Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 137 4. Kritéria peniléyan prosés ngawengku tujuh aspék nyaéta: 1 konsisténsi kagiatan diajar ngajar maké kurikulum, 2 prak-prakan ku guru, 3 prak- prakanana ku siswa, 4 motivasi diajar siswa, 5 aktip henteuna siswa dina kagiatan diajar, 6 interaksi guru jeung siswa, 7 kamampuh sarta kaparigelan guru sawaktu ngajar, sarta 8 kualitas hasil diajar nu dicangkem ku siswa. 5. Aktip henteuna siswa bisa katémbong dina sababaraha hal saperti ieu di handap. a. Milu aktip dina ngalaksanakeun pancén diajarna. b. Milu aktip dina ngungkulan masalah. c. Nanya ka babaturan atawa guru nalika manggihan bangbaluh dina pangajaran. d. Néangan informasi pikeun ngungkulan hiji bangbaluh dina diajar. é. Ngalaksanakeun sawala kelompok saluyu jeung pituduh guru. f. Meunteun kamampuh dirina sorangan sarta hasil-hasil nu geus kahontal. g. Ngalatih diri dina ngungkulan soal nu sarupa dina pangajaran. h. Boga kasempetan pikeun ngaplikasikeun hal naon waé nu geus kacangkem pikeun ngungkulan masalah nu disanghareupanana.

C. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 3

1. Peniléyan hakékatna mangrupa alat ukur pikeun mikanyaho kahontal henteuna tujuan-tujuan pangajaran anu geus ditangtukeun ku siswa sanggeus manéhna ngalaksanakeun Kagiatan diajar. Tujuan peniléyan aya opat, nyaéta 1 keeping track, 2 cheching-up, 3 finding out, jeung 4 summing-up; 2. Tés hasil diajar bisa dibagi tilu, nyaéta a tés lisan, b tés tulisan, dan c tés tindakan atawa perbuatan. Ngagunakeun tilu rupa anu kudu diluyukeun jeung kawasan domain tingkah laku siswa anu rék diukur. Misilna, tés tulisan jeung tés lisan bisa digunakeun pikeun ngukur kawasan kognitif, sedengkan kawasan psikomotor bisa diukur ku tés perbuatan, jeung kawasan aféktif biasana diukur ku skala peniléyan anu biasana disebut tés skala sikap. 3. Dina tés tulisan digunakan wangun 1 tés wangun éséy tés subyektif anu ngawengku tés éséy bebas jeung tés éséy kauger, jeung 2 tés wangun objéktif, anu eusina ngawengku butir soal bener-salah, pilihan ganda, eusian singget, jeung ngajodokeun. Soal wangun éséy atawa uraian, sabab téstee dipiharep ngajawab soal éséy uraian ku ngagunakeun basa téstee sorangan. Tés uraian mangrupa salah sahiji jenis tés tulisan anu umumna mangrupa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 138 pertanyaan anu ngandung permasalahan tur merlukan pedaran dina ngajawabna. Ciri tés uraian méré kabébasan ka siswa pikeun nyusun jawaban soal uraian dumasar kana puseur implenganana séwang-séwanan. Tés wangun obyéktif umumna jawabanana geus disadiakeun ku nu nyieun soal. Siswa teu kudu mikir jero tapi ngan milih atawa ngajawab singget jeung ngalengkepan luyu jeung jawaban anu dipiharep tina soal obyéktif anu wangunna rupa-rupa, nyaéta: wangun BS; PG; ngajodokeun; eusian singgetngalengkepan. 4. Peniléyan kompeténsi kamahéran ngagunakeun basa ngawengku tés kamampuh ngaregepkeun, tés kamampuh nyarita, tés kamampuh maca, jeung tés kamampuh nulis. Tés ngaregepkeun mangrupa tés kamampuh pikeun nyangkem basa anu digunakeun sacara lisan komprehénsif lisan. Matéri tés ngaregepkeun kudu ditepikeun sacara lisan pikeu ngukur aspék jeung kaédah ngagunakeun basa. Tés kamampuh maca pikeun ngukur tingkat kamampuh dina nyangkem eusi bacaan. Tés kamampuh nulis dipaké pikeun ngukur kamampuh ngawasa unsur basa jeung luar basa dina karangan.

D. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 4