Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 6

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 140 nyaéta ngan ngawengku Matéri anu saeutik, dina meunteunna subyéktif gumantung ka nu mariksa. 4. Tes pérformansi nyaéta tés perbuatan anu dipaké pikeun ngukur kamampuh pamilon atikan dina ngagunakeun basa dina raraga prosés komunikasi atawa midangkeun Kagiatan maké basa. 5. Hal-hal anu kudu dititénan dina ngayakeun peniléyan protofolio nyaéta a karya nu dikumpulkeun kudu enya-enya karya pamilon atikan, b karya pamilon atikan nu dipaké conto pagawéan nu bakal dipeunteun kudu ngeunteungkeun tur ngawakilan kamekaran kamampuh pamilon atikan, c kritéria nu dipaké pikeun meunteun protofolio kudu ditetepkeun samémehna, d pamilon atikan disina tuluy-tuluyan meunteun portofoliona, jeung é perlu aya lawungan jeung siswa anu dipeunteun.

F. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 6

1. Peniléyan mangrupa kagiatan méré peunteun kana hasil diajar anu sifatna kualitatif, sedengkeun pengukuran mangrupa sistematika dina nangtukeun gedé leutikna hasil atawa karakteristik tingkah laku siswa ku jalan ngagunakeun alat ukur nu tangtu 2. Sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina ngolah hasil peniléyan, nya éta teknik ngolah hasil tés, skor total total score, konvérsi skor, cara méré skor pikeun skala sikap, cara méré skor domain psikomotorik, jeung ngolah data hasil tés, boh ku ngagunakeun peniléyan acuan patokan PAP boh ku acuan norma PAN. 3. Peniléyan Acuan Patokan PAP jeung Peniléyan Acuan Normatif a Peniléyan acuan patokan PAP mangrupa peniléyan anu museur kana kamampuh anu geus kahontal ku siswa sanggeus ngaréngsékeun sabagian atawa sakabéh program. PAP naliti naon waé anu bisa dipigawé ku siswa lain ngabandingkesun hiji siswa jeung siswa séjénna. Kriteriana mangrupa pangalaman diajar nu dipiharep bisa kahontal sanggeus réngsé kagiatan diajar, atawa sajumlah kompeténsi dasar anu geus ditangtukeun saméméhna. b Peniléyan Acuan Norma PAN nyoko kana skor saurang siswa ditéangan ku cara ngabandingkan hasil diajarna jeung hasil diajar siswa séjénna di kelas. Siswa dikelompokkeun dumaasar kana jenjang hasil diajar nepi ka PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 141 kapanggih kalungguhan rélatif saurang siswa lamun dibandingkeun jeung babaturan sakelasna. Tujuan peniléyan acuan norma nyaéta pikeun ngabédakeun siswa tina kelompok tingkat kamampuhna, mimiti ti nu panghéngkérna nepi ka nu pangunggulna. Distribusi tingkat kamampuh dina hiji kelompok ngagambarkeun hiji kurva normal. Soal tés dimekarkeun tina bagian matéri anu dianggap penting. Soal kudu dijieun kalawan merhatikeun tingkat kesukaran anu variatif ti mimiti nu gampang ka nu hésé anu ngamungkinkeun siswa méré jawaban anu variatif deuih. Soal kudu ngamungkinkeun siswa méré jawaban anu variatif, sumebar, jeung bisa ngabandingkeun antarsiswa. 4. Dina ngolah data hasil tés, aya opat léngkah poko anu kudu dilakukeun ku guru, di antarana 1 méré skor, 2 ngarobah skor atah jadi skor standar, 3 ngonvérsikeun skor standar, jeung 4 ngalakukeun analisis soal. 5. Rumusna nyaéta jumlah skor : jumlah siswa = skor rata-rata 866,1 : 14 = 61,2.

G. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 7