Watesan KKM Léngkah-léngkah Nangtukeun KKM

8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 82 Ketuntasan Minimal KKM tiap mata pelajaran minangka dadasar dina meunteun hontalan kompeténsi pamilon atikan. Netepkeun atawa nangtukeun kriteria ketuntasan minimal diajar mangrupa tahapan awal dina ngalaksanakeun peniléyan prosés pangajaran jeung peniléyan hasil diajar. Dumasar kana hasil bimtek KTSP taun 2009, kapanggih réa kénéh masalah nu patali jeung nangtukeun kritéria ketuntasan minimal ku satuan pendidikan, di antarana waé, 1 dina umumna sakola geus nyusun KKM tapi teu neundeun hasil analisis KKM nu geus dilakonan lantaran maranehna can apaleun yén berkas KKM jadi bagian nu bisa dipisahkeun tina dokumén KTSP; 2 réa kénéh guru anu can mikanyaho yén KKM anu disusun geus bener atawa acan sarta sawatara guru tacan nyangkem enya-enya ngeunaan larapna kritéria kompléksitas, daya deudeul, jeung intake pamilon atikan dina nyusun KKM; 3 sawatara guru nangtukeun KKM tanpa prosés analisis. Nangtukeun KKM dumasar kana pangalaman gur ngajar jeung atawa kasaluyuan jeung guru mata pelajaran; jeung 4 calecer panduan nangtukeun KKM kurang operasional jeung can dilengkepan ku conto-conto prosés nangtukeun KKM nepi ka guru anu can milu bimtek teu bisa diajar sorangan ku maké éta calecer.

2. Watesan KKM

Istilah KKM téh mangrupa singgetan tina Kriteria Ketuntasan Minimal. Ari KKM téh kriteria ketuntasan belajar KKB atawa calecer tutasna diajar anu ditangtukeun ku satuan pendidikan SDMI, SMPMTS, atawa SMASMKMAMAK. Pikeun kelompok mata pelajaran salian ti élmu kaweruh jeung téknologi, KKM dina ahir jenjang satuan pendidikan mangrupa niléy peunteun wates ambang kompeténsi. KKM téh kudu ditangtukeun jeung ditetepkeun. Saha anu kudu nangtukeun jeung netepkeun KKM téh? Anu kalibet dina nangtukeun KKM dina awal taun pangajaran téh nyaéta kapala sakola, wakil kapala sakola widang kurikulum, tim pengembang kurikulum TPK sakola, jeung guru atawa MGMP. Tim Pengembang Kurikulum TPK sakolah nyaéta tim nu ditetepkeun ku kapala sakola anu pancénna pikeun ngararancang jeung mekarkeun kurikulum. TPK diwangun ku wakil kapala sakola, guru, tanaga atikan, guru PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 83 BKkonsélor, jeung kapala sakola anu jadi pupuhu ngarangkep anggota. Ari guru nyaéta pangatik profésional anu pancén utamana ngatik siswa dina jalur atikan formal dasar jeung menengah Peraturan Pemerintah Nomor 74 Tahun 2008 tentang Guru, Bab I Ketentuan Umum, Pasal 1. Aya tilu perkara nu kudu dititénan dina nangtukeun KKM, nyaéta: a Intake kamampuh rata-rata siswa; b Kompléksitas idéntifikasi indikator minangka tanda kahontalna kompeténsi dasar; c Kamampuh daya pangdeudeul anu oriéntasina kana sumber diajar.

