Peniléyan Oténtik jeung Diajar Oténtik

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 1 KD 1

2. Peniléyan Oténtik jeung Tuntutan Kurikulum 2013

Peniléyan oténtik kuat rélévansina jeung pamarekan ilmiah dina pangajaran anu dumasar kana Kurikulum 2013. Asésmen oténtik mampuh méré gambaran ngaronjat henteuna hasil diajar siswa, dina waktu niténan, nanya, mikir, nyoba, jeung nepikeun. Asésmen oténtik tujuanana leuwih museur kana pancén kompléks atawa kontékstual. Tujuanana sangkan siswa bisa némbongkeun kompeténsina kalawan oténtik. Asésmen oténtik sok disebut peniléyan kinerja, portofolio, peniléyan proyék, atawa peniléyan résponsif. Ieu métodeu populér dipaké pikeun nganiléy prosés jeung hasil diajar siswa anu boga ciri-ciri husus, ti mimiti siswa anu boga kakurangan, bakat husus, nepi ka siswa anu jenius. Asésmen oténtik sok dihartikeun peniléyan kamekaran siswa, sabab museur kana kamekaran kamampuh siswa dina diajar saperti sikep, kaparigelan, jeung kaweruhna. Asésmen oténtik bisa dijieun ku guru boh sorangan boh tim, atawa babarengan dijieun ku guru jeung siswa. Dina asésmen oténtik, ilubiungna siswa téh penting. Asumsina, siswa bisa ngalakukeun kagiatan diajar leuwih hadé nalika manéhna nyaho, yén manéhna keur dipeunteun. Siswa dipénta pikeun ngaréfléksikeun jeung ngaévaluasi kinerja manéhna sorangan dina ngaronjatkeun pamahaman jeung kamampuh diajarna anu leuwih jero pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Dina asésmen oténtik guru ngalarapkan kritéria anu raket patalina jeung konstruksi pangaweruh, kajian paélmuan, jeung pangalaman siswa ti luar sakola. Asésmen oténtik nyoba ngagabungkeun kagiatan guru waktu ngajar jeung kagiatan siswa waktu diajar motivasi, kaaktifan, jeung kaparigelan siswa. Ku sabab peniléyan mangrupa bagian tina prosés pangajaran, guru jeung siswa kudu gawé bareng tur silih pikanyaho kana kritéria gawéna séwang-séwangan. Siswa malah kudu ditanya tur kudu paham kana papancénna anu kudu dilaksanakeun ku manéhna.

3. Peniléyan Oténtik jeung Diajar Oténtik

Peniléyan oténtik merlukeun prosés diajar anu oténtik. Diajar oténtik ngagambarkeun pancén jeung cara néangan solusina anu dilakukeun ku siswa, dipatalikeun kana réalitas di luareun sakola. Ieu asésmen museur PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 kana pancén-pancén kompléks atawa kontékstual pikeun siswa, anu némbongkeun kompeténsi atawa kaparigelan nyatana. Asésmen oténtik ngawengku tilu téhnik, nyaéta 1 ngukur langsung kaparigelan siswa; 2 peniléyan kana pancén anu merlukeun karancagéan; jeung 3 analisis prosés pikeun ngahasilkeun réspon siswa kana sikep, kaparigelan, jeung kaweruhna. Asésmen oténtik gedé gunana pikeun guru dina nangtukeun cara anu panghadéna supaya sakabéh siswa bisa ngahontal hasil ahir. Konstruksi sikep, kaparigelan, jeung kaweruh bisa dihontal ku cara siswa bisa ngaréngsékeun pancénna sacara aktif jeung kréatif. Eta kaaktifan siswa bakal mangaruhan pisan dina mekarkeun kapribadian dirina. Dina pangajaran oténtik, siswa dipiharep bisa ngumpulkan informasi ku pamarekan saintifik, paham kana fénoména anu aya hubunganana, sarta matalikeun naon-naon anu geus diulik jeung dunya nyata di luar sakola. Asésmen oténtik ngarojong siswa dina ngonstruksi, ngaorganisasikeun, nganalisis, nyintésis, napsirkan, ngajéntrékeun, jeung ngaévaluasi informasi jadi pangaweruh anyar. Dina pangajaran oténtik, guru kudu jadi ―guru oténtik.‖ Peran guru lain dina prosés ngajar wungkul, tapi dina peniléyan deuih. Pikeun ngalaksanakeun pangajaran oténtik, guru kudu nyumponan sawatara kritéria. a. Paham cara meunteun kahéngkéran jeung kaonjoyan siswa katut desainna. b. Paham cara ngaping siswa pikeun mekarkeun pangaweruhna ku cara ngapersépsi jeung nyadiakeun sumber daya anu nyumponan. c. Ngaping prosés pangajaran, niténan informasi anyar, jeung nyaluyukeun pamahaman siswa. d. Kréatif jeung inovatif enggoning ngajembaran pangaweruh, wawasan, jeung pangalaman siswa tina dunya nyata di luar sakola.

4. Jenis-jenis Peniléyan Oténtik