Ngarang Carita Pondok Pedaran Matéri 1. Watesan Carita Pondok

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 122 10

6. Ngarang Carita Pondok

Ari ngarang téh ilaharna nyoko kana istilah nulis karya sastra. Dina dasarna ngarang téh mangrupa kagiatan nepikeun pesen gagasan, pikiran, rasa, jeung kahayang ti nu ngarang ka nu maca ku médium basa. Ngarang mangrupa kagatan rohani jeung kagiatan jasmani. Dina waktu ngarang sastra, daya pikir, rasa, jeung wangwangan babarengan ngahiji jadi nu dirarasakeun tur dirékacipta jadi perkara anyar. Lantaran nyipta perkara anyar, kagiatan ngarang téh mangrupa kagiatan kréatif. Kagiatan kréatif béda jeung kagiatan niru atawa nepikeun deui anu ngahasilkeun tiruan atawa citakan. Kagatan sastra lain kagiatan niru, tapi mangrupa kagiatan nyipta Rusyana, 1982:4. Ngarang carita pondok kagolong kana kagiatan nyipta karya sastra. Aya sawatara léngkah dina ngarang carita pondok Saputra, 2015, nyaéta: 1 Kumpulkeun sababaraha gagasan pikeun sumber carita; 2 Mimitian ku dadasar carita pondok; 3 Téangan inspiriasi ti jalma-jalma nu aya di sabudeureun urang;. 4 Pikawanoh watek tokoh anu rék dicaritakeun; 5 Tangtukeun saha anu bakal cacarita; 6 Ngéntép seureuhkeun pikiran; 7 Mimiti ngarang; 8 Kalimah mimiti nu pikatajieun; 9 Carita sina ngamalir sorangan; 10 Teu weléh nulis; jeung 11 Nyunting karangan. Jaba ti éta, aya nu kudu disingkahan dina ngarang carita pondok. Hal-hal anu kudu disingkahan dina ngarang carita pondok, di antarana waé: 1 aya carita dina jero carita; 2 dadaran carita kaleuleuwihi; 3 teu écés saha nu cacarita; 4 réa teuing tokoh nu diangkat; 5 amanat dina carpon teu katepikeun; 6 réa teuing ngagunakeun gaya basa; 7 karangan acak-acakan. Latihan Pék ayeuna Sadérék ngarang carpon PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 123

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan Diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator hontalan diajar. 2. Baca pedaran Matéri ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran Matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung Tingkesan Matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Naon waé ciri-cirina karya sastra nu disebut carpon téh? 2. Naha carpon téh asli sastra Sunda? Ti mimiti iraha gelarna carpon? 3. Naon waé anu kagolong kana unsur-unsur galur carita? 4. Naon sasaruaan katut bédana antara téma jeung amanat? 5. Kumaha ari basa dina carita pondok?

F. Tingkesan

Carita pondok nyaéta karangan fiksi pondok dina basa lancaran. Naon-naon anu dicaritakeun ku pangarang téh henteu kudu enya-enya kajadian ku dirina. Sanajan mangrupa fiksi, carpon téh kudu nyindekel kana réalitas atawa kanyataan sapopoé. Kumpulan carita pondok Sunda nu judulna Dogdog Pangréwong karya G.S. 1930 kaasup kumpulan carpon nu munggaran di Indonesia, malah genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carpon Teman Duduk karya M. Kasim 1936. Carita pondok mibanda tilu unsur intrinsik, nyaéta 1 téma, 2 fakta carita galur, tokoh, jeung latar, katut 3 sarana sastra puseur sawangan, gaya, jeung judul.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawas Sadérék kana Matéri ajar.