Tanda Vokalisasi Rarangkén

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 105

d. Tanda Vokalisasi Rarangkén

Lambang pananda vokalisasi aksara Sunda Buhun kabéhna aya 14 siki, anu cara nuliskeunana ditempatkeun di luhureun aksara, di handapeun aksara, atawa sajajar jeung aksara swara atawa aksara ngalagena boh di hareupeunana boh di tukangeunana. 1 Rarangkén ditulis “di luhureun” Aksara Dasar Rarangkén atawa tanda vokalisasi anu ditulis ―di luhureun‖ lambang aksara dasar jumlahna aya 5 siki, nyaéta pamepet, paneuleung, panghulu, panglayar, jeung panyecek. Pamepet gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora e. Paneuleung gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora eu. Panghulu gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora i. Panglayar gunana pikeun nambahan sora r di tungtung engang. Panyecek gunana pikeun nambahan sora ng di tungtung engang. Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan dina tabél ieu di handap. Tabel 9. 1 Tanda Vokalisasi di Luhureun Aksara Dasar PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 106 9 Cara nuliskeun rarangkén di luhureun aksara Sunda bisa bisa diilikan tina gurat beureum ieu di handap. 2 Rarangkén nu ditulis “di handapeun” Aksara Dasar Rarangkén atawa tanda vokalisasi anu ditulis ―handapeun‖ lambang aksara dasar jumlahna aya 5 siki saperti ieu di handap. Tabel 9. 2 Tanda Vokalisasi di handapeun Aksara Dasar Panyuku gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora u. Panyakra gunana pikeun nambahan sora r dina réndonan konsonan. Cara nuliskeun rarangkén panyuku, panyakra, jeung panyiku di handapeun aksara Sunda bisa diilikan tina gurat beureum ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 107 Ukuran wujud tanda rarangkén umumna ditulis 2:2, iwal ti panyecek +ng nyaéta 1:1, panglayar + r nyaéta 2:3, 3 Vokalisasi Ditulis “Sejajar” dengan Aksara Dasar Tanda vokalisasi yang ditulis ―sejajar‖ dengan lambang aksara dasar berjumlah 5 buah sebagai berikut. Tabel 9. 3 Tanda Vokalisasi sajajar jeung Aksara Dasar PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 108 9 Panéléng gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora é. Panolong gunana pikeun ngarobah sora a jadi sora o. Pamaéh gunana pikeun ngaleungitkeun sora a dina aksara ngalagena. Pangwisad gunana pikeun nambahan sora h dina tungtung engang anu muka. Pamingkal gunana pikeun nambahan sora y dina réndonan konsonan. Cara nuliskeun rarangkén dina aksara Sunda bisa bisa diilikan tina gurat beureum dina luhureun angka ieu di handap. Ukuran wujud tanda rarangkén umumna ditulis 2:2, iwal ti panyecek +ng nya éta 1:1, panglayar + r nya éta 2:3, panyakra + ra nya éta 2:4, pamaéh nya éta 4:2, jeung pamingkal + ya nya éta 2;4 handap sarta 3:2 gigireun katuhu. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 109 Pancén Eusian kolom nu dikosongkeun ku aksara Latén jeung aksara Sunda PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 110 9

5. Nulis jeung Maca Aksara Sunda