PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
113
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung
Tingkesan Matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.
E. Latihan
1 Ti mana sungapanana ari aksara Sunda téh? 2 Dina naon waé aksara Sunda dipakéna?
3 Aksara naon waé nu kungsi tumuwuh jeung dipaké ku masarakat Sunda? 4 Rarangkén pananda vokalisasi naon waé anu cicingna luhureun aksara swara
atawa aksara ngalagena? 5 Salin kana aksara Sunda?
a Barata ngala kalapa ka Majalaya. b Nini Icih indit ti pipir malibir.
c Dudung tuturubun mulung dukuh. d Ema mawa congkrang ti dapur.
e Kota Bandung téh asalna mah tina kota madya. f Dédé téh méré gé hésé kékéd mengkéné cap jahé buntut kasiran.
F. Tingkesan
Aksara mangrupa salah sahiji ciri kamajuan adab sarta alat pikeun ngaronjatkeun kamekaran suku bangsa. Nepi ka kiwari ku urang masih kasaksén di sawatara
masarakat, aya nu masih nganggap yén modél aksara tradisional nu sumebar di kalangan masarakat Sunda sarua wangunna jeung modél aksara nu sumebar di
kalangan masarakat Jawa, nu katelah aksara Cacarakan.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
114
9
Di Tatar Sunda kapanggih aya genep modél aksara nu kungsi digunakeun ku masarakatna, nya éta: aksara Pallawa, Nagari, Jawa Kuno, Sunda Kuno, Arab
Pégon, Cacarakan Jawa-Sunda, jeung Latin.
Ari aksara Sunda nyaéta aksara nu dipaké ku urang Sunda anu dirundaykeun tina aksara Pallawa, nyaéta aksara nu dipake nuliskeun basa India Kidul, anu
béh dituna dirundaykeun tina aksara Brahmi, nyaéta aksara nu dipaké nuliskeun basa India Kuno. Mimitina mah aksara Sunda téh dipaké dina
prasasti, piagam, jeung naskah kuno.
Aksara Sunda kagolong kana aksara silabis lantaran saaksara ngalambangkeun saengang. Béda jeung aksara Latén anu sipatna fonétis
lantaran tiap aksara ngalambangkeun sasora. Aksara Cina nu sipatna logosilabis lantaran tiap aksara ngalambangkeun sakecap. Aksara Sunda aya
opat wangun, nyaéta a aksara swara, b aksara ngalagena, c aksara angka, jeung 4 rarangkén tanda vokalisasi.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku