajaran. Dina peniléyan aya kagiatan meunteun atawa ngajén hiji obyék dumasar kritéria nu geus tangtu. Pikeun nangtukeun niléy atawa harga hiji obyék diperlukeun ayana ukuran atawa kritéria. Peniléyan atikan ngawengku tilu sasaran utama nyaéta program atikan, prosés diajar ngajar, jeung hasil-hasil diajar. Wengkuan évaluasi pangajaran téh nyoko kana téhnik peniléyan, wangun peniléyan, jeung instrumén peniléyan. Évaluasi nu sok disaruakeun jeung peniléyan mindeng dipatalikeun kana istilah pengukuran. Pengukuran téh mangrupa tarékah pikeun ngadadarkeun hiji perkara sacara kuantitatif luyu jeung hakékat katut sipat barang anu diukur, upamana waé, méter keur ngukur panjang. Dadaran kuantitatif kalawan nyata PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 2 dilaksanakeun ku ngukur hasilna nu bisa dipaké Matéri keur peniléyan atawa assesment.

B. Tujuan