Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 1

11 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 132 saéna tuang salira Kersa néang nu prihatin da cacak teu disindangan tangtos nineung langkung nambih Tambih nineung janten lamun lamunan eunteup na ngimpi saéna tuang pangersa léah nyungsi najan demit ngademit dina impian impian nu tanpa tepi

F. Tingkesan

Guguritan nyaéta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nyaéta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita naratip. Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh éta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Guguritan diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta anu aya patalina jeung struktur jero struktur sarta struktur luar unsur ékstrinsik. Struktur dina guguritan di antarana nyaéta: téma, rasa, nada, jeung amanat.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur panyangkem Sadérék kana matéri. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 133 Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa dianggap geus tutas Kagiatan Diajar 11. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar 11, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 134 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 135 KONCI JAWABAN LATIHAN KAGIATAN DIAJAR

A. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 1

1. Harti peniléyan oténtik nyaéta peniléyan paripolah siswa sacara multi- diménsional dina situasi nyata. .Asésmen oténtik ngawengku tilu téhnik peniléyan: 1 ngukur langsung kaparigelan siswa; 2 peniléyan kana papancén anu merlukeun karancagéan sarta kompléks; jeung 3 analisis prosés pikeun ngahasilkeun réspon siswa ngeunaan sikap, kaparigelan, jeung pangaweruhna. 2. Rupa-rupa peniléyan asésmen oténtik, nyaéta: a. Peniléyan kinerja mangrupa hiji téknik peniléyan anu dilakukeun ku cara guru meunteun prosés gawé siswa pikeun ngukur tingkat kahontalna kompeténsi kognitif, aféktif jeung psikomotor anu diulikna dina hiji mata pelajaran. b. Peniléyan proyék mangrupa peniléyan kana tugas anu kudu diréngsékeun ku siswa dina hiji periodeu atawa waktu. Siswa ngaréngsékeun éta tugas ku cara ngalakukeun léngkah-léngkah panalungtikan: ti mimiti nyieun rarancang, ngumpulkeun data, ngelompokkeun, ngolah, nganalisis, jeung nyodorkeun data. c. Peniléyan portofolio mangrupa peniléyan kana kumpulan artéfak anu ngagambarkeun kamajuan hasil gawé nyata siswa. Peniléyan portofolio bisa tina hasil gawé siswa sacara individual atawa diproduksi sacara kelompok. d. Tés tinulis meredih kamampuh ingetan, pamahaman, ngalarapkeun, nganalisis, ngagabungkeun, jeung ngaévaluasi matéri ulikan. Tés tinulis wangun éséy sipatna kompréhéntif, nepi kagambarkeun sikap, kaparigelan, jeung kaweruh siswa. Tés tinulis obyéktif aya dua: wangun milih jeung nyadiakeun jawaban. Milih jawaban upamana pikeun soal PG, BS, ngajodokeun, jeung sabab-akibat. Kagiatan nyadiakeun jawaban pikeun soal ngeusian atawa ngalengkepan, jawaban singget, jeung éséy. 3. Mangpaat peniléyan oténtik nyaéta 1 numuwuhkeun rasa percaya diri siswa; 2 siswa jadi sadar kana kakuatan dan kahéngkéran dirina; 3 ngarojong, ngabiasakeun, jeung ngalatih jujur; jeung 4 numuwuhkeun sumanget pikeun maju. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 136 4. Léngkah-léngkah ngalaksanakeun peniléyan portofolio. a. Guru ngajéntrékeun sacara ringkes esensi peniléyan portofolio. b. Guru bisa babarengan jeung siswa nangtukeun jenis portofolio anu rék dijieun. c. Siswa nyusun portofolio pangajaran. d. Guru nunda, nyatet, jeung meunteun portofolio siswa. e. Guru ngajén portofolio siswa dumasar kana hiji kritéria. f. Guru babarengan jeung siswa medar dokumén portofolio anu geus dihasilkeun. g. Guru méré umpan balik ka siswa kana hasil peniléyan portofolio. 5. Tés tinulis wangun éséy biasana meredih dua jenis pola jawaban, nyaéta jawaban bébas extended-response atawa jawaban kawatesanan restricted- response. Ku cara tés tinulis éséy pola jawaban bebas, siswa dibéré lolongkrang pikeun ngajawab anu sabébas-bébasna; jawaban anu béda jeung babaturanana tapi tetep boga hak pikeun meunang peunteun anu sarua. Tina puseur implengan anu béda, tinangtu bakal ngahasilkeun jawaban anu béda-béda. Tapi tetep unggal jawaban bisa bener, asal analisisna ogé bener. Ieu jawaban téh gumantung kana bobot soal anu dibikeun ku guru. Ku kituna, tés éséy bisa méré lolongkrang ka guru pikeun ngukur hasil diajar siswa kana tingkatan anu leuwih luhur atawa leuwih kompléks.

B. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 2