Wangenan Peniléyan Prosés Tujuan Peniléyan Prosés

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 KAGIATAN DIAJAR 2 PENILÉYAN PROSÉS DINA PANGAJARAN BASA

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 2, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan 1 wangenan peniléyan prosés; 2 tujuan peniléyan prosés; 3 komponén peniléyan prosés; jeung 4 kritéria peniléyan prosés.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar

Indikator kahontalna kompeténsi tina ieu kagiatan diajar, nyaéta bisa ngajéntrékeun 1 wangenan peniléyan prosés; 2 tujuan peniléyan prosés; 3 komponén peniléyan prosés; jeung 4 kritéria peniléyan prosés.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Peniléyan Prosés

Peniléyan nyaéta kagiatan meunteun atawa ngajén hiji obyék dumasar kritéria nu geus tangtu. Pikeun nangtukeun niléy atawa harga hiji obyék diperlukeun ayana ukuran atawa kritéria Sudjana, 2009:3. Dina peniléyan atikan ngawengku tilu sasaran utama nyaéta program pendidikan, prosés diajar ngajar jeung hasil-hasil diajar. Peniléyan prosés mangrupa prosés meunteun nu museurkeun sasaran kana tingkat éféktivitas diajar ngajar dina raraga ngahontal tujuan pangajaran. Peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung meunteun kagiatan guru, kagiatan siswa, pola interaksi antara guru jeung siswa sarta luamangsungna prosés diajar ngajar. Peniléyan prosés diajar patali jeung paradigma yén kagiatan diajar museur ka siswa, siswa nu dominan dina kagiatan diajar sacara mandiri sarta guru ngan saukur ngaping. Dina ieu hal guru kudu salawasna ngariksa bangbaluh nu kapanggih ku siswa dina unggal lawungan. Sedengkeun pikeun ngukur hasil diajar diayakeun kagiatan ulangan harian, tengah seméster, jeung ahir seméster. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 20 2 Lajuning laku tina peniléyan prosés pangajaran upamana meunangkeun hasil nu kurang hadé, mangka kudu diayakeun Penelitian Tindakan Kelas PTK. Hartina guru kudu ngadiagnosa bangbaluh nu disanghareupan ku siswa dina kagiatan diajar, nu antukna bakal manggihan hiji cara pikeun ngungkulan éta masalah. Béda deui jeung kagiatan ujian, lamun guru manggihan siswa nu teu nyumponan kritéria dina KKM Kritéria Ketuntasan Minimal, solusina nyaéta ngayakeun kagiatan rémédial pangajaran.

2. Tujuan Peniléyan Prosés

Dina enas-enasna, tujuan peniléyan prosés nyaéta pikeun maluruh kagiatan diajar-ngajar, utamana éfésiénsi, kaéféktipan, sarta produktivitas pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Diménsi peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung komponén prosés pangajaran misilna tujuan pangajaran, métodeu, Matéri pangajaran, kagiatan diajar ngajar sarta peniléyan. Peniléyan miboga sababaraha fungsi dina prosés pangajaran, nyaéta: a. Minangka alat pikeun maluruh naha siswa geus nyangkem élmu pangaweruh, niléy-niléy, norma-norma sarta kaparigelan nu geus dibikeun ku guru; b. Pikeun maluruh kahéngkéran siswa dina kagaiatan diajar; c. Maluruh tingkat ―ketercapaian‖ siswa dina kagiatan diajar; d. Minangka eunteung pikeun guru, nu sumberna ti siswa; e. Minangka alat pikeun maluruh kamekaran diajar siswa; jeung f. Minangka matéri utama laporan hasil diajar siswa ka kolotna.

3. Komponén Peniléyan Prosés