Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 5

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 139 komunikasi jembar; ari tés kamampuh nyarita diukur maké tés réspon kauger, tés gumulung, jeung tés wawancara. 4. Peniléyan kamampuh maca jeung kamampuh nulis mibanda sasaruaan, nyaéta pada-pada ngukur kamampuh pamilon atikan tina médium tulis. Ari bédana, tés kamampuh maca ngukur pamahaman kalimah jeung pamahaman wacana ku cara tés pilihan ganda, tés eusian copong, jeung tés pedaran; sedengkeun tés kamampuh nulis diukur maké tés pratulis, tés nulis gumulung, jeung tés nulis bébas. 5. Tés kamampuh nulis bébas ngawengku lima komponén, nyaéta eusi nangtukeun gagasan, organisasi gagasan, tatabasa, kandaga kecap, jeung unsur mékanik éjahan jeung téhnik nulis. Tiap unsur dipeunteun ku jumlah skor anu béda-béda. Skor nangtukeun gagasan jeung organisasi gagasan kagolong luhur, skor tatabasa jeung kandaga kecap kagolong sedeng, ari skor unsur mékanik kagolong handap.

E. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 5

1. Instrumén peniléyan téh bisa dibagi jadi dua rupa, nyaéta instrumén tés jeung instrumén non-tés. Anu kagolong kana kelompok tés nyaéta tés préstasi diajar, tés intelegénsi, tés bakat, jeung tés kamampuh akademik. Ari anu kagolong kana kelompok non-tés nyaéta skala sikep, skala peniléyan, padoman obsérvasi, padoman wawancara, angkét, mariksa dokumén, jsté. Instrumén winangun tés sipatna mangrupa pérformansi maksimum, ari instrumén non-tés sipatna mangrupa pérformansi tipikal. 2. Wangun tés obyéktif nyaéta wangun tés anu jawabanana bisa dipariksa ku saha waé sarta hasilna rélatif akur lantaran ngan boga hiji jawaban anu bener. Wangun tés non-obyéktif nyaéta wangun tés anu cara méré skor kana jawaban amilon atikan dipangaruhan ku subyék pamriksa. Wangun tés perbuatan meredih pamilon atikan milampah Kagiatan nu tangtu sarta meunteunna dilaksanakeun ku cara niténan pérformansi basa jeung sastra pamilon atikan. 3. Tés éséy mibanda kauntungan jeung kahéngkéran. Kauntungan tés éséy bisa ngukur prosés mikir jeung ngalibetkeun Kagiatan kognitif tingkat luhur, ngalatih mikir pamilon atikan, jeung nyusunna gancang. Kahéngéranana PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 140 nyaéta ngan ngawengku Matéri anu saeutik, dina meunteunna subyéktif gumantung ka nu mariksa. 4. Tes pérformansi nyaéta tés perbuatan anu dipaké pikeun ngukur kamampuh pamilon atikan dina ngagunakeun basa dina raraga prosés komunikasi atawa midangkeun Kagiatan maké basa. 5. Hal-hal anu kudu dititénan dina ngayakeun peniléyan protofolio nyaéta a karya nu dikumpulkeun kudu enya-enya karya pamilon atikan, b karya pamilon atikan nu dipaké conto pagawéan nu bakal dipeunteun kudu ngeunteungkeun tur ngawakilan kamekaran kamampuh pamilon atikan, c kritéria nu dipaké pikeun meunteun protofolio kudu ditetepkeun samémehna, d pamilon atikan disina tuluy-tuluyan meunteun portofoliona, jeung é perlu aya lawungan jeung siswa anu dipeunteun.

F. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 6