PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
dilaksanakeun ku ngukur hasilna nu bisa dipaké Matéri keur peniléyan atawa assesment.
B. Tujuan
Tujuan ieu Kagiatan Diajar téh pikeun mekelan guru dina mekarkeun opat hal, nyaéta: 1. évaluasi pangajaran basa jeung sastra Sunda;
2. maca jeung nulis aksara Sunda; 3. wangun jeung unsur intrinsik carpon; sarta
4. wangun jeung unsur guguritan. Sacara husus unggal guru dipiharep mampuh dina sabelas hal, nyaéta: 1
prinsip peniléyan oténtik; 2 peniléyan prosés dina pangajaran basa Sunda; 3 peniléyan hasil dina pangajaran basa Sunda; 4 prosédur peniléyan dina
pangajaran basa Sunda; 5 nyusun instrumén peniléyan kompeténsi sikep, pangaweruh, kaparigelan; 6 ngolah hasil peniléyan; 7 prakték peniléyan; 8
peniléyan pikeun nangtukeun KKM; 9 maca jeung nulis aksara Sunda; 10 wangun jeung struktur carpon; sarta 11 wangun jeung struktur guguritan.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
3
C. Péta Kompeténsi
Péta Kompetensi Kagiatan Diajar Guru Pembelajaran Basa Sunda Tahap H
D. Ambahan Matéri
Matéri anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Grade H nyoko kana Matéri peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda, aprésiasi carpon, jeung aksara
Sunda. Ari pidanganana diwangun ku 11 Kagiatan Diajar saperti ieu di handap. Kagiatan Diajar I : Medar prinsip-prinsip peniléyan oténtik.
Kagiatan Diajar II : Medar peniléyan prosés dina pangajaran basa sunda. Kagiatan Diajar III : Medar peniléyan hasil dina pangajaran basa sunda.
Kagiatan Diajar IV : Medar prosédur peniléyan dina pangajaran basa sunda. Kagiatan Diajar V : Medar cara nyusun instrumén peniléyan
Kagiatan Diajar VI : Medar cara ngolah hasil peniléyan basa sunda. Kagiatan Diajar VII : Medar prakték peniléyan basa sunda.
Kagiatan Diajar VIII: Medar cara nangtukeun KKM basa sunda. Kagiatan Diajar IX : Medar pangaweruh, maca, jeung nulis aksara sunda.
Kompeténsi Pédagogik
Nyangkem jeung mampuh mekarkeun peniléyan jeung évaluasi prosés jeung hasil diajar
3. Peniléyan Hasil 4. Prosédur Peniléyan
1. Prinsip Peniléyan Oténtik 2. Peniléyan Prosés
9. Aksara Sunda 11. Guguritan
Kompeténsi Profésional
Nyangkem matéri, struktur, jeung pola pikir paélmuan dina pangajaran basa Sunda
10. Carita Pondok 5. Intrumén Peniléyan
6. Ngolah Hasil Peniléyan 7. Prakték Peniléyan
8. KKM
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
4
Kagiatan Diajar X : Medar wangun jeung struktur carita pondok. Kagiatan Diajar XI : Medar wangun jeung struktur guguritan.
É. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar
Aya sawatara hal anu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu narékahan
sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca. Katilu, Sadérék kudu niténan jeung migawé unggal latihan nu dipidangkeun dina unggal ahir pedaran. Titénan
jeung pigawé unggal bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina unggal matéri nu dipidangkeun. Ulah poho pigawé sakur latihan jeung
évaluasi dina unggal bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék kana Matéri ieu Kagiatan Diajar baris diniléy
ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawengku 1 prinsip jeung cara peniléyan, 2 wangun jeung struktur carita pondok, jeung 3 aksara Sunda.
Dina ngulik ieu matéri kagiatan diajar téh, Sadérék kudu maca jeung migawé latihan kalawan ngaruntuy. Ari sababna, matéri dina kagiatan diajar I jadi dasar
pikeun matéri dina kagiatan diajar II, jsté.
Lamun manggihan kasulitan, boh nu patali jeung matéri, boh patali jeung latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kanca mitra séjénna atawa
nanyakeun ka instruktur.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
5
KOMPETENSI
PEDAGOGIK:
PENILEYAN PANGAJARAN
BASA JEUNG SASTRA SUNDA
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
6
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
7
KAGIATAN DIAJAR 1
PRINSIP-PRINSIP PENILÉYAN OTÉNTIK
A. Tujuan