PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
125
KAGIATAN DIAJAR 11 WANGUN JEUNG STRUKTUR GUGURITAN
A. Tujuan
Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar XI, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun 1 wangenan guguritan; 2 pupuh minangka dadasar
nganggit guguritan; 3 wangun guguritan; jeung 4 struktur guguritan.
B. Indikator Kahontalna Kompeténsi
Indikator Kahontalna Kompeténsi Kagiatan Diajar XI, nyaéta bisa ngajéntrékeun 1 wangenan guguritan; 2 pupuh minangka dadasar nganggit
guguritan; 3 conto wangun guguritan; jeung 4 struktur guguritan.
C. Pedaran Matéri
1. Sajarah Guguritan
Kecap ‗gurit‘ asalna tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun
karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua baé nyaéta némbongkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun
karangan wangun dangding. Dina mangsa saméméh perang, siswa di Sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru Normalschool diajarkeun
nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranéhna parigel lain ngan saukur ngahariringkeun saluyu jeung lagu pupuh, tapi bisa nyusun guguritan
ku sorangan deuih. Dina mangsa sabada perang, dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif. Ku kituna, guguritan leungit
popularitasna, iwal di kalangan ahli tembang tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.
Guguritan nyaéta ungkara sastra wangun dangding atawa pupuh anu sok disebut wawacan. Sanajan guguritan biasana dipaké pikeun dangding anu
teu panjang tur biasana ngébréhkeun rasa si pangarang atawa mangrupa naséhat, sedengkeun wawacan mah mangrupa carita, tapi teu saeutik
guguritan nu panjangna leuwih ti wawacan. Upamana, guguritan karya H. Hasan Mustapa 1852-1930 aya nu panjangna nepi ka 500 pada, réréana
11
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
126
panjangna kurang leuwih 200 pada. Sabalikna, réa wawacan anu ngan ukur saratusdua ratus pada. Kitu deui, aya guguritan anu eusina mangrupa
carita, kayaning Kiamat Leutik karya Toebagoes Djajadilaga atawa Nu Alus Tetep Alusna karya A. Kartawinata Rosidi:2011.
Ari H. Muhammad Musa nyieun dangdinganna Wulangkrama, Wulang Guru, jeung Wulang Murid anu eusina naséhat tur panjangna masing-masing ngan
ukur wewelasan jeung lilikuran pada. Jadi, umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti
gumantung kana kahayang nu nganggitna téh. Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok
disebut guguritan sanajan ngalalakon. Sumebarna ngan sacara lisan; pada ngapalkeun atawa disténsil pikeun lingkungan husus.
2. Harti guguritan