Wangenan jeung Prinsip Prosédur Peniléyan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 35 KAGIATAN DIAJAR 4 PROSÉDUR PENILÉYAN DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 4, Sadérék dipiharep boga kamampuh ngeunaan 1 wangenan prosédur peniléyan; 2 komponén prosédur peniléyan hasil diajar; jeung 3 wanda peniléyan kamampuh maké basa.

B. Indikator Kahontalna Kagiatan Diajar

Indikator kahontalna kompeténsi tina ieu kagiatan diajar, nyaéta bisa ngajéntrékeun 1 wangenan prosédur peniléyan; 2 komponén prosédur peniléyan hasil diajar; jeung 3 wanda peniléyan kamampuh maké basa.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan jeung Prinsip Prosédur Peniléyan

Istilah ―prosédur‖ téh basa Inggris: procedure ‗léngkah-léngkah‘, nyaéta tahap-tahap kagiatan pikeun ngaréngsékeun hiji Kagiatan; cara nu ngaruntuy saléngkah-saléngkah dina ngungkulan masalah Moeliono Spk., 1988:703. Dina basa Sunda disebutna ―padika‖, nyaéta métodeu atawa cara ngalaksanakeun sarupaning pagawéan sahadé-hadéna LBSS, 2007:323. Ari prosédur peniléyan atawa padika meunteun nyaéta cara atawa léngkah- léngkah dina nganiléy atawa meunteun kamampuh siswa. Prosés peniléyan ngawengku kagiatan ngumpulkeun sajumlah bukti-bukti anu nuduhkeun kahontalna hasil diajar siswa. Ari tujuanana pikeun mikanyaho tingkat hasil diajar atawa tahap instruksional Sagala, 2010:228. Peniléyan dilaksanakeun ku guru pikeun ngukur tahap kahontalna kompeténsi siswa jeung sumber nyusun laporan kamajuan hasil diajar jeung ngoméan prosés pangajaran. Peniléyan kudu dilaksanakeun kalawan ajeg, sistimatis, jeung écés programna boh maké tés boh nontés, bisa dina wangun lisan atawa 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 36 tulisan, niténan kinerja, ngukur sikep, meunteun papancén, proyék atawa produk, portofolio, jeung meunteun diri Mardapi, 2007:8. Dina Palaturan Mendikbud No. 104 Taun 2014 ngeunaan Peniléyan Hasil Diajar ditétélakeun aya salapan prinsip umum peniléyan ku pangatik, nyaéta: a. Sohéh: dumasar kana data anu némbongkeun kamampuh nu diukur. b. Objéktif: dumasar kana prosédur jeung kritéria anu écés, teu subyéktif. c. Adil: henteu nguntungkeun atawa ngarugikeun siswa lantaran ―berkebutuhan khusus‖ sarta béda kasang tukang hirupna. d. Gumulung: mangrupa salasahiji komponén anu teu misah tina kagiatan pangajaran. e. Lagawa Terbuka: prosédur, kritéria, jeung dadasar mutuskeun bisa kanyahoan ku pihak-pihak nu boga kapentingan. f. Holistik jeung sinambung: ngawengku sakumna aspék kompeténsi tur ku maké téhnik peniléyan anu luyu jeung kompeténsi anu kudu kacangking ku siswa. g. Sistematis: dirarancang tur dilaksanakeun bari tukuh kana léngkah baku. h. Akuntabel: bisa dipertanggungjawabkeun, boh tina téhnik, prosédur, boh hasilna. i. Édukatif: dilaksanakeun pikeun kapentingan jeung kamajuan siswa dina diajar.

2. Prosédur Peniléyan a. Komponén Prosédur Peniléyan