Wangenan Peniléyan Oténtik Peniléyan Oténtik jeung Tuntutan Kurikulum 2013

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 7 KAGIATAN DIAJAR 1 PRINSIP-PRINSIP PENILÉYAN OTÉNTIK

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar I, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan 1 peniléyan oténtik; 2 wanda peniléyan oténtik; 3 peniléyan kinerja; 4 peniléyan proyék; 5 peniléyan portofolio; jeung 6 peniléyan tinulis.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar

Indikator kahontalna kompeténsi tina ieu kagiatan diajar, nyaéta bisa nerangkeun 1 harti peniléyan oténtik; 2 wanda peniléyan oténtik; 3 peniléyan kinerja; 4 peniléyan proyék; 5 peniléyan potofolio; jeung 6 peniléyan tinulis.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Peniléyan Oténtik

Peniléyan oténtik nyaéta pengukuran anu ngandung harti sacara signifikan kana hasil diajar siswa dina ngukur aspék sikep, kaparigelan, jeung pangaweruh. Istilah asésmen mangrupa sinonim tina peniléyan, pengukuran, pengujian, atawa évaluasi. Istilah oténtik mangrupa sinonim tina asli, nyata, valid, atawa réliabel. Dina kahirupan akademik, frasa asésmen oténtik jeung peniléyan oténtik sok disaruakeun. Asésmen oténtik mangrupa peniléyan kana produk jeung kinerja anu aya hubunganana jeung pangalaman kahirupan nyata siswa. Asésmen oténtik mangrupa upaya méré tugas ka siswa anu némbongkeun prioritas jeung tantangan anu kapanggih dina kagiatan diajar, saperti waktu naliti, nulis, ngarévisi atawa medar artikel, nganalisis jeung ngoméntaran kajadian, atawa kolaborasi dina debat, jsté. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 1 KD 1

2. Peniléyan Oténtik jeung Tuntutan Kurikulum 2013

Peniléyan oténtik kuat rélévansina jeung pamarekan ilmiah dina pangajaran anu dumasar kana Kurikulum 2013. Asésmen oténtik mampuh méré gambaran ngaronjat henteuna hasil diajar siswa, dina waktu niténan, nanya, mikir, nyoba, jeung nepikeun. Asésmen oténtik tujuanana leuwih museur kana pancén kompléks atawa kontékstual. Tujuanana sangkan siswa bisa némbongkeun kompeténsina kalawan oténtik. Asésmen oténtik sok disebut peniléyan kinerja, portofolio, peniléyan proyék, atawa peniléyan résponsif. Ieu métodeu populér dipaké pikeun nganiléy prosés jeung hasil diajar siswa anu boga ciri-ciri husus, ti mimiti siswa anu boga kakurangan, bakat husus, nepi ka siswa anu jenius. Asésmen oténtik sok dihartikeun peniléyan kamekaran siswa, sabab museur kana kamekaran kamampuh siswa dina diajar saperti sikep, kaparigelan, jeung kaweruhna. Asésmen oténtik bisa dijieun ku guru boh sorangan boh tim, atawa babarengan dijieun ku guru jeung siswa. Dina asésmen oténtik, ilubiungna siswa téh penting. Asumsina, siswa bisa ngalakukeun kagiatan diajar leuwih hadé nalika manéhna nyaho, yén manéhna keur dipeunteun. Siswa dipénta pikeun ngaréfléksikeun jeung ngaévaluasi kinerja manéhna sorangan dina ngaronjatkeun pamahaman jeung kamampuh diajarna anu leuwih jero pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Dina asésmen oténtik guru ngalarapkan kritéria anu raket patalina jeung konstruksi pangaweruh, kajian paélmuan, jeung pangalaman siswa ti luar sakola. Asésmen oténtik nyoba ngagabungkeun kagiatan guru waktu ngajar jeung kagiatan siswa waktu diajar motivasi, kaaktifan, jeung kaparigelan siswa. Ku sabab peniléyan mangrupa bagian tina prosés pangajaran, guru jeung siswa kudu gawé bareng tur silih pikanyaho kana kritéria gawéna séwang-séwangan. Siswa malah kudu ditanya tur kudu paham kana papancénna anu kudu dilaksanakeun ku manéhna.

3. Peniléyan Oténtik jeung Diajar Oténtik