Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 23 ngajar, jrrd. Aya sababaraha indikator dina ngajén kamampuh guru, nyaéta 1 Nyangkem jeung ngawasa Matéri pangajaran nu diajarkeun ka siswa; 2 Parigel komunikasi jeung siswa; 3 Ngawasa kelas hartina bisa ngendalikeun kagiatan kelas; 4 Parigel ngagunakeun rupaning alat jeung sumber diajar; sarta 5 Parigel waktu méré pertanyaan ka siswa.

h. Kualitas hasil diajar nu dicangkem ku siswa

Salah sahiji ngajén hasil henteunna prosés diajar ngajar ditilik tina hasil diajar nu kahontal ku siswa baris katémbong dina aspék 1 robahna paripolah siswa kaweruh, sikep, kaparigelan; 2 Kualitas jeung kuantitas tujuan nu kacangkem ku siswa; 3 Jumlah siswa nu ngahontal tujuan instrukisional; jeung 4 Hasil diajar nu gancang diinget sarta bisa diaplikasikeun minangka dasar dina nataharkeun matéri diajar nu bakal disanghareupan.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator Kahontalna diajar. 2. Baca pedaran Matéri ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran Matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa diskusi jeung kanca mitra séjénna. É. Latihan Kasus Pancén 1. Jéntrékeun naon anu dimaksud peniléyan prosés 2. Tataan naon waé tujuan peniléyan prosés 3. Tétélakeun komponén-komponén peniléyan prosés 4. Sebutkeun kritéria-kritéria peniléyan prosés 5. Jéntrékeun ciri Kagiatan siswa dina prosés pangajaran basa Sunda

F. Tingkesan

Peniléyan prosés mangrupa prosés meunteun nu museurkeun sasaran kana tingkat éféktivitas diajar ngajar dina raraga ngahontal tujuan pangajaran. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 24 2 Peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung meunteun kagiatan guru, kagiatan siswa, pola interaksi antara guru jeung siswa sarta lumangsungna prosés diajar ngajar. Peniléyan prosés dilakukeun waktu prosés pangajaran lumangsung. Peniléyan prosés diajar patali jeung paradigma yén kagiatan diajar museur ka siswa, siswa nu dominan dina kagiatan diajar sacara mandiri sarta guru ngan saukur ngaping. Dina ieu hal guru kudu salawasna ngariksa bangbaluh nu kapanggih ku siswa dina unggal lawungan. Sedengkeun pikeun ngukur hasil diajar diayakeun kagiatan ulangan harian, tengah seméster, jeung ahir seméster. Tujuan peniléyan prosés nyaéta pikeun maluruh kagiatan diajar-ngajar, utamana éfésiénsi, kaéféktifan, sarta produktivitas pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Diménsi peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung komponén prosés pangajaran misalna tujuan pangajaran, métodeu, Matéri pangajaran, kagiatan diajar ngajar sarta peniléyan. Komponén pangajaran minangka diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar. Komponén peniléyan prosés téh ngawengku sababaraha komponén nyaéta tujuan intruksional, Matéri pangajaran, siswa, guru, alat, sumber diajar jeung peniléyan. Kritéria peniléyan prosés ngawengku tujuh aspék nyaéta: 1 Konsisténsi kagiatan diajar ngajar maké kurikulum, 2 prak-prakan ku guru, 3 prak-prakan ku siswa, 4 motivasi diajar siswa, 5 aktip henteuna siswa dina kagiatan diajar, 6 interaksi guru jeung siswa, 7 kamampuh sarta kaparigelan guru waktu ngajar, jeung 8 kualitas hasil diajar nu dicangkem ku siswa.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawas Sadérék kana Matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 25 Tahap nyangkem Matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun Matéri kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres Matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna Matéri nu can dicangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 26 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 27 KAGIATAN DIAJAR 3 PENILÉYAN HASIL DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan