PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
118
10
a. Téma jeung Amanat Carita
Téma mangrupa ideu tina hiji carita. Nya téma anu ngadadasaran ayana carita sarta jadi pamiangan pangarang dina midangkeun karya rékaan anu diciptana
Aminuddin, 2002:107-108. Téma téh nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang. Pikeun nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita
sagemblengna. Upamana baé téma cinta, kapahlawanan, kulawarga, atikan, lingkungan hirup, jeung sajabana.
Téma raket patalina jeung amanat. Dina manggihan téma, nu maca saenyana bisa manggihan ajén-inajén didaktis nu patali jeung masalah manusa katut
kamanusaan sarta hirup jeung kahirupan. Kapanggihna ajén-inajen téh ilaharna rupa-rupa gumantung kana daya tafsir nu macana Aminuddin, 2002:110.
Amanat nyaéta gagasan anu ngadadasaran karya sastra; pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana. Dina karya sastra modéren, amanat téh
biasana nyamuni, ari dina karya sastra buhun mah umumna amanat téh nembrak Siswanto, 2008:162. Amanat nyarankeun ajaran moral atawa hadé-goréng anu
bisa ditarima umum perkara kalakuan, sikep, kawajiban, ahlak, budi pekerti, jeung susila.
b. Fakta Carita 1 Tokoh Carita
Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina carita. Loba saeutikna palaku dina carita, gumantung kana
kabutuh caritana baé. Umumna palaku dina carita pondok saeutik. Pasipatan hiji jalma raket patalina jeung kaayaan sosialna.
Dumasar kana kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa dibagi jadi tilu rupa, nyaéta:
a Palaku utama protagonist, nyaéta palaku anu nyekel peran ti awal nepi
ka ahir. Tokoh protagonis biasana ngabogaan karakter anu pikaresepeun, pikayungyuneun, atawa bageur.
b Palaku kadua antagonis, nyaéta palaku anu marengan atawa jadi lawan palaku utama. Tokoh antagonis karakterna biasana réhé, pikasebeleun,
anu cindekna mah tokoh anu jahat.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
119
c Palaku tambahan nyaéta palaku anu peranna teu pati penting, biasana dipikabutuh pikeun ngalancarkeun carita, ngahirupkeun suasana,
nonjolkeun karakter palaku utama atawa palaku tambahan, malah bisa jadi ngan ukur ngaliwat wungkul.
Nurgiyantoro 2007:177-194 nyebutan sababaraha rupa tokoh anu aya dina carita saperti ébréh dina tabél ieu di handap.
Tabel 10.1 Wanda Tokoh
Papasingan Wanda Tokoh
Dumasar kana tahapan atawa peran palaku dina mekarkeun galur carita
Tokoh utama jeung tokoh panambah Dumasar kana fungsi tagog tokoh.
Tokoh protagonis jeung tokoh antagonis Dumasar kana cara midangkeun tokoh
katut watekna. Tokoh datar sederhana jeung tokoh ruwed
tur buleud Dumasar kana mekar henteuna watek
tokoh. Tokoh statis jeung tokoh mekar.
Dumasar kana ngeunteungkeun tokoh carita
Tokoh tipikal jeung tokoh nétral Pikeun ngagambarkeun watek tokoh, biasana pangarang ngagunakeun dua
téhnik, nyaéta 1 téhnik pedaran jeung 2 téhnik ragaan Abrams, dina Nurgiyantoro, 2007:194. Dina téhnik pedaran digambarkeun kalawan
langsung tur wincik ngeunaan tokoh carita saperti jatidiri, sipat, watek, paripolah, malah ciri warugana tur dianalisis data-datana ngeunaan hadirna
tokoh. Dina téhnik ragaan digambarkeun watek tokoh ku cara teu langsung saperti ku paguneman tokoh. Éta dua téhnik téh bisa digunakeun babarengan
nepi ka ngalahirkeun téhnik campuran.
2 Galur Plot Carita
Galur mangrupa runtuyan carita anu diwangun tina tahapan kajadian nepi ka ngawujud gunggungan carita nu dimunculkeun ku tokoh carita. Galur
minangka runtuyan kajadian dina karya sastra pikeun ngahontal éfék nu
tangtu Sudjiman, 1992. Éta runtuyan carita téh bisa diwujudkeun ku runtuyan waktu bisa ku runtuyan sabab-akibat. Galur diwangun ku sababaraha unsur,
nyaéta: a Bubuka atawa manggalasastra éksposisi, anu nyaritakeun latar tempat,
waktu, katut palakuna. Minangka ngawanohkeun anu rék ngalalakon katut kasang tukang séjénna anu dianggap perlu.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
120
10
b Muncul masalah konflik, anu nyoko kana masalah bisa timbul antara palaku utama jeung palaku kadua, jeung lingkunganana, atawa anu
timbul ti diri si palaku utamana sorangan. c Masalah muncer klimaks, anu nyoko kana masalah mimiti ngarékahan,
ngalobaan, atawa ngajeroan nepi ka muncerna. d Ngaréngsékeun masalah anti-klimaks, anu nyoko kana masalah nu aya
mimiti diréngsékeun. Carana ogé bisa rupa-rupa, luyu jeung tungtutan carita. Upamana waé ku ngaleungitkeun hal anu jadi masalah téa.
e Pungkasan carita denouement, anu nyoko kana pungkasan carita mangrupa tungtung kajadian carita. Rupaning rusiah geus kabuka, nu hianat geus
katohyan, pacengkadan geus lubar, jeung kapanasaran geus dilakonan.
Henteu salawasna galur carita téh ngaguluyur saperti kitu. Ku kituna, aya rupa-rupa galur carita, di antarana waé:
1 galur marélé, nyaéta galur carita anu ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti
mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan carita. 2 galur bobok tengah nyaéta galur carita anu teu ngagunakeun bubuka,
tara ngawanohkeun heula anu ngalalakon, ujug-ujug dibawa ka tengah- tengah carita. Sakapeung pungkasan caritana ogé tara aya deuih, kudu
dikira-kira ku nu maca.
3 galur mundur flashback nyaéta galur carita anu dimimitian ku bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun
atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun téa.
3 Latar Setting Cerita
Aminuddin 2002:62 nétélakeun yén setting minangka latar kajadian dina karya fiksi boh mangrupa tempat, waktu boh kajadian, sarta mibanda fungsi
fisikal jeung fungsi psikologis. Latar carita bisa tempat umum, waktu kasajarahan, jeung kabiasaan masarakat dina babagian carita.
c. Sarana Sastra Puseur Sawangan