3. Léngkah-léngkah Nangtukeun KKM

Aya opat léngkah nu kudu dilakonan dina nangtukeun KKM saperti ieu di handap. a. Guru atawa kelompok guru netepkeunn KKM mata pelajaran kalawan tinimbangan tina tilu aspék kritéria, nyaéta kompléksitas, daya deudeul dukung, jeung intake murid atawa pamilon atikan. Ari skémana kawas kieu. b. Hasil netepkeun KKM ku guru atawa kelompok guru mata pelajaran disahkeun ku kapala sakola pikeun dijadikeun patokan guru dina meunteun peniléyan. c. KKM nu geus ditetepkeun téh tuluy disosialisakeun ka pihak-pihak nu boga kapentingan, nyaéta pamilon atikan, kolot barudak, jeung dinas pendidikan. d. KKM dijinekkeun dina LHB Lembaran Hasil Belajar dina waktu hasil peniléyan meunteun dilaporkeun ka kolotna barudakwali barudak. a Karuwedan Kompléksitas Ari tahap karuwedan atawa kompléksitas téh nyaéta banggana jeung ruwedna tiap-tiap KD atawa indikator anu geus dihontal ku siswa. Luhur handapna tahap karuwedan ditangtukeun ku sababaraha faktor. KKM Indokator KKM Mata Pelajaran KKM Kompeténsi Dasar KKM Standar Kompeténsi 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 84 Tahap karuwedan luhur lamun dina ngahontal kompeténsi diperlukeun sawatara pasaratan, di antarana waé: 1 Pangatik guru a. Nyangkem enya-enya kompeténsi nu kudu diajarkeun ka pamilon atikan; b. Rancagé kréatif jeung inovatif kalawan maké métodeu pangajaran nu variatif; c. Ngawasa kaweruh jeung kamampuh saluyu jeung widang nu diajarkeun. 2 Pamilon atikan murid a. Mibanda kamampuh nalar nu luhur b. Parigel atawa mahér dina ngalarapkeun konsép; c. Tenget cermat, rancagé kréatif, jeung inovatif dina ngaréngsékeun pancén; d. Tahap kamampuh nalar jeung tenget nu luhur téh gunana sangkan bisa ngahontal katutasan diajar. 3 Waktu Perlu waktu anu lila pikeun nyangkem éta matéri nepi ka dina prosés pangajaran kudu dibalikan deui. b Daya Deudeul Daya deudeul atawa daya dukung nuduhkeun ayana 1 sasadiaan tanaga, 2 sarana jeung prasarana atikan nu dipikabutuh, 3 waragan operasional atikan, 4 manajemén sakola, jeung 5 panitén nu nyekel kawijakan stakeholders sakola. c Intake Intake mangrupa tahap kamampuh rata-rata pamilon atikan murid. Ieu tahap kamampuh téh didadasaran ku kamampuh nu geus aya samémehna. Wincikanana kieu. 1 Kelas I bisa dumasar kana hasil dina buku rapor di TK. 2 Kelas II, III, IV, V, jeung kelas VI bisa dumasar kana tahap hontalan KKM pamilon atikan dina seméster atawa kelas samémehna minangka kakaitan antara indikator jeung indikator samémehna nu geus dihontal ku pamilon atikan. 3 Kelas VII bisa dumasar kana hasil seléksi panarimaan pamilon atikan anyar atawa Penerimaan Peserta Didik Baru PPBD, Nilai Ujian Nasional NUN, Rapor kelas VI, jeung tés seléksi asup. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 85 4 Kelas VIII dan IX bisa dumasar kana tahap hontalan KKM pamilon atikan dina seméster atawa kelas samémehna minangka kakaitan antara indikator jeung indikator samémehna nu geus dihontal ku pamilon atikan. 5 Kelas X bisa dumasar kana hasil seléksi panarimaan pamilon atikan anyar atawa Penerimaan Peserta Didik Bari PPBD, Nilai Ujian Nasional NUN, Rapor kelas VI, tés seléksi asup, atawa psikotés. 6 Kelas XI dan XII bisa dumasar kana tahap hontalan KKM pamilon atikan dina seméster atawa kelas samémehna minangka kakaitan antara indikator jeung indikator samémehna nu geus dihontal ku pamilon atikan. Dina meunteun atawa nganiléy kritéria ketuntasan minimal KKM ilaharna sok ngagunakeun format anu eusina 1 kompléksitas, 2 daya dukung, jeung 3 intake. Ieu di handap aya conto KKM dina KTSP. Tabel 8. 1 Format Nganiléy KKM Kompeténsi Dasar jeung Indikator Kriteria Katuntasan Minimal Kritéria Nangtukeun Katuntasan Niléy KKM Karuwedan Daya Dukung Intake

4. Nangtukeun KKM dina Kurikulum 2013