Tés Kamampuh Ngaregepkeun Tés Kamampuh Nyarita Tés Kamampuh Maca Tés Kamampuh Nulis

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 31 3 Pananya uraian kudu ngaragum sakumna matéri anu penting tur komprehénsif. 4 Babandingan soal hésé, sedeng, jeung babari kudu saimbang: 3:5:2.Tegesna, hésé = 30, sedeng = 50, jeung babari = 20. Sanggeus soal disusun, guru kudu gancang nyieun konci jawabanana. b Tés Wangun Obyéktif Tés wangun obyéktif ngawengku 1 wangun bener salah true false; 2 wangun ngajodokeun matching; 3 wangun eusian singgetngalengkepan completion; jeung 4 wangun pilihan ganda multiple choice. Kaonjoyan tés obyéktif, nyaéta 1 cocog pikeun ngébréhkeun tataran kaweruh, pamahaman, aplikasi, jeung analisis; 2 ngarojong siswa inget, napsirkeun, jeung nganalisis pamadegan; jeung 3 jawabanana bisa ngagambarkan ranah kognitif. Ari kahéngkéran tés obyéktif, nyaéta a siswa teu diperedih pikeun ngaorganisasikeun jawaban, sabab jawabanana geus disadiakeun; b siswa mungkin baé ngira-ngira jawabanana; c henteu bisa ngagambarkeun prosés mikir jeung nalar; jeung d ngan ngukur ranah kognitif anu handap, teu ngali kamampuh anu leuwih kompléks.

3. Peniléyan Hasil Diajar dina Pangajaran Basa Sunda

Kompeténsi anu dipeunteun dina basa, lain ngukur kamampuh konsép basa jeung sastra, tapi kamampuh kaparigelan maké basa. Aya opat rupa tés kaparigelan basa, nyaéta 1 tés ngaregepkeun, 2 tés nyarita, 3 tés maca, jeung 4 tés nulis.

a. Tés Kamampuh Ngaregepkeun

Tés ngaregepkeun anu mangrupa tés kamampuh pikeun nyangkem basa digunakeun sacara lisan komprehénsif lisan. Tés ngaregepkeun bisa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 32 3 langsung bisa maké média rékaman. Aya opat tingkatan dina peniléyan kamampuh ngaregepkeun, nyaéta 1 ingetan; 2 pamahaman; 3 aplikasi; jeung 4 analisis Nurgiyantoro, 1995:237-242

b. Tés Kamampuh Nyarita

Tés nyarita nyaéta tés pikeun ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa lisan. Aya sawatara pancén kamampuh nyarita, nyaéta 1 nyarita dumasar kana gambar; 2 ngawawancara; 3 ngadongéng; 4 biantara; jeung 5 sawala Nurgiyatoro, 1995. Djiwandono 1996 ngébréhkeun yén wangun tés kamampuh nyarita ngawengku 1 nyarita singget, 2 nyaritakeun deui, jeung 3 nyarita bébas. Tingkatan tés kamampuh nyarita, nyaéta, 1 ingetan; 2 pamahaman; jeung 3 aplikasi Nurgiyantoro:1995.

c. Tés Kamampuh Maca

Tujuan tés kamampuh maca nyaéta pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi bacaan. Wujud tina kamampuh nyangkem eusi bacaan jeung bisa dijadikeun dasar dina nyusun butir tés maca. Soal tés maca bisa mangrupa tés subyéktif atawa tés obyéktif. Tés subyéktif miharep waleran anu panjang lébar, ari tés obyéktif mah jawabanana kauger luyu jeung wangun soalna, jawaban pondok, ngalengkepan, atawa pilihan. Djiwandono 1996 nyontokeun wangun tés obyéktif pikeun ngukur kamampuh maca: 1 ngalengkepan wacana; 2 ngajawab pananya, jeung 3 ngaringkes eusi bacaan.

d. Tés Kamampuh Nulis

Tés kamampuh nulis mangrupa tés kamampuh nepikeun pesan maké tulisan. Wangun tugas kamampuh nulis, nyaéta 1 nyusun alinea; 2 nulis dumasar visual; 3 nulis dumasar sora; 4 nulis dumasar buku; 5 nulis laporan; 6 nulis surat; jeung 7 nulis dumasar kana téma. Djiwandono 1996 nyontokeun tés nulis: 1 nyaritakeun gambar, 2 nulis ringkesan, jeung 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 33 nulis bébas. Tingkat kamampuh nulis ngawengku 1 tingkat ingetan, 2 tingkat pamahaman, 3 tingkat aplikasi, jeung 4 tingkat analisis.

D. Kagiatan Diajar