Cara Méré Skor pikeun Tés Éséy Cara Méré Skor pikeun Tés Obyéktif Cara Méré Skor pikeun Tés Sikep

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 62 Parobahan Kurikulum Basa Sunda ti mimiti tingkatan pendidikan dasar nepi ka pendidikan menengah bakal mibanda harti lamun dibarengan ku parobahan prakték-prakték pangajaran di kelas, anu bakal ngarobah prakték peniléyan pangajaran. Nepi ka kiwari prakték peniléyan di kelas kurang ngagunakan metode jeung alat anu variatif. Ku sabab kitu, guru basa Sunda kudu nyaho jeung ngawasa cara-cara nyusun tés-tés basa pikeun ngukur hasil henteuna pangajaran basa Sunda ogé cara ngolah hasil peniléyanana. Kamampuh cara-cara nyusun tés-tés basa mah geus dipedar dina KD 5, sedengkeun kamampuh ngolah hasil peniléyan mah aya dina KD 6. Ku kituna, satuluyna baris dipedar cara ngolah hasil peniléyan. Sistematika pedaran dina ieu kagiatan diajar ngawengku 1 cara méré skor pikeun tés éséy; 2 cara méré skor pikeun tés obyéktif; 3 cara méré skor pikeun tés sikep; 4 cara méré skor pikeun tés psikomotor; jeung 5 ngolah hasil peniléyan.

1. Cara Méré Skor pikeun Tés Éséy

Skor atah tés éséy ditangtukeun maké sistem bobot. Ari carana aya kieu. a. Nangtukeun bobot ku sistem skor maksimum luyu jeung tingkat kahéséanana. Upamana, pikeun soal anu gampang skor maksimumna 6, pikeun soal anu sedeng skor maksimumna 7; jeung pikeun soal anu hésé, dibéré skor maksimum 10. Ku kituna, siswa moal mungkin meunang skor 10. b. Bobot ditangtukeun dina bilangan-bilangan anu geus ditangtukeun luyu jeung tingkat kesukaran soal. Contona, soal gampang dibéré bobot 3, soal sedang dibéré bobot 4, jeung soal anu hésé dibéré bobot 5. Ku cara ieu mah mungkin siswa bisa meunang skor 10.

2. Cara Méré Skor pikeun Tés Obyéktif

Aya dua cara méré skor kana soal tés wangun obyéktif. a. Tanpa ngagunakeun rumus tebakan Non Guessing Formula Cara ieu digunakeun nalika soal can dipikanyaho tingkat kahadéanana. Carana, itung jumlah jawaban anu benerna wungkul, tiap jawaban bener dibéré skor 1 jeung jawaban salah dibéré skor 0. Jadi, skor = jumlah jawaban nu bener. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 63 b. Ngagunakan Rumus Tebakan Guessing Formula Rumus ieu digunakeun lamun éta soal-soal tés geus pernah diujicobakeun jeung dilaksanakeun. Rumus-rumus tebakanana saperti kieu. 1 Wangun bener-salah true-false Rumus: S = ∑B - ∑S Katerangan: S = skor anu diteangan ∑B = jumlah jawaban anu bener ∑S = jumlah jawaban anu salah 2 Wangun pilihan-ganda multiple choice Rumus: S = ∑B - ∑S n – 1 Keterangan: S = skor anu ditéangan ∑B = jumlah jawaban anu bener ∑S = jumlah jawaban anu salah n = jumlah alternatif jawaban anu geus disadiakeun 1 = bilangan tetep 3 Wangun ngajodohkan matching: S = ∑B Skor nu ditéangan S nyaéta jumlah jawaban nu bener ∑B 4 Wangun jawaban singget short answer jeung ngalengkepan completion: S = ∑B. Skor nu ditéangan S nyaéta jumlah jawaban nu bener ∑B.

3. Cara Méré Skor pikeun Tés Sikep

Dina nganalisis data kualitatif saperti tés sikep, data kuantitatif tina instrumén peniléyan dikonvérsikeun kana data kualitatif skala 5, tuluy didéskripsikeun jeung hasil déskripsina dijadikeun dasar pikeun meunteun kualitas modél évaluasi anu dimekarkeun. Konvérsi data kuantitatif kana data kualitatif skala 5 saperti kieu. 81-100 4,01-5,0 Alus pisan 61- 80 3,01- 4,0 Alus 41 – 60 2,01 – 3,0 Cukup 21 – 40 1,01 – 2,00 Kurang PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 64

4. Cara Méré Skor pikeun Tés Psikomotor